Thoriq bin Ziyad
Thoriq bin Ziyad طارق بن زياد | |
---|---|
Born | 670 M Berber Afrika Kaler |
Died | 720 M |
Allegiance | Khalifah Sulaiman |
Rank | Panglima perang |
Thoriq bin Ziyad (670[1] - 720) (Basa Arab: طارق بن زياد), dikenal dina sajarah Spanyol minangka légénda nu disebut Taric él Tuérto[2](Taric si panon hiji), nyaéta hiji jéndral ti dinasti Umayyah nu mingpin panalukan muslim ka wewengkon Andalusia (Spanyol, Portugis, Andorra, Gibraltar jeung sabudeureunna) dina taun 711 M.
Dina usum panas taun 711 Maséhi (92 AH), Thoriq bin Ziyad miang ka Andalusia. Dina tanggal 29 April 711, pasukan Thoriq badarat di Gibraltar (ngaran Gibraltar asalna tina bahasa Arab. Jabal Tariq nu hartina Gunung Thoriq).
Sanggeus badarat, dirina ngahurungkeun sumanget jihad ka pasukanna sangkan perang nu suhud karna Alloh. Dongéng ngadurukan kapal nu remen kadenge ku urang saméméh ieu ngan rékaan wungkul lantaran para pajoang Islam bajoang teu aya lain lintang ti hayang sabener-benerna nanjeurkeun agama Allah tanpa kudu nyieun hal nu saperti ngaduruk kapal téa, sajabana taya bukti nu kokoh jeung ngadukung kana dongéng éta téh.
Pasukan Thoriq nyerang Andalusia sarta di usum panas taun 711 hasil ngahontal kameunangan nu nangtukeun lawan karajaan Visigoth, di mana rajana, Roderick perlaya dina tanggal 19 Juli 711 dina Perang Guadalete. Sanggeus éta, Thoriq manjing gupernur wewengkon Andalusia méméh ahirna disaur mulang ka Damaskus ku Khalifah Walid I.
Taun-taun Awal
[édit | édit sumber]Asal Usul Thoriq bin Ziyad
[édit | édit sumber]Asal usul Thoriq teu dipikanyaho sacara pasti. Numutkeun sajarawan Syauwi Abu Khalil nu dicutat ku Alwi Alatas, aya nu nyebukeun minangka turunan ti Bani Hamdan ti Pérsia, atawa suku Lahm. Aya ogé nu nyebutkeun Thoriq asalna ti bangsa Vandals. Ngan, loba sajarawan nu nganggap dirina turunan ti bangsa Berber. Numutkeun Alwi Alatas, Thoriq asalna ti kulawarga muslim sarta ti bubudak geus dididik sacara Islam ku ramana dina mangsa kakawasaan Uqbah bin Nafi di Ifiqiya.
Numutkeun pamanggih séjén, Thoriq bin Ziyad téh manten budak Musa bin Nusayr. Musa ngabébasken sanggeus ningal poténsi Thoriq, tuluy nempatkeun dina pasukanna. Bisa jadi Thoriq bin Ziyad geus aya di pasukan Musa bin Nusayr waktu Musa karak nepi di Qayrawan. Tapi, waktu éta Thoriq can pati dikenal.[1]
Sawatara sajarawan nyatetkeun yén Thoriq mibanda sababaraha vérsi ngaran:
- Al-Idrisi, géografer Muslim ti abad ka-12, nyebut nami Thoriq ku Thoriq bin Abdullah bin Wanamu al-Zanati.
- Ibnu Idhari nyebut ngaran lengkep Thoriq bin Ziyad bin Abdullah bin Walghu bin Warfajum bin Nabarghasan bin Walhas bin Yatufat bin Nafzaw.
- Ibnu Idhari ogé nyebutkeun ngaran lengkepna ku Tariq bin ZIyad bin Abdullah bin Rafhu bin Warfajum bin Yanzghasan bin Walhas bin Yatufat bin Nafzaw.[3]
Ciri-ciri Thoriq
[édit | édit sumber]Thoriq nyaéta hiji pameget nu taarna jenong jeung ngagaduhan karang hideung nu dituwuhan ku rambut dina taktak kéncana.[4]
Légénda Kadataangan Thoriq
[édit | édit sumber]Saheunteuna aya dua légénda ngeunaan kadatangan Thoriq bin Ziyad ka Andalusia. légénda éta téh kieu:
Légénda Awéwé Kolot
[édit | édit sumber]Mangsa Thoriq karak ngabébaskeun Kota Algeciras, aya hiji awéwé kolot nu ménta pikeun panggih jeung Thoriq. Sanggeus diwidian ku Thoriq, awéwé kolot éta ngajéntrékeun dongéngna yén baréto manéhna ngabogaan hiji salaki. Salakina sok nyarita yén hiji mangsa engké, nagri ie bakal ditalukkeun ku hiji jéndral ti luar. Jénderal ieu mibanda taar nu jenong jeung karang hideung nu dituwuhan rambut dina taktak kéncana. Ngadangu kitu, Thoriq gera-gera muka taktak kénca nu mémang mibanda tanda persis nu dijéntrékeun awéwé tadi. Pasukan Thoriq gé kasima.[5]
Légénda Istana 27 Gembok
[édit | édit sumber]Kerajaan Visigoth ngabogaan hiji karaton nu kacida éndahna di Toleda jeung ngabogaan 27 gembok. Raja-raja saméméhna salawasna pesen yén aya kajadian naon waé, karaton téh teu meunang diasupan ku saurang ogé. Tiap raja nu anyar malahan nambahan hiji gembok hingga aya kana 27 gembokna. Mangsa Roderick manjing raja, manéhna panasaran ku jero karaton éta. Dina hiji poé, manéhna ngabongkar sakabéh gembok nu aya jeung asup ka karaton. Tétéla di jero karaton téh aya hiji rohangan deui nu dikonci. Sanggeus ngabongkar konci rohangan éta, Roderick asup deui ka rohangan nu leuwih jero deui.
Tétéla dina rohangan éta téh aya hiji perkamén nu eusina lukisan jalma-jalma nu naraék kuda. Maranéhna maké baju nu kasar, pinuh ku kokotor, marake sorban, jeung pedangna mareleungkung. Aya ogé tulisan,
"Iraha waé ruang panyalindungan ieu dilanggar katut mantra nu aya dina ieu jéro poci, jalma-jalma nu kagambar dina poci ieu bakal nyerbu Andalusia, ngarugrugkeun singgasana rajana, sarta ngawasa sakuliah nagari"
Roderick kasieunan sanggeus maca éta jeung yakin yén musibah bakal tumiba ka dirina.[6]
Sasayogian Pangbébasan Andalusia
[édit | édit sumber]Carita Julian jeung Putrina
[édit | édit sumber]Julian téh pangawasa Ceuta. Dirina nandatangan jangji pasini damai jeung Kakhalifahan ngaliwatan Musa bin Nusayr. Julian ngabogaan hij putri nu kacida geulisna nu ngaranna Florinda.[7] Demi hubungan nu hadé jeung Visigoth, Florinda dikirim ka karaton Roderick pikeun diajar. Roderick katarik ati jeung hayang ngawin Florinda, tapi Florinda nolak. Roderick ambek tuluy ngarampas kahormatan Florinda jeung ngancam sangkan teu bébéja ka sasaha ngeunaan kajadian éta. Tapi, ku pinter-pinterna, Florinda hasil nyeulendepkeun hiji surat ka luar karaton Roderick jeung ngirimkeun ka Julian, bapana, ngabéjaan naon nu kajadian.
