Lompat ke isi

Jampang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Péta Jampang

Jampang atawa Pajampangan nyaéta ngaran nu leuwih lega pikeun nyebutkeun wewengkon kidul Kabupatén Sukabumi ogé sawatara kacamatan di Kabupatén Cianjur lebah kidul. Wewengkon nu dimaksud ti tungtung kulon nu wawatesan jeung Palabuanratu terus mayakpak wawatesan jeung samudra Hindia nepi ka tungtung wétan Cidaun. Kamungkinan wewengkon Jampang Kuna leuwih lega batan wewengkon Jampang kiwari, sarta ieu wewengkon Jampang téh mangrupa tilas kakawasaan Karajaan Jampang Manggung jeung Karajaan Agrabintapura. Sok sanajan kitu, dina pamakéan ngaran wewengkon sacara administratif pamaréntahan kiwari mah istilah Jampang téh ngan dipaké ku dua kacamatan di Kabupatén Sukabumi, nyaéta Kacamatan Jampang Kulon jeung Jampang Tengah. Pajampangan kawilang carang pangeusina sarta waragadna masih euyeub ku leuweung-leuweung geledegan. Masarakat nu dumuk di wewengkon Pajampangan ilahar disebut Urang Jampang.

Étimologi

[édit | édit sumber]

Kecap jampang leuwih dipikawanoh mimitina pikeun nyebutkeun ngaran jukut anu sok disebut ogé jukut jampang, cenah jukut jampang mah tara paéh sanajan dina usum katiga banget ogé.[1] Da aya ku enya, di wewengkon jampang mah loba pisan jukut-jukut nu tahan na mangsa usum katiga téh utamana mah jukut jampang atawa axonopus compressus téa nu bisa tahan dina hawa panas wewengkon Jampang nu kawilang arang hujan teu kawas di wewengkon kalér. Aya deui nu diémbarkeunna ngeunaan paré jampang nu mana bisa tahan tina panggangu hama.[1] Émang nika kiwari masarakat jampang kawilang tara nyawah nu ngandelkeun irigasi kawas di wewengkon tatar Sunda séjénna nu ngandelkeun cai dina kagiatan nyawah. Masarakat Jampang mah leuwih ngandelkeun kagiatan ngahuma, nu mana paré nu dipelakna lain paré nu sarua siga kagiatan nyawah di sawah irigasi. Ngahuma mah biasana nu dipelakna paré béas beureum, kamungkinan nu dimaksud paré jampang téh nyaéta ieu paré béas beureum nu dipelak di huma téa.

Lian ti kitu, pamakéan kecap jampang dipaké ogé pikeun nyebutkeun istilah dina pakapalan. Nyaéta istilah tali panyangcang parahu, di daérah Basisir Panarukan nyebut ieu istilah ku sebutan talékoran, di daérah Basisir Muncar nyebut ieu istilah ku sebutan talékor, sedengkeun daérah Basisir Puger nyebut ieu istilah ku sebutan jampang.[2] Dina pamakéan istilah jampang pikeun nyebutkeun babagéan kapal mah kawilang teu pati rélevan jeung wewengkon Jampang kiwari nu lega, lantaran ieu istilah lain bijil ti basa Sundana sorangan, malah mah bisa jadi bijil tina basa Jawa. Jeung deuih masarakat Jampang sagemblengna henteu adek ka basisir laut, ngan babaraha kacamatan hungkul nu pakasaban masarakatna minangka pamayang, da lolobana mah kana tani jeung ngahuma. Sahingga pamakéan istilah Jampang pikeun ngaran séjén nyebutkeun tuwuhan jukut jampang atawa axonopus compressus dianggap leuwih rélevan, sabab katara dominanna ieu jukut saupama di wewengkon Pajampangan keur usum katiga téh.

Wengkuan

[édit | édit sumber]

Dina mangsa modérn ayeuna wewengkon Jampang geus kawates ku wates administratif séwang-séwangan. Di antara kacamatan anu kaasup kana kategori wewengkon Jampang nyaéta:

Kabupatén Sukabumi

[édit | édit sumber]

Kabupatén Cianjur

[édit | édit sumber]

Sanajan istilah Jampang nu sacara lega nyebutkeun kacamatan-kacamatan di luhur, ngan pamakéan istilah Jampang sacara administratif dina lingkup pamaréntahan mah kur dua kacamatan di Kabupatén Sukabumi, nyaéta kacamatan Jampang Kulon jeung Jampang Tengah.

Karajaan Jampang Manggung

[édit | édit sumber]

Lentong jeung Basa

[édit | édit sumber]

Ciri Mandiri

[édit | édit sumber]

Opak Jampang

[édit | édit sumber]

Opak jampang mangrupa kadaharan has ti wewengkon Jampang. Ieu opak jampang nu ngabédakeun jeung opak lianna nyaéta ieu opak Jampang dijieun tina bahan utama tipung ketan, nu mantak sok disebut ogé opak ketan.[3] Teu kawas opak basajan nu djieun tina bahan aci sampeu. Lian ti kitu, cara ngasakanana nu béda teu cara opak basajan nu digoréng atawa digarang na katél, ieu opak Jampang ngasakanana ku cara digarang di luhureun ruhak hawu atawa di sangray maké keusik dina katél.[3]

Saenya ieu kadaharan opak jampang téh dipikawanoh di sakuliah wewengkon Jampang, ngan kiwari mah teu sakabéh wewengkon masih ngamumulé ieu kadaharan has opat téh, ngan di sawatara wewengkon hungkul. Diantara wewengkon nu masih ngamumulé opak jampang téh nyaéta di wewengkon Suradé, Jampang Kulon jeung sabudeureunana.[4]

Teluh Jampang

[édit | édit sumber]

Jawara Jampang

[édit | édit sumber]

Taratas Kabupatén Jampang

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b Danadibrata, R.A. (1 Desember 2009). Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata. Bandung: Kiblat Buku Utama. p. 281. ISBN 9793631937. 
  2. jurnal.unej.ac.id (PDF) https://jurnal.unej.ac.id/index.php/PB/article/download/8715/5920/8715-181-18643-1-10-20181012.pdf. Diakses tanggal 2019-06-15. 
  3. a b Sukabumi, Ini. "Opak, Cemilan Khas Sunda, Asli Jampang Kulon". Inisukabumi.com. Diakses tanggal 2019-06-20.  Archived 2019-06-20 di Wayback Machine
  4. "Gengs, ini 5 fakta Opak Ketan Jampang Kulon Sukabumi go national". sukabumiXYZ.com (dalam id-ID). Diakses tanggal 2019-06-20.