Prasasti Horren

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Prasasti Horren ti Abad ka-11-an anu eusina nyebut Sunda salaku satru.

Prasasti Horren nyaéta prasasti dina lambar tambaga ukuran panjang 32,6cm, lébar 10,6cm, nu kapanggih di Campur Darat (Tulung Agung, Kediri kidul). Ieu prasasti mimitina disangka asalna ti jaman Majapahit. Ngan, ditilik tina sisi gaya jeung wangun basa, prasasti ieu leuwih deukeut ka jaman Airlangga (Abad XI Maséhi).[1]:388

Ieu prasasti kiwari diteundeun di Musieum Sonobudoyo, Jogjakarta.[2][3]

Eusi[édit | édit sumber]

Alih-aksara[édit | édit sumber]

IIa.

  1. haji. mānațha. kuņda. pinupu pingro katiga kasaha. padamlaknang sang hyang ājñā haji prāçastī, sa
  2. mbandha. ikang waramgajgi i horrěn maněmbah i Ibu paduka çrī mahārāja. manghyang i knohan ya
  3. n sumima thānīnya. umagěhakna kālīliranā dening wkāwetnya. měnne hlěm tka ri dlāha ni
  4. dlāha. mangkana mittā mangkana manastapa nikang warggaji i horrěn. tan kasumbat swakarmmanya
  5. ri kahāmběknya. nyan deni tanpāntara hakirim tka ni çatru. tātan hana sangka ni panghuninga
  6. ring kaharadara. nguniweh an dadyan tumangga-tangga datang nikanang çatru sunda. mangkana rasā ning paněmbah ni

IIb.

  1. kanang warggāji i horrěn. i Ibu ni pāduka çrī mahārāja, kunang sangkāri mahasara nikāhotsa
  2. hā nikanang warggaji i horrěn. makanimittă pinakahujung karang paminggir. catu ni matingkah bāba
  3. han nitya lot kahudanan kapyeyan. makadadah çari ni paprīhakěn Ibu ni paduka çri mahā
  4. rāja. ri samarakaryya sarisari tumāmaha sadatang ni salmah wukir nikanang çatru. i katakottama
  5. ni pamrih nikanang warggaji i horrěn. ika mangkāna ya tika nuwuhakěn murby arěna sama i çri ma
  6. hārāja. hetu ni turun i kārunya çri mahārāja. i manghyang nikanang warggaji i horrěn. paka

Alih-basa[édit | édit sumber]

IIa.

  1. haji (raja), Manatha, Kunda, dipungut dua kali, katilu, kasalapan. Prasasti dijieun raja keur desa eta.
  2. Nu janten sebabna nyaéta wargi desa Horrěn sumping ka raja sarta menta
  3. desana dijieun Sima, agar ditetepkeun sarta bisa diwariskeun ku turunan ti ayeuna dugi
  4. salajeungna. Jadi nu janten sababna sareng (kahayang ieu) janten sedihna warga desa Horrěn. Ogé teu luput karya salira
  5. nu mana jadi pikiran/tujuanna. Teu lila sanggeus éta (maranéhna) ngirim (upeti), sumping satru. Teu aya sangkaan atawa anu nyaho
  6. ngeunaan karuksakan anu dumadakan; komo deui dumadakan sumping satru (dari) Sunda. Kituna eusi ieu pamenta

IIb.

  1. wargi desa Horrěn ka Sri Maharaja. Kusabab gedé tina beban ogé usaha
  2. wargi desa Horrěn nu geus kawas ujung batu hiji bisa meunang leupas tina batu éta nu teu alus letakna,
  3. nu salawasna hujan jeung kesang jeung kurban diri kalawan hajat ngusahakeun/ngabebaskeun Sri Maharaja
  4. ti medan perang nu ragu sabab diasupkeun tur ditilik satru ti darat jeung pasir/gunung dumadakan. Nyaeta kautamaan
  5. tina usaha wargi desa Horrěn. Usaha éta nu tumuwuh kabungahan pikeun Sri Ma
  6. haraja. Yén téh alesan pikeun turunna kurnia Sri Maharaja atas kahayang wargi desa Horren.

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Marwati Djoened Poesponegoro; Nugroho Notosusanto (2008). Sejarah Nasional Indonesia: Zaman kuno (dalam Indonesian). Balai Pustaka. ISBN 979407408X. Diakses tanggal 3 June 2018. 
  2. Berita Penelitian Arkeologi No. 37. 1986 kac. 112-5 [1] Archived 2021-12-08 di Wayback Machine
  3. Stutterheim, W. F. 1933. Een Beschreven Koperplaat uit Zuid-Kediri. Tijd. Indische Taal Land En Volkenkunde Deel 73 p. 102-4 [2]