Julian ambek kacida jeung sumpah pikeun ngancurkeun Roderick. Dirina harita kénéh nuju ka karaton Roderick pikeun nyokot Florinda. Julian ngarang carita yén geureuhana keur geuring parna jeung ngarepkeun Florinda aya di sagigireun indungna pikeun ngarawatna. Ngadenge kitu, Roderick gé ngijinan Florinda balik jeung bapana. Sanggeus hasil ngamankeun Florinda di karaton Ceuta, Julian ngajugjug padumukan Musa bin Nusayr, ménta sangkan nyerang Visigoth.
Awalna, Musa nolak lantaran mangsa harita Semenanjung Iberia can dikenal di kalangan kau muslimin. Tapi, Julian terus ngadeseh. Akhirna ,Musa ménta Julian pikeun nyerang Semenanjung Iberia maké pasukan leutik pikeun nunjukkeun kadarianna. Julian ngalaksanakeun paréntah éta. Dirina mawa dua kapal jeung nyerang Algeciras. Isukna, Julian hasil mulang jeung nunjukkeun harta rampasan perang ka Musa nu jumlahna réa. Musa antukna percaya ka Julian.[8]
Ngirim Surat ka Khalifah
[édit | édit sumber]Musa saharita kénéh ngirim surat ka Khalifah Al Walid di Damaskus, ménta ijin pikeun ngabébaskeun Semenanjung Iberia. Waleran ti Al Walid datang.
"Sakuduna kirim heula pasukan leutik ka negéri itu hingga maranéhna bisa nyerang jeung mawa béja ka anjeun ngeunaan naon-naon nu aya di nagri éta. Mangkahadé! Tong nepi kaum muslimin musnah ku téror jeung bahaya sagara."
Musa ngirim balesanna,
"Ieu mah lain sagara, tapi ngan terusan sempit. Basisirna katempo ti kajauhan."
Al Walid ngabales deui suratna.
"Teu nanaon. Tetep kirim pasukan bubuka ka ditu!"[8]
Pasukan Ékspédisi
[édit | édit sumber]Sanggeus meunang widi ti khalifah, Musa bin Nusayr ngirim pasukan ékspédisi awal ka wilayah Semenanjung Iberia. Pasukan ieu dipingpin ku Tarif bin Malik (Tarif Abu Zar'ah bin Malik Al-Mughaferi). Tarif mingpin 500 tentara nu di jerona aya 100 kavaleri. Tarif miang maké opat siki kapal. maranéhna balabuh di pulo pangkidulna ti Semenanjung Iberia. Engké, pulo ieu bakal dingaranan kota Tarifa nu asalna tina ngaran Tarif bin Malik.
Tarif saharita migawé paréntah Musa pikeun nyerang daérah pangdeukeutna ti tempatna badarat. Sanggeus hasil, Tarif balik ka Musa bin Nusayr bari mawa harta rampasan perang nu réa. Dirina ogé nyebut nagri éta ku sebutan Jazirat al-Khafra (pulo nu hejo) pikeun nyebut Semenanjung Iberia.[9]
Pangbébasan Dimimitian
[édit | édit sumber]Pasukan Miang
[édit | édit sumber]Musa bin Nusayr nunjuk Thoriq bin Ziyad pikeun mingpin pangbébasan ieu. Thoriq mawa 12.000 tentara nu mayoritasna nyaéta bangsa Berber. Ngan 300 urang ti bangsa Arab jeung 700 urang ti bangsa Afrika. Julian ti Ceuta mancén tugas salaku intél jeung tukang nuduhkeun jalan pasukan. Pasukan miang ti Ceuta maké kapal Julian nu nyamur. Aangkutanna pasukan dijalankeun sacara bulak balik ti peuting ngaméh teu nyurigakeun.[10]
Pas méméh badarat, Thoriq mutuskeun pikeun ngaleyep heula. Dina saréna inyana ngimpi pendak jeung Nabi Muhammad nu dikuliling ku urang-urang Muhajirin jeung Anshar. Aranjeuna nyarandak pedang nu geus ngabar. Salajengna Nabi Muhammad ngadawuh ka Thoriq:
"Tong geuneuk tong maleukmeuk, hé Thoriq. Sampurnakeun naon anu ditakdirkeun keur anjeun pikeun ngalakukeunna!"
Tuluy Thoriq lugay jeung ngarasa yakin kameunangan aya di pihakna. Dirina nyaritakeun ngimpi ieu ka prajurit-prajurit muslim nu aya di kapal babarengan.[11]
Awalna Thoriq niat badarat di Algeciras tapi teu jadi da kota éta dijaga ku pasukan Visigoth. Akhirna, Thoriq jeung pasukanna badarat di Calpe, lebah wétan Algeciras. Engkéna, Calpe diganti ngaranna jadi Jabal Al-Fatah (Gunung Kameunangan). Tapi, tempat éta téh leuwih dikenal ku ngaran Jabal Tariq atwa Gibraltar.
Jénderal Perang
[édit | édit sumber]Thoriq mawa jénderal-jénderal perang tanggoh, nyaéta:
- Tarif bin Malik.[10]
- Mughyet ar-Rum.[10] Hiji mualaf ti Yunani kabangsaanna Romawi.[12]
- Abdul Malik al-Moafir.[4]
- Kaula al-Yahudi (ngagabung pandeuri).[13]
Pidato Thoriq bin Ziyad
[édit | édit sumber]Numutkeun P. De Gayango, sakumaha dicutat ku Ahmad Thomson,[14] Di handap ieu di antara pidato nu ditepikeun Thoriq bin Ziyad ka para prajuritna:
"Kamana aranjeun bisa lumpat bari musuh di hareupeun jeung sagara satukangeun? Demi Alloh! Teu aya kasalametan pikeun aranjeun kajaba tina wawanén jeung katungkuhan haté aranjeun. Tinimbangkeun kaayaan aranjeun: aranjeun nangtung di saluhureun pulo ieu saupama barudak yatim nu kapecleungkeun ka dunya; aranjeun upama tinimu jeung musuh nu kuat ngepung wakul buaya manggap lir ibarat galura amarah sagara nu ngagolak, sarta ngirim prajurit-prajurit nu teu kaitung lobana ka aranjeun, bala tantara baju wesi jeung dilengkepan ku sagala pakarang nu kungsi aya.
Naon nu bisa dipaké pikeun ngalawan maranéhna?
Aranjeun teu mibanda pakarang séjén kajaba pedang, teu boga paerlengkepan séjén kajaba nu geus dirampas ti musuh. Ku alatan kitu, aranjeun kudu nyerang musuh sagancang-gancangna atawa lamun hanteu, tanwandé hasrat pikeun nyerah bakal tumuwuh, angin kameunangan moal deui niup ka pihak aranjeun, sarta musuh bakal ganti wawanén nu hésé dikadalikeun!
...
Aranjeun apal yén Khalifah Al Walid bin Abdul Malik geus milih aranjeun siga milih sakitu lobana pahlawan ti kalangan jalma-jalma nu gedé wawanén. Aranjeun nyaho yén ménak-ménak gedé daratan ieu ngabogaan kahayang nu gedé pikeun ngajadikeun aranjeun jadi anak-anakna jeung ngiket aranjeun ku jatuk rami, ngan mun aranjeun ngabagéakeun pangperangan sakumaha kuduna jalma-jalma gedé wawanén jeung pajoang sajati, sarta jadi ksatria nu wani. Aranjeun nyaho yén rahmat Alloh nganti aranjeun mun aranjeun siap pikeun nanjeurken kalimat-Na jeung ngijabkeun agama-Na di tanah ieu.
