Timah

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Timah

Timah nyaéta salah sahiji unsur kimia dina tabél périodik anu miboga simbul Sn (basa Latin: stannum) sarta nomor atom 50.[1] Timah mangrupa logam nu warnana bodas kapérakan, ku teuasna anu handap, beurat jenis 7,3 g/cm3, sarta miboga sifat konduktivitas panas jeung listrik anu luhur.[2] Dina kaayaan normal (13–1600 C), ieu logam téh ngagurilap sarta gampang dibentuk.[2] Timah kabentuk minangka endek primér dina batuan granit jeung dina daérah cabakan batuan endepan metamorf anu biasana ngasosiasi jeung turmalin ogé urat kuarsa timah, sarta minangka endepan sekundér, anu dijerona ngawengku endepan alluvium, elluvial, jeung koluvium.[2]

Mineral anu kakandung dina bijih timah umumna mah mineral utama nyatéa kasiterit, sedengkeun pirit, kuarsa, zircon, ilmenit, plumbum, bismut, arsenik, stibnite, kalkopirit, kuprit, xenotim, jeung monasit mah mangrupa mineral ngiluan.[2] Kagunaan timah loba pisan, utamana mah pikeun bahan baku logam lalapis, soldér, jeung lianna. Poténsi timah di Indonesia nyangkaruk di Pulo Bangka, Pulo Belitung, Pulo Singkep, jeung Pulo Karimun.[2]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. "Tabel Periodik (Indonesian Periodic Table)". PTable. Diakses tanggal 3/2/2016. 
  2. a b c d e "TIMAH". Data Pertambangan Mineral dan Batubara. Diakses tanggal 3/2/2016. 
Nulis.jpg