Papua Kulon

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Indonesia.
Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun.
Papua Kulon

Lambang Papua Kulon

Peta lokasi Papua Kulon
Koordinat
Dasar hukum UU RI Tahun 1999 Nomor 45 dan PP Tahun 2007 Nomor 24
Tanggal penting 4 Oktober 1999
Ibu kota Manokwari
Gubernur Drs. Dominggus Mandacan
Lega 99.671,63 km²
Pangeusi 1.368.092 Jiwa (2015)
Kapadetan 11.85 jiwa/km²
Kabupatén 12
Kota 1
Kacamatan 181
Kalurahan/Désa 83
Suku
Ageman
Basa Basa Indonesia, Basa Inggris, jeung basa asli daerah
Zona waktu WIT
Lagu Daérah

Ramatloka resmi: www.papuabaratprov.go.id

(?)

Papua Kulon mangrupa propinsi anyar hasil pamekaran Propinsi Papua. Propinsi Irian Jaya Kulon ngadeg dumasar Undang-Undang No.45/1999. Pamekaran Papua jadi tilu propinsi ieu ogé masih jadi polémik, sabab sabagian warga nolak kénéh. Sanajan kitu, Propinsi Irian Jaya Kulon nu ahirnya hasil diwangun. Ngadegna propinsi ieu teu leupas tina peran pamaréntah boh pusat atawa daérah sarta masarakat daérahna sorangan. Ngaran propinsi ieu ahirna robah jadi Papua Barat (Papua Kulon) dumasar aturan Pamaréntah Nomor 24 Tahun 2007 tanggal 18 April 2007. Sanajan geus jadi propinsi sorangan, Propinsi Irian Jaya Barat ieu tetep meunang perlakuan husus saperti propinsi indukna. Propinsi ieu ogé geus boga KPUD sorangan sarta geus ngayakeun Pemilu saprak tanggal 5 April 2004.

Ibukota propinsi Papua Kulon aya di Manokwari nu mangrupa tempat puseur sajarah di Papua. Wilayah propinsi ieu ngawengku wewengkon hulu manuk pulo Papua katut kapuloan di sabudeureunana.

Di kaler, propinsi ieu tepung wates jeung Samudra Pasifik, di kulon tepung wates jeung propinsiMaluku Utara sarta propinsi Maluku, di wetan tepung jeung Teluk Cenderawasih, kidul tepung jeung Laut Seram sarta tanggara tepung wates jeung propinsi Papua.

Poténsi[édit | édit sumber]

Propinsi ieu gaduh potensi anu kalayan loba, boh dina sektor pertanian, pertambangan, hasil hutan, boh dina pariwisata. Mutiara jeung rumput laut dihasilkeun di Kabupaten Raja Ampat. Aya ogé industri tradisional tenun iket anu disebut kain Timor anu dihasilkeun di Kabupaten Sorong Selatan. Kabupaten Fak-Fak boga inuman khas anu ngarana sirup pala harum. Salian ti eta, wisata alam ogé jadi salah sahiji potensi andelan Irian Jaya Barat, misalna Taman Nasional Teluk Cenderawasih anu lokasina aya di Kabupaten Teluk Wondama. Taman Nasional ieu manjang mulai ti wetan Semenanjung Kwatisore dugi ka kaler Pulau Rumberpon. Panjang garis pantaina nyaéta 500 km, lega wilayah anu di darat nyaéta 68.200 ha, lega laut 1.385.300 ha (80.000 ha kawasan terumbu karang jeung 12.400 ha laut).

Salian ti eta, anyaran ieu, tim ekspedisi spéologi Perancis manggihan guha anu diklaim jadi guha anu paling jero di dunia. Lokasina di kawasan Pagunungan Lina, Kampung Irameba, Distrik Anggi, Kabupaten Manokwari. Guha ieu diperkirakeun jerona dugika 2000 meter.

Gambar:Irjabar.jpg
Peta Irian Jaya Kulon

Pamaréntahan[édit | édit sumber]

Kabupatén jeung Kota[édit | édit sumber]

  1. Kabupatén Fak-fak
  2. Kabupatén Kaimana
  3. Kabupatén Manokwari
  4. Kabupatén Manokwari Kidul
  5. Kabupatén Maybrat
  6. Kabupatén Pagunungan Arfak
  7. Kabupatén Raja Ampat
  8. Kabupatén Sorong
  9. Kabupatén Sorong Selatan
  10. Kabupatén Tambraw
  11. Kabupatén Teluk Bintuni
  12. Kabupatén Teluk Wondama
  13. Kota Sorong