...
Lamun aranjeun ngalaksanakeun paréntah-paréntah kuring, tangtu urang bakal meunang!"
Kidung Thoriq bin Ziyad
[édit | édit sumber]Numutkeun Alwi Alatas, Thoriq ogé ngajomatarakeun hiji kidung pikeun nyumangétan pasukanna:
Urang geus naék kapal
Siapkeun pikeun méntas
Jeung Alloh bakal ngagéntos nyawa, harta,
jeung kulawarga urang ku surga
Saéstuna bener yén teu aya
Nu sakitu ku urang dipiharep di dunya ieu
Sakumaha ogé teu penting pikeun urang
Kumaha pinanggih pati basa meunang
harga nu sakitu diarep-arepna"[15]
Pangbébasan Andalusia Tahap Kahiji
[édit | édit sumber]Catétan: loba pamanggih ngeunaan urutan pangbébasan kota demi kota nu dilakukeun Thoriq, Musa jeung pasukanna. Urutan pangbébasan dina ieu artikel ngan salah sahiji vérsi di antara réa vérsi séjén.
Pangbébasan Kota Cartagena
[édit | édit sumber]Kota kahiji nu dibébaskeun ku Thoriq nyaéta Cartagena. Kota ieu teu jauh ti Gibraltar.[4] Thoriq ngirim pasukan nu dipingpin ku Abdul Malik al-Moafir. Sanggeus hasil dibébaskeun, ngaran kota éta sempet diganti jadi Qartayannat al Halfa.[16]
Pangbébasan Kota Algeciras
[édit | édit sumber]Kota satuluyna nu dibébaskeun Thoriq nyaéta Algeciras. Abdul Malik al Moafir ditugaskeun ku Thoriq jadi pangawas kota ieu sawatara Thoriq nuluykeun pangbébasan kota-kota séjén.[4]
Tempur Ngalawan Theodomir
[édit | édit sumber]Theodomir (Arab: Tudmir) nyaéta ponggawa karajaan Visigoth kidul. Pasukanna mapag Thoriq sarta tempur ragot. Pasukan Theodomir eleh, tuluy manéhna ngirim surat ka Roderick nu ngajéntrékeun yén Visigoth geus diserang. Tapi, Theodomir sorangan salamet jeung jaga bakal nyinghareupan deui pasukan kaom muslimin pikeun kadua kalina.[4]
Perang Guadalete
[édit | édit sumber]Sanggeus maca surat ti Theodomir, Roderick nu mangsa harita keur perang ngalawan Basque saharita kénéh ngeureunkeun perangna sarta ngajugjug ka Kordoba.[17] Di dinya Roderick nyusun kakuatan pikeun mapag Thoriq. manéhna ménta bantuan ti Witiza, para gupernurna, jeung budak-budak nu dipiboga hingga hasil ngumpulkeun 40.000 - 100.000 prajurit.[18] Sawatara éta, pasukan Thoriq jumlahna 7.000 - 12.000 prajurit pikeun ngalawan Roderick téh.[19] Roderick eleh jeung tiwas. Perang ieu dikenal ku sebutan Perang Guadalete, perang Guadlquivir,[20] atawa perang Wadi Lakka.[21] Pelayo téh hiji ménak Visigoth nu hasil lolos tina Perang Guadalete. Jaga manéhna nyumput di gugunungan, nyusun kakuatan pikeun ngarebut Andalusia deui, hasil-hasil 800 tahun ka hareupna.
Pangbébasan Kota Sidonia
[édit | édit sumber]Musa bin Nusayr ngirim surat ka Thoriq, ménta sangkan nunda heula pangbébasan. Dirina niat miang ka Semenanjung Iberia jeung ilibiung langsung dina pangbébasan. Tapi, Thoriq boga tinimbang séjén. Lamun, pangbébasan ditunda, Angkeuhan Visisgoth bakal hasil ngawangun kakuatanna deui. Ku alatan kitu, sanggeus Perang Guadalete réngsé, Thoriq nuluykeun pangbébasanna ka kota-kota séjén. Salah sahijina nyaéta Sidonia. Di jaman Spanyol modern, kota ieu dikenal ku ngaran Kota Medina -Sidonia. Pangbébasan kota ieu dibantu ku urang Yahudi nu saméméhna ditindes ku Visigoth. Maranéhna lalumpatan muka panto gerbang kota pikeun ngabagéakeun pasukan Thariq bin Ziyad.[22]
Pangbébasan Kota Moron
[édit | édit sumber]Réngsé pangbébasan Sidonia, Thoriq nuluykeun ka kota Moron. Sarua jeung Sidonia, pangbébasan Moron gé dirojong ku urang Yahudi. Tuluy Thoriq nyérénkeun kapamingpinan kota saheulaanan ka urang Yahudi sawatara dirina nuluykeun pangbébasan.[23] dina jaman kuno, kota ieu ngaranna Mawror. Di jaman modérn, Kota Moron ganti ngaran jadi Moron de la Frontéra.[24]
Pangbébasan Kota Carmona
[édit | édit sumber]Réngsé pangbébasan Moron, Thoriq maju deui ngabébaskeun kota Carmona.[25]
Pangbébasan Kota Alcala de Guadaira
[édit | édit sumber]Réngsé Carmona hasil dibuka, Thoriq jeung pasukanna maju ka Kota Alcala de Guadaira.[26] Thoriq gé bisa ngéléhkeun kota ieu kalayan gampang.[27]
Pangbébasan Kota Guadalajara
[édit | édit sumber]Thoriq maju ka Kota Guadalajara jeung hasil nembus kota éta.[28]
Pangbébasan Kota Ecija
[édit | édit sumber]Satuluyna, Thoriq ngabébaskeun kota Ecija. Pasukan Thoriq hasil néwak gupenur Ecija jeung sarta nawarkeun hiji pasini daméi. Pasinina nyaéta gupernur kudu nyérénkeun Ecija jeung nyérénkeun pajak sacara rotin. Pikeun walesanna, manéhna bakal tetep maréntah Ecija.[29]
Pangbébasan Kota Kordoba
[édit | édit sumber]Thoriq ngirim Mughyer ar-Rumi jeung 700 pasukan kuda pikeun ngabébaskeun Kordoba. Tétala, Kordoba dipangnahankeun ku 400 tentara nu kacida kuatna sarta mibanda asupan cai nu réa. Ku perang rongkah, Mughyet hasil nembus bénténg kota sarta ngarebut sakuliah kota. Kabéh pasukan Kordoba nu nyésa nyalindung ka hiji garéja di kulon kota nu asupan caina teu kawates nu ngalir ti gunung. Sanggeus ngepung pasukan Kordoba salila 3 bulan, Mughyet ngutus Rabah, hiji jalma ti bangsa Afrika, pikeun nyusup ka garéja. Para prajurit Kordoba néwak Rabah bari bingung naha kulitna hideung, teu cara maranéhna nu barodas. Rabah hasil kabur maké hiji siasat sarta ngabéjaan lebahna asupan cai. Mughyet saharita maréntahkeun pikeun motong asupan cai éta. Pasukan Kordoa nu teu bisa nahan tina rasa haus akhirna ngalakukeun maéhan manéh massal sarta ngaduruk garéja tempat maranéhna nyalindung. Akhirna Mughyet hasil ngabébaskeun Kordoba bari jeung hésé capé gé.[30]
Pangbébasan Kota Granada
[édit | édit sumber]Pasukan pangbébasan Granada dimiangkeun babarengan jeung pasukan Mughyet. Teu kungsi lila, Granada gé bisa dibébaskeun.[31]
Pangbébasan Kota Almunecar
[édit | édit sumber]Pasukan Thoriq tuluy ngajugjug Kota Almunecar. Dirina teu manggih kasusah dina muka Almunecar.[32]
Pangbébasan Kota Toledo
[édit | édit sumber]Thoriq jeung pasukanna nu séjén miang ngajugjug Toledo, ibu kota Visigoth. Tétéla, Toledo geus kosong ditinggalkeun ku pangeusina. Tharik ninggalkeun sajumlah leutik pasukanna pikeun ngajaga Tolede sedeng dirina nuluykeun pangbébasan.[33]
Pangbébasan Kota Medinat Al-Maida
[édit | édit sumber]Thoriq nuluykeun lalampahan, ngajugjug kota Medinat Al Maida (Kota méja), nyaéta kota leutik di deukeu Toledo. Medinat Al Maida téh ngaran paméré kaom muslimin Andalusia, sedeng ngaran aslina teu kanyahoan.[34] Di kota ieu Thoriq jeung pasukanna manggihan harta rampasan perang nu loba pisan. Maranéhna tuluy mawa jeung ngumpulkeun bareng jeung harta rampasan lain di Toledo. Di handap ieu banda-banda nu katimu ku Thoriq:
- Méja Sulaiman. Ieu téh nyaéta Méja milik Nabi Sulaiman bin Daud cenah dipaok ti karatonna dibawa ka Spanyol.
