Mahar

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Cincin bisa dijadikeun mahar.

Mahar atawa mas kawin nyaéta salasahiji syarat sah dina jatukrami.[1] Sacara umum kecap séjén anu digunakeun pikeun mahar dina Al-Qur’an nyaéta Ajr, Shiddiq, Shaduqah, anu hartina pangajén sarta hadiah keur pangantén awéwé.[2] Sedeng numutkeun Hamka, kecap shidaq, shaduqat, asal tina rumpun kecap shidiq, shadaq, ogé shadaqah.[rujukan?] Dina ma’nana ngandung rasa anu jujur jeung wening.[rujukan?] Jadi hartina harta anu dibikeun kalayan haté nu beresih wening keur pangantén awéwé nalika akad.[3]

Wangenan mahar numutkeun Ulama’fiqih mazhab, di antarana :

  • Mazhab Hanafi nyebutkeun yén mahar nyaéta harta anu diwajibkeun pikeun lalaki nalika akad.[4]
  • Mazhab Maliki nyebutkeun yén mahar nyaéta hal anu ngajakeun awéw wjeung lal é halal disapatonli.[4]
  • Mazhab Hambali nyebutkeun yén mahar nyaéta hadiah tina jatukrami, anu disebutkeun kalayan jéntré dina akad.[4]
  • Mazhab Syafi’I nyebutkeun yén mahar nyaéta hal anu diwajibkeun ku lantaran ayana akad.[4]

Jenis[édit | édit sumber]

Jenis–jenis mahar aya dua nyaéta :

  • Mahar Musamma, nyaéta mahar anu disebutkeun jenis jeung jumlahna nalika akad.[5]
  • Mahar Mitsli nyaéta mahar anu dibikeun saumpama pangantén lalaki teu nyebutkeun jenis jeung jumlah mahar musamma nalika akad.[6] Jenis atawa kadarna diukur saluyu jeung mahar anu kungsi ditarima ku kulawarga deukeutna.[6] Mahar Mitsli disebutkeun dumasar tilu kamunginan nyaéta kahiji dina kaayaan lalaki teu nyebutkeun mahar atawa jumlahna, kadua dina kaayaan lalaki nyebutkeun mahar musamma tapi maharna teu nyumponan syarat, jeung katilu lalaki nyebutkeun mahar musamma, tapi sabada éta malah aya pacogrégan lantaran jumlahna atawa sipatna.[6]

Watek[édit | édit sumber]

Mahar bisa mangrupa duit, perhiasan, parabot rumah tangga, sasatoan, jasa, harta dagang, atawa banda-banda séjénna anu aya hargana.[7] Syarat-syaratna nyaéta :

  • Puguh bentuk jeung sipatna.[7]
  • Barangna kudu milikna sorangan.[7]
  • Barangna bisa nyumponan syarat pikeun didagangkeun, dina harti barang anu teu bisa didagangkeun teu bisa jadi mahar.[7] Kayaning daging babi, minuman keras, jeung bangké.[7]
  • Bisa dibikeun nalika akad atawa dina waktu anu geus ditangtukeun.[7] Dina harti éta barang aya dina waktu anu diperlukeun.[7] Barang anu teu bisa dibikeun dina waktu anu ditangtukeun teu bisa dijadikeun mahar, saperti manuk anu hiber.[7]

Cara mayar[édit | édit sumber]

Cara mayar mahar bisa dua cara, kontan jeung hutang.[rujukan?] Upama kontak dibikeun langsung nalika akad, sedeng upama hutang nyaéta :

  • Wajib dibayar sakabéhna, upama geus sapatemon, atawa salasahijina aya nu tilar dunya.[5]
  • Wajib dibayar satengahna, upama mahar disebutkeun nalika akad tapi can sapatemon.[rujukan?] Salakina ngan wajib mayar mut'ah.[rujukan?] Luyu jeung firman Allah SWT dina Q.S Al-Baqarah : 237 [5] "Jeung upama maranéh nalak pamajikan saméméh sapatemon, sarta geus nangtukeun méré mas kawin, diwajibkeun mayar satengahna tina anu geus ditangtukeun téa, kajaba upama pihak awéwéna suka ngudar éta mas kawin atawa pihak anu akad nikahna (pihak salaki) suka mikeun mas kawin sacumponna, tapi upama ku maranéh dicumponan mah éta téh leuwih deukeut kana takwa, sarta maranéh ulah mopohokeun kahadéan (campur gaul) anatara maranéh. Saenyana Allah téh Maha Uninga kana saniskara anu dipigawé ku maranéh." [8]
  • Teu wajib dibayar, upama istrina dipirak saméméh sapatemon tur mahar teu disebutkeun dina akad.[rujukan?] Tapi tetep mayar mut'ah.[rujukan?] Luyu jeung firman Allah SWT dina Q.S Al-Baqarah : 236 [5] "Henteu jadi dosa pikeun maranéh lamun maranéh nalak pamajikan anu tacan dicampuran ku maranéh jeung anu can ditangtukeun mas kawinna, tapi hadéna mah dibéré panglipur (panyecep), pikeun nu cukup nurutkeun kaheureutanana. Mut'ah (panglipur) anu hadé téh saéstuna perkara anu pantes pikeun jalma-jalma anu ngalampahkeun kahadéan." [8]

Hikmah[édit | édit sumber]

Aya sababaraha hikmah tina mahar, nyaéta :

