Perang Candu
Perang Candu (basa Tionghoa: 鸦片战争; Hanzi tradisional: 鴉片戰爭; basa Tionghoa: Yāpiàn Zhànzhēng) atawa sakapeung disebut ogé Perang Anglo-Cina.[rujukan?] Perang antara China jeung Inggris lumangsung ti taun 1839-1842.[1]
Kasang Tukang
[édit | édit sumber]Inggris geus lila boga kahayang sangkan China muka palabuan-palabuan pikeun padagangan luar nagri.[rujukan?] Ku kituna, Inggris ngajalankeun "siasat candu". Ti 1900 diselundupkeun candu ka China.[rujukan?] Padagangan ilégal obat bius beuki loba.[rujukan?] Ti dinya Inggris untung gedé, tapi disebut-sebut yén rahayat China jadi korban.[rujukan?] Ngaliwatan paréntah kaisar, candu boga Inggris di Kanton nu jumlahna réwuan peti jeung hargana puluhan juta dollar diancurkeun (1839).[rujukan?] Alesan ieu nu dipaké ku Inggris pikeun nabeuh perang ka China.[rujukan?] Di Perang Candu ieu, China éléh jeung numutkeun Pajangjian Nanking (1842) China muka palabuan-palabuan Kanton, Shanghai, Amoy, Foochow jeung Ningpo pikeun padagangan Inggris sarta masrahkeun Hong Kong ka Inggris.[1]
Di taun 1860 dumasar Pajangjian Peking sanggeus Perang Candu nepi ka ahir, Hong Kong nu ngawengku Kowloon, Island jeung New Territories diséwakeun ka Britania Raya nepi ka 99 taun, kaétang 1 Juli 1898 nepi ka 30 Juni 1997. Kaping 1 Juli 1997 Hong Kong jadi Daérah Administratif Husus (Spécial Administrative Region-SAR) ti Républik Rakyat China.[2]