- Kitab-kitab kuno Injil, Taurat jeung Zabur jumlahna 21 salinan.
- Hiji kitab kuno ngeunaan Nabi Ibrahim.
- Hiji kitab kuno ngeunaan Nabi Musa.
- Kitab-kitab kuno élmu alam, nyéta ngeunaan obat-obatan, sasatoan jeung nu séjénna.
- Makuta emas jeung inten milik raja Visigoth jumlahna 27.
- Kitab-kitab kuno para filsup.
- Hihiasan jeung karya seni nu sakitu éndahna.[35][36]
Sanggeus saruntuyan pangbébasan ieu, Thoriq jeung pasukanna istirahat di Toledo.
Pangbébasan Andalusia Tahap Kadua
[édit | édit sumber]Catétan: loba pamanggih ngeunaan urutan pangbébasan kota demi kota nu dilakukeun Thoriq, Musa jeung pasukanna. Urutan pangbébasan dina ieu artikel ngan salah sahiji vérsi di antara réa vérsi séjén.
Kadatangan Musa bin Nusayr
[édit | édit sumber]Musa bin Nusayr datang ka Semenanjung Iberia dibarengan ku 18.000 tentara[37] pikeun ngarojong Thoriq ngalakukeun pangbébasan. Dirina datang dina Ramadhan 93 H (Juni 712 M).[38] Numutkeun sawatara sumber, Julian jeung pasukanna gé ngilu dina rombongan ieu.[39]
Nyiringna Sahabat Nabi
[édit | édit sumber]Bareng jeung Musa, sumping ogé hiji sahabat Nabi Muhammad yuswana ampir 100 taun, wastana Abu al-Munaizir. Numutkeun sajarawan Ar Razi, Abu al Munaizir téh minangka salah sawios sahabat nabi panganomna.[40]
Nyiringna Tabiin
[édit | édit sumber]Kajaba ti éta loba para tokoh tabiin nu nyariring. Numutkeun Alwi Alatas, aranjeuna téh nyaéta
- Hans as-San'ani
- Ibnu Rabah al-Lakhmi
- Abdullah bin Yazid al-Ma'arefi al-Jobeli
- Hayyan ibnu Abi Hoblah
- Iyadh bin Uqbah al-Fihri
- Habib bin Abi Ubaidah
- Abdullah bin Said
- Ibnu Shamasah
- Al-Mughirah bin Abi Burdah Nashitt bin Kinanah al-Adri
- Hayyat bin Reja at-Tamimi.[41]
Pangbébasan Kota Seville
[édit | édit sumber]Musa bin Nusayr saharita tanginas. Babarengan jeung pasukanna ngabébaskeun kota-kota nu can sempet dibébaskeun ku Thoriq. Dina waktu singket, Seville hasil dibébaskeun.[42] Musa ngajadikeun kota ieu minangka ibu kota Islam.[43]
Pangbébasan Kota Niebla
[édit | édit sumber]Sanggeus Seville, Musa gerak nuju ka kota Niebla. Teu hésé, Niebla gé saharita dibébaskeun.[44]
Pangbébasan Kota Faro
[édit | édit sumber]Musa gerak deui ngajugjug Kota Faro. Kalayan gampang, Kota Faro gé hasil dibuka.[45]
Pangbébasan Kota Beja
[édit | édit sumber]Musa ayeuna mah ngajugjug ka Kota Beja. Kota ieu nyaéta kota garnisun nu diwangun ku Julius Caesar.[46]
Pangbébasan Kota Malaga
[édit | édit sumber]Musa mecah pasukanna. maréntahkeun putrana, Abdul 'Ala bin Musa, pikeun mawa pasukan ngajugjug Malaga. Tanpa hehésé, Abdul 'Ala hasil muka kota Malaga.[47]
Pangbébasan Kota Evora
[édit | édit sumber]Musa maréntahkeun Abdul Aziz bin Musa, putrana nu lain, pikeun ngajugjug Kota Evora. Sarua siga saméméhna, Evora ogé babari dibébaskeun.[48]
Pangbébasan Kota Jaen
[édit | édit sumber]Abdul Aziz bin Musa ogé hasil ngabébaskeu n Jaen.[49]
Pangbébasan Kota Sagunto
[édit | édit sumber]Satuluyna, Abdul Aziz bin Musa ngajugjug Sagunto. Dirina jeung pasukanna hasil muka lawang kota.[50]
Pangbébasan Kota Murcia
[édit | édit sumber]Abdul Aziz bin Musa ngajugjug Kota Murcia. Theodomir sajauh ieu hasil mangnahankeun kotana ku sakitu hadéna najan ku saeutik prajurit. manéhna ménta sangkan sakabéh wanita pikeun maké baju wesi jeung ngangkat gondéwa di puncak-puncak bénténg. Ieu ngajadikeun Abdul Aziz nyangka yén maranéhna keur ngalawan pasukan nu kacida réana.
