Teater neo klasik

From Wikipedia
Jump to navigation Jump to search


Teater neo klasik di Ostankino, Moscow

Prancis[edit | edit source]

Taun 1630-an téater Prancis ngalaman parobahan gedé nalika téori néoklasik ti Italia asup ka Prancis.[1] Dasar téori néoklasik nyaéta:

  1. Ngan ukur aya 2 wangun drama nyaéta tragédi jeung komédi. Duanana éta teu meunang dihijikeun.[1]
  2. Eusi drama kudu miboga ajén moral nu ditepikeun ku cara nu ngirut ati.[1]
  3. Karakter kudu ngagambarkeun sipat nu umun, nu universal lain individual nu ahéng (decorum).[1]
  4. Plot teu leuwih ti sapoé sapoeuting, diwatesan di hiji tempat sarta bisa ngandung kajadian naon waé.[1]

Inohong munggaran dina drama néoklasik nyaéta Pierre Corneille nu kasohor jadi Bapak Tragédi Prancis.[2] Para panulis di ieu jaman nyaéta:[2]

Restorasi jeung Abad XVIII[edit | edit source]

Jaman réstorasi nyaéta jaman meuweuhna deui téater, utamana mah di Inggris, sanggeus ilangna téater di éta nagri lantaran ngawasana kaum Puritan.[2] Nanjeurna téater di Inggris aya dina jaman William Shakespeare nepi ka taun 1640-an sanggeus Charles I ngawasa.[2] Taun 1642 sagala wangun téater dileungitkeun di ieu nagri, nepi ka taun 1660 nalika Charles II ngawasa, téater hirup deui.[2]
Téater dina jaman réstorasi ngalaman sawatara parobahan di antarana parobahan ieu museur kana faktor nu nongton.[3] Nu nongton téater Inggris teu bisa sagawayah, ngan jalma-jalma kaum priyayi atawa bangsawan nu bisa ningali ieu téater.[3] Gedong téater ogé leuwih condong ka wangunan gaya Italia.[3] Kitu ogé jeung setting panggungna maké gambar perspéktif.[3]
Para panulis di ieu jaman nyaéta:[4]

Prancis Abad XVIII[edit | edit source]

Nepi ka ahir abad XVII Prancis jadi puseur kabudayaan Eropa.[4] Drama Prancis nu néoklasik jadi hiji modél di Eropa.[4] Tragédi Racine jeung Corneille sarta komédi Moliere dijadikeun standar dina dunya drama.[4] Dina abad ka XVIII téater di Prancis dimonopoli ku pamaréntah kalawan Comedie Francaisena.[4] Komédi jeung tragédi tetep dimaénkeun, tapi wangun opera, drama péndék jeung burlesque dipintonkeun ku rombongan téater Italia: Comedie Italienne.[4] Dina jaman ieu panulis nu kasohor nyaéta Pierre Marivaux, Pierre de la Chausse, Pierre Beaumarchais.[4]

Italia Abad XVIII[edit | edit source]

Salila abad XVIII Italia tetep mertahankeun wangun commedia dell’arte.[5] Panulis nu kasohorna nyaéta Carlo Goldoni.[5] Karya-karyna mangrupa komédi nu lolobana mah sentimental tapi miboga kualitas nu hadé.[5] Panulis naskah nu lianna nyaéta Carlo Gozzi, nu teu nuluykeun tradisi dell’arte tapi nyiptakeun sorangan komédi-komédi fantasi maké improvisasi.[5] Commedia dell’arte mimiti teu popiulér di Italia dina ahir abad XVIII.[5] Sedengkeun dina tragédi, panulis Italia nu nyongcolang dina abad ieu nyaéta Vittorio Alfieri.[5]

Referensi[edit | edit source]

  1. a b c d e Sumardjo, Jakob.1986.Ikhtisar Sejarah Teater Barat.Bandung:Angkasa Kaca 49 (id)
  2. a b c d e Sumardjo, Jakob.1986.Ikhtisar Sejarah Teater Barat.Bandung:Angkasa Kaca 51-54 (id)
  3. a b c d Sumardjo, Jakob.1986.Ikhtisar Sejarah Teater Barat.Bandung:Angkasa Kaca 55 (id)
  4. a b c d e f g Sumardjo, Jakob.1986.Ikhtisar Sejarah Teater Barat.Bandung:Angkasa Kaca 59-62 (id)
  5. a b c d e f Sumardjo, Jakob.1986.Ikhtisar Sejarah Teater Barat.Bandung:Angkasa Kaca 63 (id)