Toto Sudarto Bachtiar

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Toto Sudarto Bachtiar babar di Cirebon, Jawa Kulon ping 12 Oktober 1929.[1]Pupus di Paris, Perancis ping 9 Oktober 2007 dina yuswa 77 taun.[1] Atikan pangahirna di MULO ( Bandung, 1950).[1] Pernah jadi rédaktur majalah Angkasa, Menara, jeung Sunda.[1] Pernah jadi Pupuhu Déwan Pertimbangan Kabudayaan Provinsi Jawa Kulon.[1] Pernah menangkeun Hadiah Sastra BMKN taun 1957.[1] Karya-karya nu dihasilkeun dina wangun kumpulan puisi: Suara (1956), Etsa (1958), Datang dari Masa Depan (37 penyair Indonesia, 2000), jeung Desah (2001).[1] Karya- karya tarjamahan, dina wangun novél: Pertemuan Penghabisan (Hemingway, 1976), dina wangun drama: Pelacur ( Sartre,1954), Malam Terakhir (Rabindratanath Tarogé, 1976), Sulaiman yang Agung (Harold Lamb, 1958), Bunglon (Anton Chekow, 1965), Sanyasi (R. Tarogé, 1970), Bayangan Memudar (Bréton de Nijs, bersama Sugiarta Sriwibawa, 1975).[1]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h Kutha Ratna, Nyoman (2018). Ensiklopedia (2000 Istilah, Biografi, Karya, Metode dan Teori Sastra). Yogyakarta: Pustaka Pelajar. ISBN 9786022297437.