Topéng Bali

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian


Topéng Sidhakarya Selem salasahiji jenis Topéng Bali

Topéng Bali nyaéta wangun dramatisasi anu aya di Provinsi Bali pikeun nepikeun hiji atawa loba makna anu saéstuna ngagambarkeun ilustrasi kahirupan manusa di Bali.[1] Di Bali hususna, topéng Bali bisa mangrupa barongket, barong macan, barong bangkal, barong lembu, atawa kedok anu dipaké pikeun kabutuhan drama tari Bali.[2]

Sajarah[édit | édit sumber]

DI mangsa pra-sajarah pintonan topéng sifatna magis, mitos jeung religius anu fungsi utamana nyaéta pikeun muja karuhun. Dumasar kana kapercayaan animismeu, topéng disawang geu asa di mangsa pra-sajarah tapi kecap topéng kapanggihna di prasasti abad ka-9.[3] Sawangan ngeunaan munculna topéng babad bisa dipastikeun abad ka-17 dina pamaréntahan Dalem Sagening anu maréntah karajaan Gelgel ti taun 1580-1665, kalawan pangibingna I Gusti Pering Jelantik.[3] Pakar di Bali biasana ngagunakeun opat vérsi ngeunaan gumelarna topéng di Bali.

  1. Prasasti Bebetin taun 896 M zaman Raj Ugraséna di Bedulu.
  2. Munculna topéng salaku bagéan tina purwaning kalangwan saperti anu ditulis di lontar (ayeuna buku) Siwagama.
  3. Gumelarna dramatari topéng ngeunaan Raja Waturenggong anu mimpin karajaan Gelgel pikeun ngutus Patih Ularan ka Jawa Wetan. Diutus pikeun perang ngalawan karajaan Blambangan sarta nyokot topéng salaku hasil perang.
  4. Topéng asalna ti Sanghyang Legong. Ayana ibing topéng bisa disusur ti asal-usul topéng sakral di Ketewel.[1]

Iwal ti dinya, dina Negara Kertagama, buku raja-raja abad ka-14 ogé nyebutkeun ngeunaan topéng. Caritana ngeunaan Panji ti jeung gala jeung Candra Kirana ti Daha.[1] Disebut ogé yén barong di Bali nyaéta turunan tina ibing singa anu aya di Cina atawa barongsai anu muncul mangsa Dinasti T'ang (abad ka-7 nepi ka 10 M) jeung sumebar ka sababaraha nagara Asia Timur.[1]

Klasifikasi Topéng Bali[édit | édit sumber]

Topéng Bali bisa diklasifikasikeun ku sababaraha bagian nyaéta baris ditataan saperti ieu di handap:[3]

Barong
  1. Karakter atawa tipe psikologis,
  2. Unsur pasemon
  3. Strukturna
  4. Kontéksna
  5. Zamanna
  6. Numutkeun genre seni pintonan. Aya lima rupa topéng Bali ditilik tina aspék kagenep nyaéta: Brutuk, Barong & Rangda, Telek & Jauk, Wayang Wong, jeung Dramatari Topéng.[4] Barong & Rangda ogé kabagi deui jadi tilu, nyaéta Barong, Barong Landung jeung Calonarang. Wayang Wong kabagi jadi dua, nyaéta Wayang Wong Parwa jeung Wayang Wong Ramayana.[4] Sedengkeun Dramatari Topéng numutkeun jumlah pangibing jeung makéna topéng dibagi tilu, nyaéta Topéng Pajegan, Topéng Panca, jeung Topéng Prembon.[3][4]

Prosés Nyieun Topéng Bali[édit | édit sumber]

Aspék sakral tina hiji topéng iwal ti fungsina, ogé ditambahan ku kalakuan seniman anu nyieunna, kayu nu dipakéna, tulisan magis anu ditulis dijerona, kakuatan spiritual/Dewata anu diasupkeun ka jerona ngaliwatan upacara Pasupati, sarta sagala rupa upacara anu ngabarung unggal tahap dijieunna nepi ka bérésna hiji topéng.[5]

  • Mimiti prosés motong kai nepi ka mahat kudu di mimitian ku upacara.[5]
  • Sanggeus bentuk topéng jadi, dilaksanakeun cudamani atawa masang huntu jeung taring tina kulit kerang.[5]
  • Prosés ngawarnaan ngagunakeun 9 warna Bali anu dijieun tina bahan alam.[5]
  • Topéng dilapisan ancur nepi ka sapuluh lapis anu disebut ngapon.[5]
  • Saterusna prosés méré fernis sangkan lila jeung ngagurilap.[5]
  • Pamasangan unsur-unsur séjén saperti masang halis, kumis, janggot, jeung jambang.[5]
  • Anu pamungkas dibéré prade dina bagéan hiasan topéng jeung cudamani.[5]

Nalika topéng geus bérés, lamun wujudna topéng Barong, Rangda jeung Sidakarya topéng bakal dihirupkeun deui ngaliwatan upacara Ngutpeti dina sababaraha tingkatan.[3] Tingkatan-tingkatanna baris ditataan saperti ieu di handap:[3]

  1. Upacara Prayascita jeung Melaspas
  2. Upacara Ngatep jeung Masupati
  3. Upacara Masuci atawa Ngerehin
  4. Pamungkas nyaéta upacara pemberkatan ngaliwatan cai suci (tirta)[3]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d Bandem, I Madé. 2001. The Other Face of Humanity. Rex Book Store. Inc: Philippines
  2. Agus, Sri.2007. Antropologi SMA Program Bahasa. Jakarta: Ganeca
  3. a b c d e f g Kodi, I.K. 2006. Topeng Bondres Dalam Perubahan Masyarakat Bali: Suatu Kajian Budaya. Unpublished Master Thesis. Universitas Udayana.
  4. a b c Catra, Nyoman. 1996. Topeng: Mask Dance-Drama as a Reflection of Balinese Culture. A Case Study of Topeng/Prembon. M.A. Thesis, Emerson College.
  5. a b c d e f g h Putra, I Dewa Gde. 1977. Teknik Pembuatan Tapel Tradisional Bali. Proyek Sasana Budaya Bali. Denpasar.