Ku alatan siasat éta, Abdul Aziz ménta pasini daméi sarta Theodomir nyatujuan. Theodomir dimeunangkeun ngawasa Murcia katut hukum nu ditetepkeunna asal mayar pajeg taonan dina wanda duit, sisikian, cuka, madu, minyak jeung anggur.[51][52] Jaga, kaum Muslim Andalusia nyebut tempat éta Bilad Tudmir (Nagri Tudmir).[53] Satuluyna ieu janji pasini antara Theodomir jeung kaum muslimin:
"(Tudmir) moal
- méré panglindungan pikeun buron jeung musuh-musuh urang
- Ngajurung pikeun jalma nu dilindungan pikeun sieun ka urang
- Nyumputkeun béja ngeunaan musuh-musuh urang."[54]
Pangbébasan Kota Zaragoza
[édit | édit sumber]Musa bin Nusayr katut pasukanna ngajugjug Kota Merida. Tetéla, pasukan Merida kacida kuatna sarta kaum muslimin teu bisa meunang. Nepi ka ampir datang Idul Fitri, pasukan Musa teu sanggup nembus Merida. Dina poéan Idul Fitri, Musa maréntahkeun para prajuritna ngawarnaan rambut jeung janggotna ku warna beureum pikeun ngareuah-reuah Idul Fitri. Pasukan Visigoth nu teu nyaho naon-naon kasima lantaran rambut pasukan Musa robah jadi beureum. Musa sadar kana hal éta saharita nyieun tindakan. Isukna, dirina maréntahkeun prajuritna pikeun ngawarnaan buukna ku warna hideung. Prajurit Visigoth gé kasima deui. Maranéhna cumarita,
"Kami geus nempo raja maranéhna, hiji kolot tapi bisa robah jadi ngora deui. Ku kituna turutan nasehat kami, yén urang kudu datang ka manéhna jeung nedunan kahayangna, sabab urang moal sanggup nyanghareupan jalma-jalma siga kitu"
Antukna, dijieun janji daméi siga nu dilakukeun di sababaraha kota séjén. Maranéhna kudu mayar pajeg taunan siga kota lianna.[55]
Numutkeun David Levering Lewis, cara ieu can hasil sapinuhna ngajadikeun pasukan Visigoth sumerah. Mangsa éta wé Julian katut pasukanna api-api ngabalad. Dirina ménta dibukakeun lawang panto. Sanggeus asuh ka jero kota, pasukan Julian niupkeun béja yén Musa jeung pasukanna téh nyaéta prajurit déwa nu mampu ngarobah tangtungan jeung umur maranéhna sakahayang. Maranéhna maréntah pasukan Visigoth pikeun nyerah waé. Akhirna janji damai gé dijieun.[56]
Pangbébasan Kota Talavera
[édit | édit sumber]Pasukan Musa nyimpang ka Kota Talavera pikeun ngabébaskeunna méméh nuju ka Zaragoza bareng jeung Thoriq.[57]
Pangbébasan Kota Zaragoza
[édit | édit sumber]Kota Zaragoza dikenal ogé ku ngaran Saragossa. Sanggeus muka Kota Merida, Musa mecah pasukanna jadi dua. Abdul Aziz bin Musa nuluykeun lalampahan sedeng musa sorangan nepungan Thoriq di Toledo (pamanggih séjén nyebutkeun di Kota Talavera, belah kulon Toledo).[58] Musa jeung Thoriq ngagabungkeun pasukan jeung hasil ngabébaskeun Zaragoza.[59] Zaragoza mangsa harita téh pusat Romawi Kuno. Di kota ieu, Musa ngadegkeun Masjid Agung Sarkusta. Kiwari masjid ieu gé robah jadi Katedral La Seo.[60]
Pangbébasan Kota Burgos
[édit | édit sumber]Sanggeus éta, pasukan ngajugjug ka Kota Burgos sarta bisa dibébaskeun kalayan gampang. Salah sahiji désa nu dibébaskeun ngaranna Désa Amaya.[61][62]
Pangbébasan Kota Coimbra
[édit | édit sumber]Abdul Aziz bin Musa nu mawa pasukan cukup réa harita ngajugjug Kota Coimbra, Ayeuna ayana di Portugal. Kota ieu bisa dibébaskeun kalayan teu hésé.[63]
Pangbébasan Kota Santarem
[édit | édit sumber]Réngsé ti éta, Abdul Aziz ngajugjug Santare. Sarua siga Coimbra, lawang Santarem gé bisa dibuka kalayan gampang.[64] Kiwari Santarem aya di wewengkon Portugal.
Pangbébasan Kota Mertola
[édit | édit sumber]Pasukan Musa ngajugjug Mertola sarta hasil ngéléhkeun tentara-tentara panjaga kota.[65]
Pangbébasan Kota Salamanca
[édit | édit sumber]Pasukan Musa ngajugjug Salamanca sarta hasil muka lawangna.[66]
Pangbébasan Kota Valencia
[édit | édit sumber]Valencia ogé hasil dibébasken sanggeus tarung ragot.[67]
Pangbébasan Kota Valladolid
[édit | édit sumber]Pasukan gerak ka arah Valladolid sarta bisa muka lawang kotana.[67]
Pangbébasan Kota Barcelona
[édit | édit sumber]Rengsa Zaragoz, Musa jeung Thoriq ngajugjug Barcelona sarta hasil ngabébaskeun kota éta kalayan gampang.[68][69]
Pangbébasan Kota Leon
[édit | édit sumber]Thoriq jeung Musa ngabagi pasukanna. Thoriq mecut kudana ka Provinsi Leon jeung Castile. Ngabébaskeun Kota Leon, Spanyol, sanggeus perang rongkah.[70]
Pangbébasan Kota Astorga
[édit | édit sumber]Réngsé ti dinya, Thoriq ngajugjug Astorga. Di dieu Thoriq kalayan gampang bisa muka lawang kota sarta ngawasana.[71]
Pangbebasan Kota Oviedo
[édit | édit sumber]Musa ngajugjug Oviedo nu aya dina kakawasaan Karajaan Asturia. Teu kungsi lila, akhirna Musa bisa ngawasa kota.[72]
Pangbébasan Kota Gijon
[édit | édit sumber]Thoriq ngajugjug Kota Gijon sarta hasil ngabébaskeunna.[73]
Nuluykeun Pangbébasan
[édit | édit sumber]Musa jeung Thoriq nuluykeun pangbébasan ngajujug ka arah kulon Andalusia, tapi ngaran kota jeung urutanna teu kanyahoan. Bérés ti dinya marulang ka Toledo.[74]
Status Wilayah Ceuta
[édit | édit sumber]Alatan geus réa ngabantu pasukan Thoriq, Julian tetep diantepkeun ngawasa Ceuta pikeun ngahormatanna. Thoriq ngan ngawajibkeun ngirim pajeg taunan. Engkéna, wanci Julian geus maot, wilayah Ceuta karak diasupkeun kana aréa kakhalifahan Islam. Sedengkeun nasib Florinda teu kanyahoan deui.[75]
Kondisi Pasca Pangbébasan
[édit | édit sumber]Pulitik
[édit | édit sumber]Thoriq bin Ziyad diangkat jadi gupernur Andalusia pikeun saheulaanan. Dirina bareng jeung Musa bin Nusayr nanjeurkeun hukum Islam ka sakuliah Semenanjung Iberia.[76] Para pamingpin nu geus nanda tangan pasini daméi jeung pasukan Thoriq wajib mayar pajeg taunan jeung ngaku kakawasaan kakhalifahan Islam. Minangka walesanna, Maranéhna diijinan ngabogaan pamaréntahan nu mandiri. Maranéhna gé dilindungan sakumaha warga lianna.