  • nunjukkeun kamuliaan awéwé, yén awéwé nu ditéang lalaki.[rujukan?] Lain lalaki nu ditéang awéwé.[rujukan?] Lalaki anu usaha najan kudu ngorbankeun harta bandana.[9]
  • Ngangkat darajat awéwé tur mere hak milikna.[rujukan?] Ku kituna dibéré hak pikeun mibanda mahar nalika jatukrami, tur ngajadikeun mahar salaku kawajiban pikeun lalaki ngahormat awéwé anu dipilihna.[9]
  • Némbongkeun hiji kaasih anu beresih wening.[9]
  • Némbongkeun tékad anu saenyana yén lain heuheureuyan atawa kalangenan.[9]
  • Némbongkeun tanggung jawab lalaki dina ngawanngun rumah tangga tur bakal satuluyna méré nafkah.[9]

Hukum[édit | édit sumber]

Mahar minangka kawajiban sakumaha hukum Islam, hukum anu kuat baris jadi dadasar pikeun lalaki anu boga kawajiban ngaluarkeunana. [10] Di antarana :

" Jeung pasrahkeun ku maranéh mas kawinna ka éta awéwé, éta téh hiji kawajiban. Tuluy upama maranéhna masrahkeun sabagéan mas kawinna ka maranéh kalawan rido'eun, éta mah beunang didahar ku maranéh kalawan suka bungah."[8]

  • Q. S An-Nisa : 20 [10]

" Jeung upama maranéh rék ngaganti pamajikan ku awéwé nu lian, sedengkeun maranéh geus méré ka salahsaurang éta awéwé harta anu loba, ku maranéh ulah dicokot deui najan saeutik ogé. Naha pantes maranéh nyokot deui barang anu geus dibikeun kalawan cara anu matak kagét jeung dosa anu kasampak?" [8]

  • Sabda Rasululah SAW [10]

Qutaibah bin Sa’id ats-Tsaqafi nyarita ka kami Ya’qub (nyaéta Ibnu AAbdirrahman Al-Qaari), ti Abu Hazim, ti Sahal bin Sa’ad, cenah : Aya awéwé datang ka Rasulullah SAW, tuluy nyarita : “Ya Rasulullah! Kuring datang ka anjeun masrahkeun diri (pikeun dijadikeun istri).” Rasul neuteup éta awéwé ti luhur nepi ka handap tuluy unggeuk.[rujukan?] Nalika éta awéwé sadar yén Rasul teu méré putusan nanaon, tuluy wé manehna diuk.[rujukan?] Tuluy sahabat Rasul nyarita, “Ya Rasulullah! Saupama Rasul teu kersa, tikahkeun sim kuring ka anjeunna,” Rasul nalék : “Anjeun boga banda keur dijadikeun mahar?” tembalna “Demi Allah, taya pisan nanaon Ya Rasulullah.!”  Sabda Rasul “Geura indit ka kulawarga anjeun, tuluy téang naha aya nu bisa dijadikeun mahar?” Tuluy éta sahabat indit. Datang deui : “Demi Allah, taya nanaon Ya Rasulullah!” Sabda Rasul : “Téang, sanajan ngan cincin beusi!” Indt tuluy datang deui, : “Demi Allah, cincin beusi ogé taya Ya Rasulullah! Tapi sim kuring gaduh sarung anu dianggo ieu.” Anjeunna tiasa nyandak satengahna Ya Rasul.” Rasul nalék “Naon anu bisa dilakukeun tina éta sarung? Upama anjeun nu maké,  éta awéwé moal maké raksukan, jeung upama éta awéwé nu maké, anjeun nu teu maké raksukan.” Sahabat ngahuleng, tuluy indit. Digeroan deui ku Rasulullah. “Anjeun apal Al-Qur’an?” tembalna “Sim kuring apal surat ieu jeung surat itu.” Bari nyebutkeun sababaraha surat dina Al-Qur’an. Tuluy Rasululah nitah sangkan éta sahabat nalar éta surat. “Kiwari éta awéwé geus jadi milik anjeun, ku lanataran mahar sababaraha surat Al-Qur’an anu ku anjeun apal.” (H.R Muslim).[10]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. "PENJELASAN MAHAR PERNIKAHAN DALAM ISLAM - Tips Pernikahan dan Rumah Tangga". www.fanind.com (dalam en-US). Diakses tanggal 2018-02-12. 
  2. "Pengertian Mahar". SUDUT HUKUM™. https://www.suduthukum.com/2014/07/pengertian-mahar.html. Diakses pada 2018-02-12 
  3. Hamka (1999). Tafsir al-azhar. Jakarta: PT Pustaka Panji Mas. 
  4. a b c d Hasbi Ash Shiddieqy, Teungku Muhammad (2001). Hukum-hukum Fiqih Islam (Tinjauan Antar Mazhab). Semarang: PT. Pustaka Rizki Putra. 
  5. a b c d "Pengertian Mahar/Maskawin, Hukum, Besaran Mahar, Macam-macam Mahar dan Cara Pembayaran Mahar". Bacaan Madani | Bacaan Islami. http://www.bacaanmadani.com/2017/11/pengertian-maharmaskawin-hukum-besaran.html. Diakses pada 2018-02-12 
  6. a b c http://digilib.uinsby.ac.id/11286/9/bab2.pdf
  7. a b c d e f g h Mughniyah, Muhamad Jawad (2015). Fiqh Lima Mazhab. Bekasi: Shaf. 
  8. a b c d Al-Qur'an Tarjamah Sunda.
  9. a b c d e https://media.neliti.com/media/publications/56674-ID-kedudukan-dan-hikmah-mahar-dalam-perkawi.pdf
  10. a b c d e http://eprints.walisongo.ac.id/3744/3/092111069_Bab2.pdf