Rujak kanistrén
Rujak kanitrén nyaéta rujak nu disayagikeun mangsa upacara tingkeban sok disebut ogé tujuh bulanan.[1] Rujak kanitrén dijieun tina tujuh rupa bungbuahan, ieu rujak dijual ku nukakandungan ka sémah sarta barudak nu ngahaja diondang saméméhna.[1] Sémah jeung barudak mareuli ieu rujak kanitrén ari mayarna lain ku duit tapi maké talawéngkar (sésa-sésa kenténg nu pareupeus) nu geus dibuleud-buleun nyarupakeun duit récéh/kencring.[1]
Dagang rujak kanitrén téh salah sahiji upacara panutup, tina runtuyan upacara tingkeban.[1] Saméméhna awéwé nu keur kakandungan téh dimandian heula maké kaén nu digunta-ganti lobana tujuh lambar.[2] Réngsé mandi awéwé nu kakandungan téh didangdanan sangkan geulis, saterusna nyampeurkeun ngadeukeutan wadah rujak kanitrén pikeun didagangkeun.[2] Dimana dagangan rujak kanitrén geus béak, nya réngsé ogé runtuyan upacara tingkeban/tujuh bulanan.[2]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d Haryani NasuXon, Fitri (2019). 70 Tradisi Unik Suku Bangsa di Indonesia. Jakarta: Bhuana ilmu populer. p. 97. ISBN 9786232165328. Diakses tanggal 24 Januari 2020.
- ↑ a b c A. S, Galuh (2018). Dukun dan Bidan Dalam Perspektif Sosiologi. Jakarta: SAH MEDIA. p. 85. ISBN 9786026928436. Diakses tanggal 24 Januari 2020.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |