Munara Siger

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian


Munara Siger / Siger Tower
Menara Siger.jpg
Munara Siger
Informasi umum
LokasiBukit Gamping, Kacamatan Bakauhéni, Kabupatén Lampung Kidul, Indonésia
AlamatJalan Raya Trans Sumatra, Kacamatan Bakauhéni, Kabupatén Lampung Kidul
Mimiti diwangun2005
Lengkep2008
Diresmikeun2008
BiayaRp15.000.000.0000
Luhur32 méter
Diménsi
Diménsi liannaLegana 50 x 11 méter
Detil téhnis
Jumlah lantéy6
Rarancang jeung konstruksi
ArsitékIr. Anshori Djausal M.T.

Munara Siger nyaéta munara nu jadi titik enol Sumatra di béh kidul. Gubernur Lampung Sjachroedin Z.P. dina peresmian Munara Siger, 30 April 2008, nyarita kalayan optimis yén ieu munara baris ngarojong kamajuan Lampung. Peresmianana ditandaan ku neken sirineu, nanda tangan prasasti, sarta ngaleupaskeun japati babarengan jeung puluhan duta besar.

Diadegkeunana Munara Siger ngawalan diwangunna Sasak Selat Sunda (JSS) —nu ngahubungkeun Bakauhéni—Merak. Munara Siger diwangun di luhur pasir béh kulonna Palabuan Bakauhéni. Ieu wangunan dilengkepan ku sarana informasi ngeunaan peta pelesir sakabéh kabupatén/kota di Lampung. Ceuk Sjachroedin, Munara Siger lain monumén mangsa ka tukang, tapi mangrupa wangunan mangsa ka hareup nu baris jadi fénoména masarakat Lampung. Posisi strategis Palabuan Bakauhéni minangka lawang sakéténg Sumatra diibaratkeun minangka sungut naga nu ngutahkeun kurang leuwih 80 rébu ton hasil-hasil tatanén unggal poéna.

Téhnik pangwangunan[édit | édit sumber]

Ieu munara diadegkeun maké téhnik ferrocement, nu mampuh nahan angin kenceng. Ieu wangunan mangrupa karya arsiték asli Lampung, Ir. Hi. Anshori Djausal M.T. téhnik ferrocement mangrupa pamekaran tim arsiték Munara Siger, maké jajaring kawat nu siga ramat lancah. Lambang siger katut sababaraha ornamén dijieun tanpa maké cor-coran, tapi bagian per bagiannana dijieun ku leungeun. Ku ayana métodeu ieu, unggal inci wangunan baris bisa nahan goncangan katut angin laut.

Munara Siger nu mangrupa kareueus masarakat Lampung kasebut ayana di luhureun pasir nu luhurna 110 méter luhureun beungeut laut. Pangwangunan ieu munara ti taun 2005 méakkeun biaya Rp 15 miliar. Munara Siger mangrupa lambang Lampung. Lain ukur jadi ikon pariwisata, tapi bisa jadi ikon dina sagala rupa hal: kaagamaan, seni katut budaya, sarta atikan.

Anshori Djausal minangka nu ngararancangna ngedalkeun yén Munara Siger bisa mancing pamekaran wewengkon lawang sakéténg Pulo Sumatra. Sanggeus diresmikeunana baris asup invéstasi Rp 100 miliar tepi ka Rp200 miliar. Dosén Fakultas Téknik Universitas Lampung ieu nambahan, yén dina sataun kira-kira 15 juta – 20 juta urang meuntasan Paabuan Bakauhéni. Ieu hal mangrupa hiji poténsi keur promosi kapariwisataan katut poténsi ékonomi.

Sacara fisik, Munara Siger diwangun kalayan merhatikeun ciri khas Lampung. Di sabudeureun tugu diwangun rohangan-rohangan nu mintonkeun budaya Lampung katut sarana-prasarana pariwisatana. Minangka tugu di tungtung Pulo Sumatra, Munara Siger dilengkapan ku tulisan pananda Titik Nol Pulo Sumatra. Munara Siger kalayan kelir emas ieu dilengkapan ku rohangan keur tempat wisatawan ningali Palabuan Bakauhéni sarta kaéndahan panorama laut katut alam sabudeureunana.

Asal kecap[édit | édit sumber]

Siger nyaéta topi adat pangantén wanoja Lampung. Munara Siger mangrupa wangunan siga makuta nu ngawengku salapan rangkéyan nu ngalambangkeun salapan macem basa di Lampung. Munara Siger kelirna konéng jeung beureum, ngawakilan kelir emas tina topi adat pangantén wanoja. Ieu wangunan ogé dihias ku ukiran corak kaén tapis khas Lampung.

wangunan bari dieusian ku data asta gatra, nyaéta trigatra nu ngawengku letak géografis, démografis katut kabeungharan sumber daya alam (SDA). Satuluyna panca gatra, nu eusina idéologi katut hankam. Ku kituna, para turis moal perlu loba tatanya.

Payung tilu warna (bodas-konéng-beureum) nandaan punclut munara. Ieu payung minangka simbul tatanan sosial. Dina wangunan utama Munara Siger aya Prasasti Kayu Are minangka perlambang tangkal kahirupan. Munara Siger henteu ukur boga wangun fisik wangunan, tapi ogé minangka eunteung budaya masarakat katut idéntitas masarakat Lampung nu luyu jeung filosofi pamikiran katut tumindak saluyu jeung visi katut misi pikeun ngawujudkeun Lampung nu unggul katut boga daya saing.

Tutumbu Luar[édit | édit sumber]