Simpati
Simpati nyaéta prosés psikologis anu dialaman ku individu utama ngarasa katarik ka hiji jalma atawa kelompok kusabab sikep, fisik, wibawa, atawa tindakanna.[1] Simpati ngalibatkeun prosés évaluasi atawa penilaian saaacan nangtukeun naha resep atawa henteu, ku kituna rasa anu kaalaman ku batur bakal jadi émosi anu jero pisan. Wangun simpati ogé bisa dina wangun pangrojong anu dilaksanakeun sacara spontan sabab mangrupa hasil réspon karesep anu datangna teu disangka-sangka.[2] Dibandingkeun karep, simpati némbongkeun rasa umum anu leuwih gedé jeung kalibetna pribadi anu leuwih jero. Dina kaayaan émosional, simpati mangrupa kumpulan afinitas sosial hiji jalma babarengan jeung jalma séjén, paham pisan kana rasana. Simpati aya waktu rasa atawa émosi hiji jalma dipikaharti jeung dihargaan ku nu séjén.[3]
Prinsip
[édit | édit sumber]Rasa mangrupa faktor anu penting dina prosés simpati, sanajan pangjurung utama pikeun simpati nyaéta kahayang pikeun ngarti ka pihak anu séjén keur kapentingan gawé bareng. Dina prosés simpati aya kahayang pikeun diajar ti pihak séjén anu kalungguhanana dianggap luhur sarta kudu dihargaan sabab mibanda kaunggulan atawa kamampuh anu kudu dijadikeun conto. Ieu hal téh mangrupa bédana antara simpati sareng idéntifikasi. Prosés simpati bisa mekar dina kaayaan silih paham kana kaayaan.[4] Salian ti éta, faktor simpati muncul alatan pamikiran rasional tapi dumasar kana ngajén rasa, saperti dina prosés idéntifikasi. Jalma ujug-ujug ngarasa kataji ka batur lain alatan hiji sipat nu tangtu, tapi alatan sakabéh paripolah éta jalma.[5]
Numuwuhkeun sikep
[édit | édit sumber]Simpati kaasup kana sikep positip anu katémbong dina diri jalma anu asalna tina jero haté kalayan rasa kabeungbeuratan, sangsara, musibah jeung kasedih anu keur dirasakeun ku batur. Komunikasi ogé bisa dipaké pikeun numuwuhkeun simpati ka batur. Rupa-rupa cara pikeun numuwuhkeun simpati ka batur bisa dilakukeun dina wangun rojongan moral, rojongan keuangan, obat- obatan, rupa-rupa kaperluan dasar, pakakas rumah tangga, bahan wangunan, jeung jadi sukarélawan.[6]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Tear, J; Michalska, KJ (2010). "Neurodevelopmental changes in the circuits underlying empathy and sympathy from childhood to adulthood". Developmental Science 13 (6): 886–899. doi:10.1111/j.1467-7687.2009.00940.x. PMID 20977559.
- ↑ Widyananda, Rakha Fahreza. "Perbedaan Simpati dan Empati dalam Kehidupan Sehari-hari, Simak Ulasannya". merdeka.com. Diakses tanggal 2022-03-31.
- ↑ Sendari, Anugerah Ayu. "Simpati adalah Bentuk Perasaan, Kenali Bedanya dengan Empati". liputan6.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2022-03-31.
- ↑ Noorkasiani, Heryati, Ismail, Rita (2007). Sosiologi Keperawatan (dalam Indonesian). Jakarta: EGC. p. 5. ISBN 978-979-448-984-0.
- ↑ Setiadi, Elly M. (2020). Penghantar Ringkas Sosiologi: Pemahaman Fakta dan Gejala Permasalahan Sosial Teori, Aplikasi, dan Pemecahannya (dalam Indonesian). Jakarta: Prenada Media. p. 21. ISBN 978-623-218-472-5.
- ↑ Purwanto, Djoko (2006). Komunikasi Bisnis, edisi 3 (dalam Indonesian). Jakarta: Erlangga. p. 22. ISBN 978-979-781-242-3.