Ojég

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
tukang ojég keur mangkal

Ojég (kirata tina kecap basa Sunda "ongkos ngajégang") nyaéta sarana transportasi umum di Indonésia kalawan maké motor atawa sapédah. Disebut informal ku sabab teu diaku ku pamaréntah jeun teu maké idin pikeun ngoprasikeunana. Panumpangna biasana ngan saurang tapi kadang-kadang bisa duaan. Harga ongkosna ditangtukeun ku cara nawar jeung supir ojégna, mun geus paheut hargana tuluy bisa dianteurkeun ka tempat tujuan. Data tinulis nyebutkeun yén ojég geus aya sahanteuna ti taun 1950-an di Subang.[1]

Ojég réa dipaké ku sabab leuwih punjul ti batan kandaraan lianna nyaéta leuwih gancang jeung bisa seseleké nalika macét di kota. Iwal ti éta ogé bisa ngahontal wewengkon dina gang-gang nu heurin jeung hésé diliwatan ku mobil. Biasana mah tukang ojég téh sok mangkal di pasimpangan jalan anu ramé, atawa di portal wewengkon perumahan.

  1. Unus Suriawiria. 1957. Njaba ka Tebeh Kaler. Warga. 210