Perjanjian Linggarjati
Perjanjian Linggarjati nyaéta mangrupikeun salah sahiji perjanjian antara Indonésia sareng Walanda dina sajarah kamerdékaan. Ieu perjanjian diayakeun di Linggarjati, Jawa Barat, sarta ditawisna di Istana Merdeka Jakarta, ngeunaan status kamerdékaan Indonésia.[1]
Sateuacan diterapkeunana Perjanjian Linggarjati, sababaraha rundingan geus dilaksanakeun di Jakarta jeung Walanda, tapi dua partai éta acan meunangkeun landasan umum ngeunaan status Indonésia salaku nagara nu merdéka.[1]
Nepi ka ahirna, 11-13 Nopémber 1946, rapat diayakeun di Linggarjati, Jawa Barat. Hasil tina ieu rundingan ditawis kaping 15 Nopémber 1946, tuluy resmi diratifikasi dina 25 Maret 1947 di Istana Merdeka, Jakarta.[1][2]
Kasang Tukang
[édit | édit sumber]Kasang tukang Perjanjian Linggarjati nyaéta kusabab asupna AFNEI, anu dibarengan ku NICA ka Indonésia lantaran Jepang netepkeun status quo di Indonésia. Ieu hal nyababkeun konflik antara Indonésia jeung Walanda. Dina ieu masalah, pamaréntah Inggris tanggung jawab ngaberéskeun konflik politik jeung militér di Asia, nepi ka dina ieu perundingan Karajaan Inggris miboga peran salaku médiator.[3]
Konflik antara Indonésia jeung Walanda disababkeun ku gagalna rundingan nu dilaksanakeun di Hoge Veluwe kaping 14-15 April 1946. Ieu négosiasi gagal dilaksanakeun sabab Indonésia ménta Walanda pikeun mikawanoh kadaulatanana pikeun Jawa, Sumatra jeung Madura, tapi Walanda ngan ukur hayang ngaku Indonesia wilayah Jawa jeung Madura hungkul.[4][5]
Tokoh-tokoh dina Perjanjian Linggarjati
[édit | édit sumber]Dina éta perjanjian, sababaraha tokoh sumping ngawakilan unggal partai. Tokoh nu aya dina éta perjanjian, nyaéta:[6]
- Indonésia diwakilan ku Sutan Syahrir salaku pupuhu. Dibaturan ku AK Gani, Susanto Tirtoprojo, jeung Mohammad Roem.
- Walanda diwakilan ku Wim Schermerhorn salaku pupuhu sarta dibarengan ku Max Von Poll, HJ van Mook jeung F de Baer.
- Inggris salaku nu tangung jawab atawa médiator diwakilan ku Lord Killearn.
Eusi Perjanjian Linggarjati
[édit | édit sumber]Perjanjian linggarjati ngahasilkeun kaputusan nu saterusna disebut perjanjian linggarjati nu miboga 17 pasal, tina 17 éta pasal aya 3 tulisan utama, diantarana:[7]
- Walanda ngaku Républik Indonésia sacara de facto kalayan daérah nu ngawegku Sumatra, Jawa, Madura sarta Walanda bakal ninggalkeun Indonésia teu kurang ti 1 Januari 1949.
- Sapuk pikeun ngawangun nagara serikat kalayan ngaran Negara Indonesia Serikat (RIS) nu ngawengku ku RI, Kalimantan jeung Timur besar saacan 1 Januari 1949.
- RIS jeung Walanda bakal ngawangun Uni Indonésia-Walanda sarta ratu Walanda salaku pupuhu.
Dampak
[édit | édit sumber]Ieu Perjangjian méré pangaruh nu goréng pikeun Indonésia. Indonésia kudu kaleungitan wilayahna dina ieu perjanjian, ngan ukur Jawa, Sumatra jeung Madura. Pikeun sababaraha anu kaleungitan ieu daérah mangrupa kasalahan nu badag. Ieu léngkah kudu dilaksanakeun kalayan tinimbangan yén délégasi Indonésia mangrupa kakuatan militér Walanda nu tangguh sarta militér Indonésia sapertos kitu, upami ieu rundingan henteu ngahasilkeun hasil bakal ngahasilkeun perang nu bakal méré pangaruh goréng ka Indonésia. Salian ti éta, Indonesia kudu miluan Persemakmuran Indonésia-Walanda.[8][9]
Daptar Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ a b c "Sejarah Perjanjian Linggarjati: Latar Belakang, Isi, Tokoh Delegasi". tirto.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2021-04-30.
- ↑ Hakim, Iqbal. "Perundingan Linggarjati: Latar Belakang, Tokoh, dan Isinya". Insan Pelajar (dalam id-ID). Diakses tanggal 2021-04-30. Archived 2021-05-01 di Wayback Machine
- ↑ "Perjanjian Linggarjati: Latar Belakang dan Isi Perjanjian". kumparan (dalam id-ID). Diakses tanggal 2021-04-30.
- ↑ "Museum Konferensi Linggarjati | Portal Kementerian Luar Negeri Republik Indonesia". kemlu.go.id. Diakses tanggal 2021-04-30.
- ↑ Touwe, Sem; Hardjasaputra, Sobana; Lubis, Nina H., Zuhdi, Susanto (2013). "Reaksi Kaum Nasionalis Maluku Dalam Menghadapi Rencana Van Mook Membentuk Negara Federal". Jurnal Peneltiian Kemdikbud. 6 (5): 6.. http://kebudayaan.kemdikbud.go.id/bpnbmaluku/wp-content/uploads/sites/13/2014/07/tulisan-ini-telah-di-muat-dalam-Vol.-6-No.-5.Edisi-April-2013.pdf. Diakses pada 30 April 2021. Archived 27 Januari 2022 di Wayback Machine
- ↑ Media, Kompas Cyber. "Perjanjian Linggarjati: Latar Belakang, Isi, dan Dampaknya Halaman all". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2021-04-30.
- ↑ Heri. "PERJANJIAN LINGGARJATI : Latar Belakang, Isi Perjanjian, Tokoh, Dampak dan Hasil Perundingan". Salamadian (dalam id-ID). Diakses tanggal 2021-04-30.
- ↑ Ilmu Pengetahuan Sosial untuk SMP/MTs Kelas VIII. Kementrian Pendidikan dan Kebudayaan Republik Indonesia. 2017.
- ↑ Matanasi, Petrik. "Linggarjati: Perjanjian di Rumah Tua Seorang Janda". tirto.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2021-04-30.