Mahkamah konstitusi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Gedong Mahkamah Konstitusi Républik Indonésia di Jakarta

Mahkamah Konstitusi Républik Indonésia nyaéta lembaga nagara anyar dina sistim katatanagaraan Indonésia hasil parobahan Undang-undang Dasar Nagara Républik Indonésia taun 1945.[1] Salaku organ konstitusi, ieu lembaga dirarancang pikeun jadi pangawal jeung sakaligus napsirkeun Undang-undang Dasar ngaliwatan putusan-putusanana.[1]

Dina ngalaksanakeun tugas konstitusionalna, Mahkamah Konstitusi ngupayakeun ngawujudna visi kalembagaan, nyaéta ajegna konstitusi dina raraga ngawujudkeun cita nagara hukum jeung démokrasi demi kahirupan kabangsaan jeung kanagaraan anu mibanda martabat.[1] Visi éta téh jadi padoman pikeun Mahkamah Konstitusi dina nagjalankeun kakawasaan kahakiman anu diemban sacara merdika tur tanggungjawab saluyu jeung amanat Undang-undang Dasar.[1]

Sajarah Diwangunna Mahkamah Konstitusi[édit | édit sumber]

Lambaran munggaran sajarah Mahkamah Konstitusi (MK) nyaéta diadopsina ide mahkamah konstitusi (constitutional court) dina amandemén konstitusi ku Majelis Permusyawaratan Rakyat (MPR) taun 2001 sakumaha dirumuskeun dina katangtuan Pasal 24 ayat (2) jeung Pasal 24C Undang-undang Dasar 1945 hasil parobahan katilu anu disahkeun tanggal 9 Nopémber 2001.[1] Idé diadegkeunana mahkamah konstitusi mangrupa salah sahiji kamekaran pamikiran hukum jeung kanagaraan modéren anu muncul dina abad ka-20.[1] Ditilik tina jihat waktu, nagara Républik Indonésia téh nagara anu ka-78 anu ngadegkeun MK sakaligus nagara munggaran di dunya dina abad ka-21 anu ngadegkeun ieu lembaga.[1] Sabari nungguan diadegkeunana MK , MPR netepkeun Mahkamah Agung (MA) sangkan ngajalankeun fungsi MK pikeun sawatara waktu, nyaéta ti mimiti disahkeunana Pasal III Aturan Peralihan Undang-undang Dasar 1945 hasil parobahan kaopat tanggal 10 Agustus 2002.[1] Pikeun nyiapkeun aturan sacara gemet ngeunaan MK, Dewan Perwakilan Rakyat (DPR) jeung Pamaréntah ngabahas Rancangan Undang-undang Dasar (RUU) ngeunaan MK. Sanggeus dipadungdengkeun kalawan daria, DPR jeung Pamaréntah babarengan nyatujuan disusunna Undang-undang Nomer 24 taun 2003 ngeunaan Mahkamah Konstitusi tanggal 13 Agustus 2003, tur disahkeun ku Présidén poé éta kénéh (Lambaran Nagara Taun 2003 Nomer 98, tambahan Lambaran Nagara nomer 4316).[1] Dua poé sanggeusna , dina tanggan 15 Agustus 2003, Présidén ngaliwatan Kepres nomer 147/M taun 2003 ngangkat salapan (9) hakim konstitusi anu munggaran, dituluykeun ku sumpah jabatan para hakim konstitusi di Istana Nagara tanggal 16 Agustus2003.[1] Lambaran lalampahan MK satuluyna nyaéta dilimpahkeunana perkara ti MA ka MK dina tanggal 15 Oktober 2003 anu ditanggaraan ku dimimitianana kagiatan MK salaku salah sahiji canggah kakawasaan kahakiman nurutkeun katangtuan Undang-undang Dasar 1945.[1] MK mimiti ngalaksanakeun kawenangan, hartina kawenangan MA dina ngalaksanakeun kawenangan MK dieureunan sakumaha diamanatkeun ku Pasal III Aturan Peralihan Undang-undang Dasar 1945.[1]

Kalungguhan, Kawenangan, jeung Kawajiban MK[édit | édit sumber]

Kalungguhan Mahkamah Konstitusi téh salah sahiji lembaga nagara anu ngalaksanakeun kakawasaan kahakiman anu merdika pikeun dicalagarakeunana peradilan guna ajegna nagara hukum jeung kaadilan.[1]

Kawenangan Mahkamah Républik Indonésia mibanda opat (4) kawenangan jeung hiji (1) kawajiban sakumaha diatur dina Undang-undang Dasar 1945.[1] Mahkamah Konstitusi miboga kawenangan ngayakeun pangadilan dina tingkat munggaran jeung pungkasan anu sipat putusanana final pikeun:

  1. Nguji Undang-undang kana Undang-undang Dasar Nagara Républik Indonésia Taun 1945;
  2. Mutus perkara sengkéta anu jadi kawenangan lembaga nagara anu kawenanganana téh ditangtukeun ku Undang-undang Dasar ;
  3. Mutus ngeunaan dibubarkeunana partéy pulitik, jeung
  4. Mutus pasalingsingan ngeunaan hasil pamilihan umum.[1]