Thoriq ngupayakeun ngaréngsékeun hak-hak nu saméméhna dirampas ku Roderick, contona kasus Witiza. Witiza téh pangawasa Semenanjung Iberia méméh Roderick. Tapi, taun 710 M, Roderick ngayakeun kudéta ka pamaréntahan Witiza hingga ka tiwasna. Harta-harta Witiza gé loba nu direbut. Dina Perang Guadalete, pasukan pangrojong Witiza nu diringkid ku Roderick biluk ka Thoriq. Pasukan Witiza satuju ngabantu Thoriq ku imbalan Thoriq mikeun hak maranéhna nu dirampas ku Roderick, nyaéta 3.000 paternakan[77] jeung 1.000 désa.[78]
Réngsé Perang Guadalete, anak-anak Witiza manggihan Thoriq sarta ménta nyaosan jangjina. Thoriq ménta maranéhna pikeun nepungan Musa bin Nusayr di Qayrawan, dirina bakal ngaréngsékeun urusan maranéhna. Thoriq gé ngabantu nuliskeun surat rékomendasi ngeunaan kasus éta. Sanggeus maca surat sarta pangjéntréan ti barudak Witiza, Musa nedunan kahayangna. Dirina malikkeun hak maranéhna nu geus dirampas ku Roderick, nyaéta 3.000 paternakan jeung 1.000 désa.[79]
Sosial-Ekonomi
[édit | édit sumber]Méméh pangbébasan Andalusia, Visigoth maraktékkeun Latifundium. Nyaéta hiji prakték pangolahan tanah nu pagawena téh para budak, siga industri kekebonan dina jaman kiwari. Numutkeun David Levering Lewis, ekonomi Visigoth diwangun di saluhuren pangbudakan.[80] Sanggeus Thoriq datang tanah éta dibagi-bagi ka patani lokal. Sabagéan gedé budak ogé dibébaskeun atawa maranéhna ngabébaskeun manéh sorangan maké tebusan (dina jaman Visigoth, budak teu dimeunangkeun nebus anjeun).
Thoriq gé ngabebankeun pajeg umum ka sakabéh masyarakat, arek manéhna muslim, nasrani atawa yahudi. Khusus pangeusi nasrani jeung yahudi, aya pajeg pribadi atawa mun teu mampu, kudu ngaganti ku wajib militer. Pajeg ieu ngahambalan luyu kana tingkat profesionalitas maranéhna. Mingkin profesional jeung beunghar, pajegna mingkin gedé. Kajaba ti éta, aya ogé kelompok masyarakat bébas pajeg, Maranéhna nyaéta:
- awéwé
- Barudak
- Biarawan
- Jalma cacad
- Jalma gering
- Tukang jajaluk
- Hamba sahaya[81]
Pelayo ti Asturias
[édit | édit sumber]Semenanjung Iberia réngsé dikawasa kajaba Asturias. Aya hiji ménak Visigoth nu ngaranna Pelayo, meureun pangawal pribadi Roderick. Pelayo hasil kabur tina Perang Guadalete jeung nyusun pasukan deui. Dina hiji poé maranéhna nyerang Thoriq, tapi teu hasil. Pelayo jeung pangiringna kadeseh nepi tinggal 30 lalaki jeung 10 awéwé. Maranéhna tuluy nyingkah ka daérah Covadonga, daérah nu lamping jeung réa pasir. Pasukan Thoriq terus ngepung Maranéhna nepi Pelayao jeung pangiringna kalaparan. Maranéhna ngan bisa ngadaharan madu nu dikumpulkeun tina tatangkalan nu dareukeut.
Pasukan Thoriq mikir teu perlu ngundag Pelayo deui lantaran manéhna jeung pangiringna bakal paéh kalaparan sorangan. Ku lantaran kitu, Maranéhna ninggalkeun Pelayo jeung mopohokeun kajadian éta. Ieu téh kasalahan fatal pasukan Thoriq. Teu disangka-sangka, Pelayo hasil batahan tina kalaparan jeung nyusun ulang kakuatanna deui. Pelayo ngadegkeun Kerajaan Asturias jeung jadi cikal bakal kakuatan mangsa pika hareupeun nu hasil ngusir Kaum Muslimin ti Semenanjung Iberia.[82]
Toléransi Agama ala Thoriq
[édit | édit sumber]Kondisi pra-Islam
[édit | édit sumber]Awalna kondisi hubungan antar agama cukup hadé di Visigoth. Tapi, kabéh robah waktu Dewan Toledo Katujuh ngumumkeun hiji dékrit, "Raja moal ngajénan saurang ogé nu lain Katolik dina karajaanna"[83] Bangsa Yahudi dipaksa pindah agama jadi Katolik jeung dijadikeun budak sedengkeun Kristen Unitarian dianggap bid'ah ku karajaan. Kariaan agama, samodél Paskah, palaksanaan hukum dahareun jeung nikah agamis dilarang. Antukna rébuan urang Yahudi kabur ka Pyrennes di kidul kulon Perancis. Kaum Yahudi téh minangka kelompok nu paling kasiksa, ku alatan kitu basa pasukan Thoriq datang, Maranéhna atoh lantaran ngandung harti Visigoth geus runtuh. Maranéhanna gé ngabantu Thoriq muka lawang kota.[84]
Kondisi Sabada Pangbébasan
[édit | édit sumber]Aya hiji jangji daméi nu loba digunemkeun ngeunaan toléransi agama. Téks ieu ngabogaan tanggal 713 M, disusun ku Abdul Aziz bin Musa jeung Theodomir. Di handpa ieu téks nu hubungan jeung toléransi agama:
- "Umat Karesten dimeunangkeun pikeun tétap ngabogaan garéja-garéja jeung biara-biarana, kitu ogé kaum Yahudi dimeunangkeun miboga sinagog-sinagogna..."
- "Komunitas-komunitas Karesten jeung Yahudi tetep nyepeng jeung nerapkeun hak hukum otonom dina unggal pasalia nu teu mamawa hak-hak kaum Muslim. Maranéhna gé ngabogaan pamingpin-pamingpin sorangan, uskup-uskup, sarta komite (ménak nu ditunjuk) pikeun ngawakilan maranéhna dina pamaréntahan Muslim."[85]
- "Panganutna moal ditandasa atawa dijadikeun tahanan...Maranéhna moal dipaksa dina hal agama, garéjana moal didurukan."[86]
Thoriq jeung pasukanna ngupayakeun nanjeurkeun toléransi agama kalayan maksimal. Kelompok nu pangatohna ku kawijakan ieu téh nyaéta Yahudi, lantaran saméméhna sakitu tunggarana ku tekenan Visigoth. Tapi, lian ti Yahudi, kelompok Nasrani gé nunjukkeun minat nu kuat. David Levering Lewis ngoméntaran masalah toléransi ieu ku nyarita:
"Tradisi kabébasan relatif tina hal-hal sipil jadi diajénan pisan di Andalusia, ku hasil nu sakitu hadéna hingga loba turunan aristokrat jeung rakyat Katolik siap pikeun nurut ka pangawasa muslim sakumaha urang-urang Yahudi di Kordoba jeung Sevilla."[87]
Pasalia Thoriq jeung Tokoh Séjénna
[édit | édit sumber]Pasalia Thoriq-Musa
[édit | édit sumber]Kasus Pangbébasan Andalusia
[édit | édit sumber]Sabada Perang Guadalete, Musa ngirim surat ka Thoriq, ménta sangkan nunda pangbébasan semet ka dirina nepi ka Andalusia. Tapi, harita Thoriq teu nurut ka Musa. Tinimbang Thoriq nyaéta lamun dirina nunda pangbébasan, mangka Visigoth bakal hasil nyusun kakuatan jeung nyerang balik pasukan Thoriq. Ku alatan éta, Thoriq tetep nuluykeun pangbébasanna.[88]
Mangsa Musa panggih jeung Thoriq di Toledo, Musa masih ingeut kajadian éta sarta kacida ambekna. Musa mecut Thoriq di hareupeun pasukanna sorangan sarta ngasupkeun ka panjara. Tapi Musa saharita nyadar yén kalakuanna ka Thoriq kacida kaleuleuwihi. Antukna, Thoriq dibébaskeun jeung diangkat deui jadi pamingpin pasukan. Satuluyna, duaan nuluykeun pangbébasan Andalusia.[89]
Kasus Méja Sulaiman
[édit | édit sumber]Thoriq manggihan Méja Sulaiman di Kota Medinat al Maida. Tapi, Musa ménta Thoriq pikeun nyérénkeun Méja Sulaiman jeung sakabéh harta rampasan perang ka dirina. Thoriq neukteuk salah sahiji suku méja jeung disumputkeun. Basa Musa nanyakeun soal suku méja nu leungit, Thoriq nyarita yén pas kapanggih gé memang geus kitu. Musa ngaku ka Al Walid yén dirina nu manggihan Méja Sulaiman jeung harta rampasan séjénna.
