Lompat ke isi

Niccolo Paganini

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Niccolo Paganini

Niccolò (atawa Nicolò) Paganini (gumelar di Genoa, 27 Oktober 1782 – maot di Nice, 27 Méi 1840 dina umur 57 taun) nyaéta saurang pamaén biola sakaligus nu ngarang musik jeung pamaén gitar pangkoncarana sapanjang masa, manéhna ogé minangka tokoh nu paling hadé di jamanna. Dina sakabéh pamintonanna di wewengkon Éropah, manéhna geus mikat jeung ngainspirasi sakabéh nu ngalalajoanan manéhna, ogé sakabéh musisi di jaman harita.[1]

Sajarah Hirup-Hurip

[édit | édit sumber]

Nalika Leutik

[édit | édit sumber]

Ti keur leutik geus katempo bakat bawaannana. Kolotna miharep kanu jadi anakna téh sangkan pinter tur sagala nu dipikahayang bisa ngawujud. Kolotna keukeuh kana nu dipikapaham nalika keur ngadidik jeung ngadisiplinkeun anakna, sabot nyieun kasalahan pas diajar ngagésék biola. Kolotna ogé kaitung geus saksés, ku sabab dina sumangetna ngadidik éta budak sahingga dina yuswa 8 taun geus bisa maénkeun Pie yel Concerto sangkan euweuh cawadeun. Paganini geus ngirut nu lalajo harita, permaénan biola na téh nu paling di arep-arep dina kagiatan sosial.[1]

Guru na dina waktu harita nyaéta Giovanni Servetto jeung Giacomo Costa. Dina yuswana nincak salapan taun, manéhna nyieun konsér di balé konsér Genoa kalayan maén komposisi sorangan, La Carmagnole nu mangrupa téma nu kumanéhna dipintonkeun. Dina yuswa tilu welas taun, Paganini geus kasohor di sapanjang kota minangka “Budak Ajaib.”[1]

Nalika Nonoman

[édit | édit sumber]

Paganini nuluykeun sakolana di Leghorn babarengan jeung Ferdinando Paer ogé di Parma babarengan jeung Alessandro Rolla, nu dibabakan ku konser ngurilingna nu kacida gedéna. Manéhna geus bisa mungkas konsér-konsérna di kota-kota Lombardy nu lobana maénkeun komposisi nu dipaénkeun sorangan.[1] Dina yuswa tujuh welas taun, manéhna nyorangan. Paganini teu ngandelkeun deui bantuan piduit ti kolotna jeung geus yakin yén bakatna bakal meulah langit nembus jagat. Nya harita téh wanci mimiti manéhna bisa bébas tina didikan kolotna nu kacida heurasna, manéhna kapincut ku dua muslihat dunya – birahi jeung judi – nu ti harita manéhna jadi kacanduan.[1]

Wanci Mikolot

[édit | édit sumber]

Dina wanci gantina abad, Paganini leungit teu tembong deui. Hal ieu dipikayakin yén Paganini téh mikatrésna ka hiji wanoja mulya Guscan nu antukna manéhna téh netep jeung wanoja éta. Harita manéhna ningakeun keur saheulaanan mah kanu ngaranna biola téh, ku sabab ku kahayang dunungannana tur manéhna gé keur nalungtik virtuoso jeung bakat-bakat hadéna kana gitar. Manéhna ogé geus ngabagéanan jeung nyésakeun ruang pikeun nalungtik gitar. Namung, saenggus tilu taun, manéhna balik deui ka lemburna pikeun diajar, maén, ogé nulis nu ngeunaan biola deui sangkan ku kagiatan anu pinuh.[1]

Carita nu paling sohor ngeunaan Paganini nyaéta carita konsér di Leghorn. Nalika string biola nepi kana bagéan string anu hésé, nu lalajo mimitina mah cangcaya kanu jadi permaénanan Paganini.[1] Namung, Paganini terus ngamaénkeun bagéan éta dina tilu senar, lain empat senar, panonton nu asalna popoyok gé robah jadi silih tumanya katut takjub ningalina. Ti harita Paganini bakal moal ragu pikeun ngagunakeun jeung ngarancangna ngahaja supaya bisa ditarima ku nu ngadangukeun. Mindeng ogé manéhna ngamaénkeun string téh ngan ukur dina dua atawa tilu senar, tangtuna sakabéh nu lalajo pating jarenghok taya nu bisa nyawad. Antukna mah manéhna boga ideu pikeun nyieun komposisi anu dipaénkeun dina sastring, saperti Fantasia dina String G.