Kawajiban Mahkamah Konstitusi wajib méré putusan kana pamadega DPR yén Présiden jeung/ atawa Wakil Présiden disangka:

  1. Geus ngalagar hukum mangrupa: a. Hianat ka nagara b. Korupsi c. Nyogok d. tindak pidana nu beurat séjénna;
  2. Milampah codéka; jeung/ atawa
  3. Geus henteu nyumponan sarat salaku Présidén jeung/ atawa wakil présidén sakumaha anu dimaksudkeun ku Undang-undang Dasar Nagara Républik Indonésia 1945.[1]

Visi jeung Misi MK[édit | édit sumber]

Visi Mahkamah Konstitusi

Ajegna konstitusi dina raraga ngawujudkeun cita nagara hukum jeung démokrasi demi kahirupan kabangsaan jeung kanagaraan anu mibanda martabat.[1]

Misi Mahkamah Konstitusi

  1. Ngawujudkeun Mahkamah Konstitusi salaku salah sahiji palaku kakawasaan kahakiman anu modéren jeung bisa dipercaya;
  2. Ngawangun konstituasionalitas Indonésia jeung budaya sadar konstitusi.[1]

Susunan Organisasi jeung Susunan Mahkamah Konstitusi Républik Indonésia[édit | édit sumber]

Susunan Organisasi Mahkamah konstitusi diwangun ku salapan (9) urang hakim konstitusi anu diajukeun masing-masing tilu (3) urang ku DPR, Présidén, jeung Mahkamah Agung anu ditetepkeun ku putusan Présidén.[1] Susunan organisasina diwangun ku saurang pupuhu ngarangkep anggota, saurang wakil pupuhu ngarangkep anggota, jeung tujuh anggota hakim konstitusi.[1]

Pikeun kalancaran tugas jeung wewenang, MK dibantuan ku hiji Sekretariat Jénderal jeung Kapaniteraan, anu susunan organisasi, fungsi, tugas, jeung wewenangna diatur ku kaputusan Présidén kalawan usul MK.[1]

Mangsa jabatan hakim Konstitusi nyaéta lima (5) taun tur bisa dipilih deui pikeun sakali mangsa jabatan.[1] Sedengkeun pupuhu jeung wakil pupuhu dipilih ti jeung ku hakim konstitusi pikeun mangsa jabatan tilu (3) taun.[1]

Hakim Konstitusi téh kaasup pajabat nagara.[1]

Susunan Mahkamah Konstitusi Républik Indonésia Mangsa Jabatan 2003-2008[édit | édit sumber]

Profil Ahmad Fadlil Sumadi, salah saurang Hakim Konstitusi

Tempat / Tanggal Lahir: Kendal / 22-08-1952[2] Agama: Islam[2] Jabatan: Hakim Konstitusi RI[2] Atikan: S-3 Hukum Tata Negara Universitas diponogoro Taun 2008-Sekarang (Kandidat Dokter).[2] S-2 Hukum Universitas Islam Indonésia Yogyakarta Taun 1996[2]; S-1 Syariah IAIN Semarang Taun 1978[2]; Sarjana Muda Syariah Unissula Semarang Taun 1976[2]; Karir: Hakim Konstitusi pada Mahkamah Konstitusi RI Taun 2010-ayeuna[2]; Wakil Ketua Pengadilan Tinggi Agama Yogyakarta Taun 2008-2009[2]; Panitera Mahkamah Konstitusi RI Taun 2003-2008[2]; Hakim Pengadilan Tinggi Agama DKI Jakarta/Sekretaris Wakil Ketua Mahkamah Agung RI Taun 2001-2003[2];

Sékretariat Jénderal jeung Kapaniteraan Mahkamah Konstitusi Républik Indonésia[édit | édit sumber]

Sékretariat Jénderal Mk ngajalankeun tugas téknis administratif MK. Sékretariat Jénderal dipingpin ku saurang sékretaris jénderal.[1] Kapaniteraan MK ngajalankeun tugas téknis administrasi justisial. Kapaniteraan Mahkamah Konstitusi Républik Indonésia dipingpin ku saurang panitera.[1]

Prosés Perkara di MK[édit | édit sumber]

  1. Ngajukeun ‘permohonan’ perkara;
  2. Ngadaptarkeun perkara;
  3. Ngajadwalkeun sidang;
  4. Pamariksaan awal;
  5. Pamariksaan persidangan;
  6. Putusan.[1]

Catetan

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak al Mahkamah Konstitusi republik Indonesia.2007. Profil Singkat Mahkamah Konstitusi (booklet).Jakarta.
  2. a b c d e f g h i j k http://www.mahkamahkonstitusi.go.id/index.php?page=website.Organisasi.ProfileHakim&id=658, diakses tgl 31 Oktober 2011