Tibet dina Kakawasaan Qing

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Tibet dina kakawasaan Qing nyoko kana kakawasaan Dinasti Qing di Tibet ti taun 1720 nepi ka 1912. Dina mangsa kakawasaan Qing di Tibet, ieu wilayah sacara struktrual, militér, jeung administrasi pamaréntah dikontrol ku Dinasti Qing anu diadegkeun ku bangsa Manchu di Tiongkok. Dina sajarah Tibet, kakawasaan administratif Qing diadegkeun sanggeus pasukan tangtara Qing ngéléhkeun bangsa Dzungar anu ngawasa di Tibet dina taun 1720. Ieu kajadian lumangsung nepi ka runtagna Dinasti Qing dina taun 1912, sanajan éta wilayah mertahankeun tingkat otonomi politik ti Dalai Lama. Kaisar Qing ngangkat résidén kakaisaran anu kawentar salaku Amban ka Tibet, kalawan maréntah leuwih ti 2.000 tangtara ditempatkeun di Lhasa lapor ka Lifan Yuan, salah sahiji badan pamaréntahan Qing anu ngawasa wates kakaisaran.[1] Protektorat anu diadegkeun Tiongkok di Tibet dina abad ka-18 tetep nanjung nepi ka abad ka-20, ngan abad ke-19 katompérnakeun, hégémoni Tiongkok ka Tibet leungit wewenang sanajan teu dibéwarakeun resmi. Lian ti éta, dipangaruhan ogé ku beban doméstik jeung hubungan luar nagri Tiongkok.[2] Tapi, Tiongkok mimiti nyokot léngkah neueulkeun deui kakuasaan sanggeus ékspédisi Britania Raya ke Tibet.[3]

Sajarah[édit | édit sumber]

Kasang Tukang[édit | édit sumber]

Kakaisaran Qing taun 1820 kalayan provinsi-provinsi dina warna kunéng, kegupernuran jeung protéktorat militér dina warna kunéng ngora, nagara-nagara nu mayar upeti dina warna gedang asak.

Güshi Khan ti Khoshut dina taun 1641 ngéléhkeun pangéran ti Tsang jeung ngajadikeun Dalai Lama ke-5 salaku otoritas spiritual jeung politik pangluhurna di Tibet, ngadegkeun rézim anu dipikawanoh salaku Ganden Phodrang. Mangsa Dalai Lama ka-5 mangrupa mangsa kakawasaan budaya jeung jalma nu baleunghar.[4]

Babarengan jeung Güshi Khan anu diadegkeun Kekhanan Khoshut salaku kakawasaan pangluhurna teu kalibet dina pamaréntahan. Dalai Lama ka-5 ngalaksanakeun kawijakan luar nagri sacara indepénden ti Qing kana dadasar otoritas spiritualna di antara urang Mongolia. Anjeunna salaku médiator antara séké sélér Mongol jeung antara urang Mongol kalayan Kaisar Kangxi ti Qing. Dina taun 1674, Kaisar ménta Dalai Lama keur ngirim pasukan Mongolia sangkan neken pangbaruntakan di Yunnan. Dalai Lama satuju, malah méré kamandang ka Kangxi sangkan ngaréngsékeun papaséaan di Yunnan ku cara nangtukeun délégasi tibatan tindakan militér. Ieu hal téh mangrupa titik balik Kaisar anu nyokot tindakan keur ngungkulan urang Mongol sacara langsung lain ngaliwatan Dalai Lama.[5]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Emblems of Empire: Selections from the Mactaggart Art Collection, by John E. Vollmer, Jacqueline Simcox, p154
  2. Revolution and Its Past: Identities and Change in Modern Chinese History, by R. Keith Schoppa, p341
  3. India Quarterly (volume 7), by Indian Council of World Affairs, p120
  4. René Grousset, The Empire of the Steppes, New Brunswick 1970, p. 522
  5. Smith 1997, pp. 116-7