Mangsa Musa jeung Thoriq dipanggil ka Damaskus pikeun nyérénkeun harta rampasan, Khalifah Sulaiman bin Abdul Malik (Al Walid tos ngantukeun méméh sidang kasus Méja Sulaiman dijalankeun) nanyakeun ngeunaan kunaon suku Méja Sulaiman kapotong. Musa nyarita yén ti dituna. Harita Thoriq ngaluarkeun suku méja nu saméméhna beunang motong téa. éta nunjukkeun yén Thoriq nu sabenerna manggihan Méja Sulaiman. Khalifah Sulaiman bin Abdul Malik bendu jeung ngahukum Musa.[90]
Pasalia Thoriq-Rughyet
[édit | édit sumber]Numutkeun Alwi Alatas, Thoriq sempet pasea jeung Rughyet. Wanci Thoriq mulang ka Damaskus, Khalifah Sulaiman bin ABdul Malik ngagéroan Rughyet pikeun dipénta pamanggihna kumaha lamun dirina ngangkat Thoriq jadi gupernur Andalusia.
Rughyet nolak bari nyarita yén éta téh pibahayaeun teuing, lantaran:
"Lamun mah Thoriq ménta rakyat Andalusia pikeun sholat teu nyinghareup Kabah, tangtu maranéhna bakal nurut," ceuk Rughyet.
Rughyet ngagambarkeun yén rakyat Andalusia kacida taatna ka Thoriq jeung bisa ngabahayakeun kalungguhan Khalifah. Antukna Sulaiman teu jadi ngangkat Thoriq jadi deui gupernur Andalusia.
Waktu Thoriq ngadangu hal ieu, dirina nepungan Rughyet jeung nanyakeun alesanna kunaon Rughyet nyarita siga kitu. Rughyet nyebutkeun yén dirina ngabales Thoriq lantaran Thoriq kungsi ngarampas tawanan milik Rughyet.
"Lamun mah anjeun ngantep kuring bareng jeung tahanan kuring jeung heunteu ngarebutna, kuring bakal ngantepkeun Andalusia aya di lengeun anjeun." ceuk Rughyet.[91]
Taun-Taun Ahir Thoriq bin Ziyad
[édit | édit sumber]Sanggeus sawatara mangsa jadi gupernur Andalusia, Thoriq bin Ziyad disaur mulang ku Khalifah Al Walid ka Damaskus.[92] Taun-taun akhir hirup Thoriq bin Ziyad masih pinuh ku lalangse jeung can kasusud. Thoriq wafat tahun 720 M di Damaskus.
Kutipan-Kutipan Ngeunaan Thoriq bin Ziyad
[édit | édit sumber]- "Thoriq téh hiji jalma nu ludengan, gagah, leuwih mikacinta perang dibandingkeun harta banda" (Henry Coppee)[93]
- "manéhna (Thoriq bin Ziyad) pasti can kolot-kolot teuing, hiji panunggang kuda nu sakitu cingcetna, jeung pasti lahir minangka hiji pamingpin" (David Levering Lewis)[94]
- "Saperti (Julius) Caesar, Thoriq téh nyaéta hiji tukang tarohan nu mampu ngailhaman tentarana pikeun mati bajoang ku pinuh pangabakti ngalawan halangan nu pikasieuneun" (David Levering Lewis)[95]
Kutipan-Kutipan Pembébasan Andalusia
[édit | édit sumber]- "Dina peuting kadatangan Islam di Benua Éropa, paradaban Éropa ngan -jeung mémang, teu leuwih ti hiji kamungkinan...Nu méré jangji bangkitna deui Éropa justru nyaéta paradaban baru umat Islam nu bakal ditransfer ku Thoriq bin Ziyad katut sababaraha rébu prajurit Berberna ti Afrika Kalér ka Hispania" (David Levering Lewis)[96]
- "Mangsa cahaya bebeneran nyorot Spanyol, réalitas otentik negéri ieu kabuka dina alur nu pangcaangna" (Americo Castro)[97]
- "Maranéhna (Visigoth) saharita digantikeun ku 'Heulang-Heulang Arab jeung Afrika' nu lain wungkul ngarebut Semennanjung Iberia ti leungeun Bangsa Visigoth, tapi ogé ngukir salah sahiji mozaik pangéndahna dina paradaban dunia" (Alwi Alatas)[98]
Tempo ogé
[édit | édit sumber]- Penaklukan Spanyol dan Portugal oleh Bani Umayyah
- Al-Andalus
- Moor
- Al-Hurr bin Abdurrahman
- Roderic
- Musa bin Nushair
- Tharif bin Malik
Referensi
[édit | édit sumber]- ↑ a b Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 42
- ↑ Istilah Taric el Tuerto kaluar dina sawatara karya para panulis barat taun 1800-an, di antarana Washington Irving, Henry Coppee jeung nu sejenna. Tong dihartikeun sacara harfiah, Thoriq hanteu pecak.
- ↑ https://en.wikipedia.org/wiki/Tariq_ibn_Ziyad
- ↑ a b c d e Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 88
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 88-89
- ↑ Thomson, Ahmad dan Muhammad 'Ata' Ur Rahim. 2004. Islam Andalusia: Sejarah Kebangkitan dan Keruntuhan. Gaya Media Pratama: Ciputat halaman 10-12
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 76
- ↑ a b Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 81
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 81-82
- ↑ a b c Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 83
- ↑ Thomson, Ahmad dan Muhammad 'Ata' Ur Rahim. 2004. Islam Andalusia: Sejarah Kebangkitan dan Keruntuhan. Gaya Media Pratama: Ciputat.
