Lompat ke isi

Muhammad Ali Maricar

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Muhammad Ali Maricar nyaéta salah saurang tokoh sastrawan nu dibabarkeun kaping 23 April 1927 di Kampung Ketapang, Ampel, Surabaya, tilar dunya kaping 2 Juni 1998 di kota nu sarua, dina umur 71 taun. Pendidikan panungtung di Gouvernement Hollands Arabische School (1941). Kungsi gawe jadi rédaktur mingguan Pahlawan, majalah Mimbar Pemuda, jeung majalah sastra Cetusan. Karya-karya nu dihasilkeun, dina bentuk nopel: 5 Tragedi (1954), Kubur Tak Bertanda (1955), Siksa dan Bayangan (1956), Tirai Besi (1956), Persetujuan dengan Iblis (1956), Di Bawah Naungan Al-Qur'an (1957), Si Gila (1969), jeung Ibu Kita Raminten (1982). Dina bentuk kumpulan puisi miboga judul Kiamat (1971), jeung Bintang Dini (1979), dina bentuk drama miboga judul Si Gila, jeung Kembali kepada Fitrah. Hiji buku dina bentuk kumpulan carpon miboga judul Buku Harian Seorang Penganggur (1976), jeung hiji buku kalayan rupa-rupa genre miboga judul Hitam Atas Putih (1959). Dina bentuk nonfiksi miboga judul Izinkan Saya Bicara (1976), Sastra dan Manusia (1986), jeung Mari Mengarang Cerpen. (Baca ogé Ibu Kita Raminten).[1]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Prof (Em.) Dr. Nyoman Kutha Ratna, S.U (2018). Ensiklopedia 2000 Entri Istilah Biografi, Karya, Metode dan Teori Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. ISBN 978-602-229-743-7.