Lompat ke isi

Sahardjo

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Saharjo)
Dr. Sahardjo
Menteri Kahakiman Indonésia ka-11th
Présidén Sukarno
Saméméhna Gustaaf A. Maengkom
Sanggeusna Astrawinata
Katerangan lian
Gumelar 26 Juni 1909
Surakarta, Hindia Walanda
Pupus 13 Nopémber 1963 (yuswa 54)
Pasaréan Taman Makam Pahlawan Kalibata
Kawarganagaraan Indonesian

Dr. Sahardjo LL.B., (EYD: Saharjo, 26 Juni 1909 - 13 Nopémbér 1963) nyaéta Menteri Kahakiman Indonésia dina tilu kabinét, Kabinét Gawé Hiji, Dua jeung Tilu.

Biography

[édit | édit sumber]

Sahardjo lahir di Surakarta, Hindia Walanda dina tanggal 26 Juni 1909.[1] Sabada DO ti sakola medis, dirina nuluykeun sakolana ka jurusan hukum, lulus ku gelar bachelor dina taun 1941.[2] Awal-awalna mah Sahardjo ngajar di sakola swasta, tapi tuluy jadi aktif dina widang pulitik, ngagabung jeung sarta antukna mingpin Partéy Indonesia. Sahardjo ngilu dina ngararancang hukum kawarganagaraan 1947 sarta hukum pamilihan umum.[3]

Dr. Sahardjo ngajabat minangka Menteri Kahakiman pikeun tilu periode.[4] Periode kahiji nyaéta nalika Kabinét Gawé Kahiji, ti mimiti tanggal 10 Juli 1959 nepi ka 18 Pébruari 1960.[4] Kaduana nalika Kabinét Gawé Kadua, ti tanggal 18 Pébruari 1960, nepi ka 6 Maret 1962 sarta katiu kalina nalika Kabinét Gawé Katilu ti mimiti tanggal 6 Maret 1962 nepi ka 13 Nopémber 1963,[4] di mana dirina ogé nyepeng jabatan minangka Deputi Perdana Menteri / Kordinator Jero Nagri.[5] Nalika Sahardjo jadi Menteri Kahakiman, aya debat "nu ramé tapi teu dibéja-béja ka umum" ngeunaan hukum-hukum dasar saperti nulla poena sine lege (taya hukuman tanpa hiji aturan).[6] Bareng jeung Pupuhu Pangadilan Tinggi Wirjono Prodjodikoro, Sahardjo marjoangkeun panyalindungan pikeun kabébasan para kriminal jeung kasangka kriminal; hal ieu antukna meunangkeun dukungan umum nalika masarakat kuciwa ku goréngna ketak Jaksa Agung Goenawan.[6]

Sahardjo jeung Prodjodikoro nuluykeun kana réformasi hukum sipil dina taun 1962, Sahardjo ngusulkeun sangkan boh undang-undang sipil ogé niaga ti jaman kolonial Walanda teu dipaké deui.[6][5] Usulan nu didukung ku Prodjodikoro sarta sababaraha urang ti komunitas hukum meunang panolakan ti para advokat jeung para hakim ku alesan bakal nambah kateupastian hukum, sedeng Prodjodikoro nyatakeun yén moal loba teuing nu rubah da barina gé geus loba nu digantikeun.[6] Sahardjo hayang sangkan institusi hukum bébas tina "diskriminasi" sésa-sésa hukum kolonial sarta ngasupkeun hukum adat - sangkan loyog jeung philosopi Pancasila.[7] Najan kitu, Prodjodikoro antukna ngabatalkeun sababaraha artikel hukum. Daniel Lev nyatetkeun yén dina praktékna mah teu loba nu robah.[8]

Taun hareupna, Sahardjo milih tangkal caringin, hiji lambang heubeul urang Jawa pikeun kaadilan, keur ngagantikeun gambar awéwé nu dibengker panonna bari nyepeng timbangan minangka simbul kamentrian; ditambahan ku tulisan pengayoman nu hartina "panangtayungan jeung tulung timulung".[5][9] Numutkeun Daniel S. Lev, saurang panaliti Amérika ngeunaan hukum Indonésia, panggantian ieu pikeun ngébréhkeun mulangna tradisi jeung "ngagancangkeun" évolusi tina hukum Walanda kana hukum Indonésia.[10] Sahardjo ogé ngaganti istilah panjara ku Lembaga Permasyarakatan Khusus,[2] alesanna yén panjara mangrupa tempat pikeun menerkeun jeung panyiksaan. Sahardjo tilar dunya dina tanggal 13 Nopémber 1963 sarta dikurebkeun di Tamah Makam Pahlawan Kalibata.[11]

Warisan

[édit | édit sumber]

Panaliti sajarah hukum Indonésia, Sebastiaan Pompe nulis kritikan ka Sahardjo, nyebutkeun yén manéhna "sacara aktif ngaruksak kana hukum demi mukakeun idiologi révolusioner nu ngakibatkeun dirina sorangan jadi tinggaleun dina jeroning prosés."[12]

Hiji jalan di daérah Tebet, Jakarta Kidul dibéré ngaran Sahardjo (Saharjo), ti mimiti Manggarai nepikeun ka Pancoran.[5]

Réferénsi

[édit | édit sumber]
Catetan Suku
  1. Sudarmanto 2007, pp. 65–66.
  2. a b Bahari 2011, p. 45.
  3. Sudarmanto 2007, pp. 66–67.
  4. a b c Bahari 2011, pp. 44–45.
  5. a b c d City of Jakarta, Saharjo.
  6. a b c d Lev 2000, p. 128.
  7. Lev 2000, p. 129.
  8. Lev 2000, p. 131.
  9. Lev 2000, p. 30, 119.
  10. Lev 2000, p. 119.
  11. Sudarmanto 2007, p. 67.
  12. Pompe 2005, p. 71.
Bibliography