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 83
- ↑ http://www.jewishencyclopedia.com/articles/9247-kaula-al-yahudi
- ↑ Thomson, Ahmad dan Muhammad 'Ata' Ur Rahim. 2004. Islam Andalusia: Sejarah Kebangkitan dan Keruntuhan. Gaya Media Pratama: Ciputat halaman 19-21
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 86-87
- ↑ https://en.wikipedia.org/wiki/Cartagena,_Spain#Middle_Ages
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 90
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 91
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 102
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 96
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 111
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 112
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 112
- ↑ http://www.ayto-morondelafrontera.org/opencms/opencms/morondelafrontera/content/turi/info/info_historia-y-cultura.html
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 112
- ↑ https://en.wikipedia.org/wiki/Alcal%C3%A1_de_Guada%C3%ADra#history
- ↑ http://books.google.co.id/books?id=UB4uSVt3ulUC&printsec=frontcover&source=gbs_ge_summary_r&cad=0#v=onepage&q&f=false
- ↑ https://en.wikipedia.org/wiki/Guadalajara,_Castile-La_Mancha#Al-Andalus_foundation
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 113-114
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 115-120
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 115
- ↑ https://en.wikipedia.org/wiki/Almu%C3%B1%C3%A9car#Muslim_rule
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 121
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 121
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 121
- ↑ Thomson, Ahmad dan Muhammad 'Ata' Ur Rahim. 2004. Islam Andalusia: Sejarah Kebangkitan dan Keruntuhan. Gaya Media Pratama: Ciputat halaman 23
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 125
- ↑ Lewis, David Levering. 2008. The Greatness of Al-Andalus: Ketika Islam Mewarnai Peradaban Barat. Serambi: Jakarta halaman 202
- ↑ Lewis, David Levering. 2008. The Greatness of Al-Andalus: Ketika Islam Mewarnai Peradaban Barat. Serambi: Jakarta halaman 203
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 126
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 126-130
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 130
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 139
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 130
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 130
- ↑ Lewis, David Levering. 2008. The Greatness of Al-Andalus: Ketika Islam Mewarnai Peradaban Barat. Serambi: Jakarta halaman 202
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 131
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 131
- ↑ https://en.wikipedia.org/wiki/Timeline_of_the_Muslim_presence_in_the_Iberian_peninsula#Conquest_.28710.E2.80.93756.29
- ↑ https://en.wikipedia.org/wiki/Sagunto#History
- ↑ Lewis, David Levering. 2008. The Greatness of Al-Andalus: Ketika Islam Mewarnai Peradaban Barat. Serambi: Jakarta halaman 205
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 131-132
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 132
- ↑ Lewis, David Levering. 2008. The Greatness of Al-Andalus: Ketika Islam Mewarnai Peradaban Barat. Serambi: Jakarta halaman 205
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 132-134
- ↑ Lewis, David Levering. 2008. The Greatness of Al-Andalus: Ketika Islam Mewarnai Peradaban Barat. Serambi: Jakarta halaman 204
- ↑ https://en.wikipedia.org/wiki/Talavera_de_la_Reina#Muslim_conquest
- ↑ Lewis, David Levering. 2008. The Greatness of Al-Andalus: Ketika Islam Mewarnai Peradaban Barat. Serambi: Jakarta halaman 206
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 136
- ↑ Lewis, David Levering. 2008. The Greatness of Al-Andalus: Ketika Islam Mewarnai Peradaban Barat. Serambi: Jakarta halaman 207
- ↑ https://en.wikipedia.org/wiki/Burgos#History
- ↑ https://en.wikipedia.org/wiki/Amaya_(Burgos)
- ↑ Lewis, David Levering. 2008. The Greatness of Al-Andalus: Ketika Islam Mewarnai Peradaban Barat. Serambi: Jakarta halaman 205
- ↑ Lewis, David Levering. 2008. The Greatness of Al-Andalus: Ketika Islam Mewarnai Peradaban Barat. Serambi: Jakarta halaman 205
- ↑ https://en.wikipedia.org/wiki/M%C3%A9rtola#Islamic_rule
- ↑ https://en.wikipedia.org/wiki/Salamanca#History
- ↑ a b https://en.wikipedia.org/wiki/Valencia_(city_in_Spain)#Middle_Ages
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 136
- ↑ Ada legenda yang menyebutkan bahwa Thariq dan Musa berhasil menembus Gunung Pyrennes, Prancis Selatan, dan membebaskan kota Narbonne, Avignon, dan Lyons. Kemudian pasukan mereka menuju sungai Rhone. Mereka bertekad akan meneruskan perjalanan sampai ke Gerbang Konstantinopel, membuka Konstantinopel, dan berjalan sampai ke istana khalifah di Damaskus. Namun, itu tidak jadi dilakukan karena khalifah Al-Walid keburu memanggil Thariq dan Musa untuk kembali ke Damaskus. Alwi Alatas menolak kisah ini, katanya, "kecil kemungkinan mereka melakukan itu. Bagaimanapun pasukan Muslimin hanya 25.000 orang sementara wilayah Al-Andalus sudah terlampau luas untuk dikontrol, apalagi penduduknya 4-5 juta orang" (halaman 137)
- ↑ Lewis, David Levering. 2008. The Greatness of Al-Andalus: Ketika Islam Mewarnai Peradaban Barat. Serambi: Jakarta halaman 207
- ↑ Lewis, David Levering. 2008. The Greatness of Al-Andalus: Ketika Islam Mewarnai Peradaban Barat. Serambi: Jakarta halaman 207
- ↑ Lewis, David Levering. 2008. The Greatness of Al-Andalus: Ketika Islam Mewarnai Peradaban Barat. Serambi: Jakarta halaman 207
- ↑ https://en.wikipedia.org/wiki/Gij%C3%B3n#Middle_Ages_and_Modern_Era
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 139
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 139-140
- ↑ Thomson, Ahmad dan Muhammad 'Ata' Ur Rahim. 2004. Islam Andalusia: Sejarah Kebangkitan dan Keruntuhan. Gaya Media Pratama: Ciputat halaman 28
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 96
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 108
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 107-108
- ↑ Lewis, David Levering. 2008. The Greatness of Al-Andalus: Ketika Islam Mewarnai Peradaban Barat. Serambi: Jakarta halaman 180
- ↑ Thomson, Ahmad dan Muhammad 'Ata' Ur Rahim. 2004. Islam Andalusia: Sejarah Kebangkitan dan Keruntuhan. Gaya Media Pratama: Ciputat halaman 26
- ↑ Thomson, Ahmad dan Muhammad 'Ata' Ur Rahim. 2004. Islam Andalusia: Sejarah Kebangkitan dan Keruntuhan. Gaya Media Pratama: Ciputat halaman 28-29
- ↑ Lewis, David Levering. 2008. The Greatness of Al-Andalus: Ketika Islam Mewarnai Peradaban Barat. Serambi: Jakarta halaman 183-184
- ↑ Lewis, David Levering. 2008. The Greatness of Al-Andalus: Ketika Islam Mewarnai Peradaban Barat. Serambi: Jakarta halaman 184-187
- ↑ Thomson, Ahmad dan Muhammad 'Ata' Ur Rahim. 2004. Islam Andalusia: Sejarah Kebangkitan dan Keruntuhan. Gaya Media Pratama: Ciputat halaman 26
- ↑ Lewis, David Levering. 2008. The Greatness of Al-Andalus: Ketika Islam Mewarnai Peradaban Barat. Serambi: Jakarta halaman 205
- ↑ Lewis, David Levering. 2008. The Greatness of Al-Andalus: Ketika Islam Mewarnai Peradaban Barat. Serambi: Jakarta halaman 205
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 112
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 135-136
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 143-144
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 148-149
- ↑ Lewis, David Levering. 2008. The Greatness of Al-Andalus: Ketika Islam Mewarnai Peradaban Barat. Serambi: Jakarta halaman 208
- ↑ Henry Coppee. History of the Conquest of Spain by the Arab-Moors: With a Sketch of the Civilization which They Achieved, and Imparted to Europe halaman 343
- ↑ Lewis, David Levering. 2008. The Greatness of Al-Andalus: Ketika Islam Mewarnai Peradaban Barat. Serambi: Jakarta halaman 170
- ↑ Lewis, David Levering. 2008. The Greatness of Al-Andalus: Ketika Islam Mewarnai Peradaban Barat. Serambi: Jakarta halaman 194
- ↑ Lewis, David Levering. 2008. The Greatness of Al-Andalus: Ketika Islam Mewarnai Peradaban Barat. Serambi: Jakarta halaman 172 dan 215
- ↑ Thomson, Ahmad dan Muhammad 'Ata' Ur Rahim. 2004. Islam Andalusia: Sejarah Kebangkitan dan Keruntuhan. Gaya Media Pratama: Ciputat halaman VII
- ↑ Alatas, Alwi. 2007. Sang Penakluk Andalusia: Thariq ibn Ziyad dan Musa ibn Nusayr. Zikrul: Jakarta halaman 67