Turuwiseun

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Turuwiseun di luhur

Turuwiseun, sok disebut ogé bintitan, nyaéta inféksi baktéri dina kalenjar minyak na kongkolak panon.[1] Ieu ngabalukarkeun bijilna melentis beureum dina tungtung kongkolak panon.[2][3] Ari bagian luarna ogé bisa kapangaruhan jadi bareuh.[4]

Nu nyebabkeunana mah biasana nyaéta inféksi bakteri Staphylococcus aureus.[4][5] Nu internalna disababkeun ku inféksi kalenjar meibomian sedengkeun nu ékternalna mah ku inféksi kalenjar Zeis.[3] Kalasi di sisi séjén mangrupa kalenjar minyak kapeungpeuk tanpa inféksi.[1] Biasana mah ayana di tengah kongkolak panon tanpa karasa nyeri.[3]

Biasana melentisna téh sok leungit tanpa kudu dikukumaha dina sawatara poé atawa minggu mah.[4] Rékomendasi sangkan téréh cageur pikeun dikomprés haneut.[3] Bisa ogé maké antibiotik salep panon.[5] Sok sanajan ieu saran téh dirékomendasikeun, nyatana mah bisa miparna kana turuwiseun.[4] Frékuénsi bijilna turuwiseun mah teu jelas.[6] Lantara bisa narajang ka sakabéh umur.[6]

Tanda jeung gejala[édit | édit sumber]

Turuwiseun di kongkolak panon handap

Tanda munggaran nyaéta melentis konéng dina tengah-tengah bareuhna nu tuluy jadi nanah.[7]

Gejala séjén turuwiseun nyaéta:

  • Melentis dina kongkolak panon luhur atawa handap
  • Bareuh di sabudeureun nu melentis dina panon
  • Nyeri mata
  • Beureum
  • Ngaginyel dina nu bareuh
  • Ngageleng dina kongkolak mata
  • Mata karasa panas
  • Kongkolak panon lembap
  • Ateul hayang ngagisik bola mata
  • Tetempoan saru
  • Panon jiih kaluar cairan
  • Iritasi panon[8]
  • Sénsitifitas cahya
  • Soéh
  • Teu genah ngiceup[9]
  • Asa aya nu asup kana mata

Komplikasi[édit | édit sumber]

Komplikasi turuwiseun jarang pisan kajadianna. Ngan, mimindengna mah komplikasi turuwiseun téh lanjutan tina kalasi nu nyumebabkeun kalainan wangun kosmétik, iritasi kornéa, jeung sok ngabutuhkeun pangangkatan jeung pambedahan.[10] Bisa ogé bijilna komplikasi téh tina pambedahan nu teu bener, jeung komona mah tina gangguan tumuwuhna bulu mata, kalainan wangun kongkolak panon atawa fistula kongkolak panon. Turuwiseun badag bisa ngaganggu tetempoan hiji jalma.

Sélulitis kongkolak panon nyaéta komplikasi poténsial séjén tina turuwiseun, nu mangrupa inféksi umum kongkolak panon. Tumuluyna tarajangan nepi ka inféksi sistemik (nyumebar ka saawak-awak), ieu jarang pisan jeung deuih ngan sawatara conto tina sumebarna ieu panyakit nu pernah kacatet siga kieu.[11]

Asbab[édit | édit sumber]

MImindengna mah turuwiseun téh ku lantaran kapeungpeukna kalenjar minyak di dasar bulu mata. Turuwiseun dialaman ku sakabéh umur. Turuwiseun bisa dipicu ku gizi buruk, kurang saré, kurang berséka, kurang cai jeung gigisik waé. Mindeng kajadian turuwiseun téh alatan inféksi stafilokokus dina mata, jeung bisa disababkeun ku blepharitis atawa immunoglobulin.[12] Sapaké anduk jeung batur ulah pati digedékeun pikeun nyingkahan sumebarna inféksi antar individu.[13][14]

Nyingkahan[édit | édit sumber]

Nyingkahan turuwiseun ruket patalina jeung berseka anu bener. Kukumbah leungeun nu bener bisa ngurangan résiko teu ngan saukur kaserang ku turuwiseun tapi ogé jenis inféksi séjénna.

Hudang saré téh antelkeun waslap haneut kana kongkolak mata samet samenit atawa dua menit mah, ieu bisa ngurangan résiko turuwiseun sarta ngaleyurkeun eusi kalenjar minyak kongkolak panon. jeung nyegah kapeungpeuk.[15]

Pikeun nyegah ngagedéanna turuwiseun, dianjurkeun ulah maké kosmétik, komo kosmétik anu batur mah. Deuih kudu bisa ngajaga parabot nu patali jeung panon, sarta kudu mupus kosmétik di mana mangsa rék saré téh.