Taun 1813, Paganini jadi pamaén biola pangmasyurna di jamanna ogé anu paling dipuja. Manéhna méakkeun dékadé ka dituna mah loba mintonkeun konsér-konsér di saantero Italia. Nikakeun kaséhatanna téh mingkin goréng sahingga ngabatasi palayaran ka nagarana sorangan. Dina 1828, manéhna konsér di Wina nu mana loba para panonton nu kahipnotis ku haleuangna sora biola nu dipaénkeun manéhanana. Sakabéh jalma ngomongkeun manéhna. Paganini jadi beunghar ku sabab pangabisana kana biola. Manéhna jarang ngayakeun konsér maén saenggeus ulang taunna nu ka-30.[2]

Pamungkasan

[édit | édit sumber]

Saenggeus ti Wina, manéhna ngalanglang buana kasakabéh Jérman. Ogé dina taun 1831, manéhna nepi di Paris, tujuan utamana. Di Paris, aya hiji panalungtikan anu ngeunaan manéhanana kusasab pamintonanan anu teu wajar. Tina panalungtikan éta, dipikanyaho yén waragadna téh aya patali jeung mentalna;kualitas nu sarua nu nyirikeun jinius. Dina konsérna nu di Inggris jeung Skotlandia, Paganini nyieun rékor yén manéhna pamaén biola anu buruhanna panggedéna jaman harita dina hiji konsér.[1]

Sabalikna ka Italia manéhna meuli taneuh nu di deukeut Parma. di dinya manéhna ngayakeun pamintonan konsér masing kaséhatanna téh mingkin goréng. Babaraha kabeungharanna béak saperti imah, da gagara judi, sahingga manéhna téh leuseuh jeung hariwang. Manéhna mimiti batuk-batukan nika antukna mah sorana bener-bener leungit dina taun 1838. Manéhna indit ka Nice pikeun ngubaran panyakitna – tapi lain kalakah leleson atawa diubaran. Manéhna méakun wanci-wanci pamungkasna pikeun ngagubah jeung maénkeun biolana bari gurunggusuh, nangtang kana pangawasa awakna, ngurangan gancang pican. Antukna, maot dina poé Salasa kaping 27 Mei 1840.[1]

Karirna

[édit | édit sumber]

Niccolo Paganini, nyaéta pamaén biola nu panghadéna sapanjang masa, tapi ogé janten tokoh nu paling teu tangtu sapanjang masa. Dina sakabéh pamintonanna di wewengkon Éropah, manéhna geus mikat jeung ngainspirasi sakabéh nu lalajo, ogé sakabéh musisi di jaman harita.

Franz Schubert bingungeun ku manéhna, Rossini reuwaseun ku manéhna, jeung Meyerbeer ogé tuturuti manéhna, ningang na hiji konsér nu séjén teu walakaya mikaturut cara maénkeun biola siga manéhna. Berlioz geus ngakukeun yén Paganini minangka “salah sahiji seniman nu kudu dikocapkeun: ‘Maranéhana aya kusabab maranéhana, lain ku diri batur nu di hareupeunana’.” Di Paris, Liszt aya dina jampé-jampé Paganini jeung kapincut pisan ku pangabisa téhnikna nu sakitu hebatna. Paganini boga patékadan pikeun ngudag sohorna biola sakumaha kasohorna musik piano pas jaman harita, ogé pikeun ngaronjatkeun téhnik maén biolana ka wates nu pangluhurna.[1]

Kabéjanakeun

[édit | édit sumber]

Paganini dianggep jenius, dewana pamaén biola, jalma nu muja setan, éta ngan saukur béja tapi bet aya nu nganggep enya. Aya ogé béja, yén nalika Niccolo Paganini yuswana 6 bulan dina kandungan, indungna nyieun perjangjian jeung Iblis sarta dikocapkeun geus dipasrahkeun jiwana téh pikeun pacabakan minangka pamaén biola nu pangkasebutna saalam dunya.[1]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j k Guitarra Magazine. Niccolo Paganini : Possessed Or Blessed. http://www.guitarramagazine.com/NicocoloPaganini Archived 2014-12-25 di Wayback Machine, 05 Nopémber 2014
  2. Violin Student. Biographies : Niccolo Paganini. http://www.violinstudent.com/biographies/paganini.html Archived 2014-10-30 di Wayback Machine, 05 Nopémber 2014