Lompat ke isi

Kultuurstelsel

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Kultuurstelsel.[1] Pikeun nyumponan pangabutuh pasar dunya nu mangrupa kopi, gula, nila, jeung kapas, para patani diaping pikeun melakna.[1] Ngaranna cultuurstelsel, nu mangrupa terusan tina Preangerstelsel.  Caranamah teu béda, nyaéta:

1.      Landrent atawa séwa tanah mangrupa duit atawa hasil tatanén: atawa

2.      Ngagarap 1/5 taneuhna pikeun melak nu dipénta ku pamaréntah, kaasup ogé ngakutanana.

Ceuk Van den Bosch, unggal cacah nu melak kopi  bakal menang duit 7 gulden jeung pamaréntah 5 gulden.[1] Jadi patani téh kacumponan pangabutuh hirupna.[1] Lamun jumlah cacahna 800.000 pamaréntah bakal meunang 800.000 x 5 gulden, jumlahna fl 4.000.000,00.[1] Upama hasilna leuwih para pengawas jeung pembinana bakal meunang duit prémi.

Salian ti Préangerstelsel, daérah séjén di Jawa Barat anu keuna aturan culturstelsel nyaéta Cirebon, Banten, Karawang sarta Ciasem.[1] Wilayah Jawa Barat anu teu ngahasilkeun kopi, nyaéta Jampang, pagunungan di daérah  Sumedang jeung Bandung, dipelakan nila.[1] Dina taun 1834, 1836, 1839, jeung  1845, di Banten timbul pemberontakan lantaran dititah pepelakan nu teu dipikawanoh, nyaéta kopi, nila, entéh jeung bako.[1] Biasana maranéhna melak paré jeung pedes.[1] Pemberontakan nu pangrongkahna nyaéta  nu dipimpin ku Radén Bagus Jayakarta dina taun 1849-1850 M, tapi bisa ditumpes.[1]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j Ruhaliah (2010). Sajarah Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI. p. 116. ISBN 978-602-8460-09-5.