Ngubaran[édit | édit sumber]

Biasana mah turuwiseun téh sok cageur sorangan dina saminggu dua minggu mah, tanpa kudu dikukumaha.[4] Utamana mah dikompres ku ci haneut. Bisa ogé ku cara ngabersihan turuwiseun maké cai atawa disabunan jeung disampoan nu teu nyumbabkeun iritasi kana mata pikeun ngabersihan kokotor nu ngerak. Ngabersihanna kudu lalaunan jeung saheulaanan keur dibersihan mah panon téh ditutup pikeun nyegah cidra mata.[16]

Wayahna pikeun nu katarajang turuwiseun mah ulah waka maké riasan panon (contona eyeliner), losyen, jeung ulah maké lénsa kontak, lantaran ieu bisa turuwiseun beuki parna sarta bisa nyumbabkeun inféksi (sakapeung mah bika kornéa). Jeung deuih ulah nojos nu bareuhna ku sorangan, sabab bisa inféksi serius. Ubar jang ngaleungitkeun nyeri asétaminofén bisa dipaké.

Antibiotik[édit | édit sumber]

Geus kabuktian yén pamakéan antibiotik salep mata téh lain alus..[5] Sanajan salep ophthalmic erythromycin sakapeun direkoméndasikeun.[17] Antibiotik lian, kayaning chloramphenicol atawa amoxicillin sok direkomendasikeun ogé.[18] Chloramphenicol dipaké kalawan hadé hasilna ampir di sakuliah dunya, ngan ngandung kahawatiran di Amérika Sarikat mah ngeunaan anemia aplastik, nu jarang kajadian bisa fatal akibatna.

Antibiotik dibéré ka jalma nu katarajang loba turuwiseun atawa turuwiseunna teu daékeun cageur, jeung pikeun jalma nu miboga blepharitis atawa rosacea.

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b "Eyelid Disorders Chalazion & Stye". NEI. 4 May 2010. Diarsipkan dari versi asli tanggal 18 October 2016. Diakses tanggal 14 October 2016. 
  2. "Hordeolum (Stye)". PubMed Health. Diarsipkan dari versi asli tanggal 8 September 2017. Diakses tanggal 14 October 2016. 
  3. a b c d Carlisle, RT; Digiovanni, J (15 July 2015). "Differential Diagnosis of the Swollen Red Eyelid.". American Family Physician 92 (2): 106–12. PMID 26176369. 
  4. a b c d e Lindsley K, Nichols JJ, Dickersin K (2017). "Non-surgical interventions for acute internal hordeolum". Cochrane Database Syst Rev 1: CD007742. doi:10.1002/14651858.CD007742.pub4. PMC 5370090. PMID 28068454. http://www.pubmedcentral.nih.gov/articlerender.fcgi?tool=pmcentrez&artid=5370090. 
  5. a b c Deibel, JP; Cowling, K (May 2013). "Ocular inflammation and infection.". Emergency Medicine Clinics of North America 31 (2): 387–97. doi:10.1016/j.emc.2013.01.006. PMID 23601478. 
  6. a b Ferri, Fred F. (2016). Ferri's Clinical Advisor 2017: 5 Books in 1. Elsevier Health Sciences. p. 1219. ISBN 9780323448383. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2016-10-18. 
  7. "What are the signs and symptoms of a sty?". Diarsipkan dari versi asli tanggal 2010-04-07. Diakses tanggal 2010-04-06. 
  8. "Stye Symptoms". Diarsipkan dari versi asli tanggal 2010-04-06. Diakses tanggal 2010-04-06. 
  9. "Symptoms". Diarsipkan dari versi asli tanggal 2010-03-07. Diakses tanggal 2010-04-06. 
  10. "Hordeolum and Stye: Follow-up". Diarsipkan dari versi asli tanggal 2010-04-09. Diakses tanggal 2010-04-06. 
  11. "What is the prognosis (outcome) of a sty?". Diarsipkan dari versi asli tanggal 2010-04-12. Diakses tanggal 2010-04-06. 
  12. Tamparo, Carol; Lewis, Marcia (2011). Diseases of the Human Body. Philadelphia, PA: F.A Davis Company. p. 504. ISBN 978-0-8036-2505-1. 
  13. "Are styes contagious? -Doctors Lounge(TM)". doctorslounge.com. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2010-02-16. 
  14. "Are Styes Contagious?". iVillage. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2009-06-03. 
  15. "Prevention". Diarsipkan dari versi asli tanggal 2010-04-10. Diakses tanggal 2010-04-06. 
  16. "Medical Treatment". Diarsipkan dari versi asli tanggal 2010-04-11. Diakses tanggal 2010-04-06. 
  17. "Medscape: Medscape Access". Emedicine.com. 2018-11-19. Diarsipkan dari yang asli on 2008-08-04. http://www.emedicine.com/oph/TOPIC606.HTM. 
  18. eMedicine - Periorbital Infections : Article by R Gentry Wilkerson, MD. Citakan:Webarchive