Lompat ke isi

Uwais Al-Qorni

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Uwais Al-Qorni nyaéta pamuda ti Yaman, cicing bareng jeung indungna anu geus kolot, lumpuh, jeung lolong. [1] Bapana mah geus lila tilar dunya jeung teu boga baraya. [1] Matana biru, dadana sembada, kasep, jeung kulitna semu beureum.[2] Tapi kaserang panyakit sopak. [2] Budak yatim anu hirupna sangsara pisan tur teu dipalire ku jalma-jalma sabudeureunna. [2] Remenna mah dihina jeung dituduh maling. [2] Manéhna katelah budak anu taat kana agama, rajin maca Al-Qur’an jeung nyaah pisan ka indungna. [3] Indungna dirawatan kalayan pinuh ku kaasih jeung kadeudeuh, sagala kahayang indungna ku manéhna diusahakeun sangkan kacumponan.[3] Ngan aya hiji kahayang indungna anu rada hésé dicumponan.[3] Harita Indungna hayangeun pisan ibadah haji.[3] Manéhna mikir kumaha carana sangkan sanajan dina kaayaan anu sangsara tapi bisa mawa indungna ka Mekah. [3] Hiji mangsa manéhna dibéré anak sapi ku dununganna, lantaran gawéna salaku tukang ngangon kapaké pisan.[3] Nyieun kandangna téh di luhur pasir.[3] Unggal poé éta anak sapi diais, diajak naék turun pasir.[rujukan?] Ningali kalakuanna kitu, loba pisan anu nyebutkeun manéhna owah.[3] Tapi teu ieuh dipaliré. [3] Éta anak sapi tuluy wé diurus ku manéhna, diaais bari diajak ulin nepi ka gedéna.[3] Tangtuna, mingkin gedé anak sapi, mingkin gedé ogé tanaga anu dibutuhkeun ku manéhna keur ngais.[rujukan?] Ku lantaran geus jadi kabiasaan, cape ogé teu dirasa.[3] Tepi ka usum Haji, anak sapi Uwais beuratna geus sakintal, awak manéhna ogé jadi mingkin kuat.[3] Teu sangka, geuning maksudna kitu téh minangka latihan sangkan bisa ngais indungna ka Mekah.[3] Enya wé kabuktian, manéhna mampuh ngais indungna ti Yaman ka Mekah.[3] Manéhna ihlas ngalakonan sagala hal asal indungna bagja.[3] Kalayan tegep manéhna Thawaf bari ngais indungna.[3] Sabada réngsé ibadah haji, kalayan Asih ti Nu Maha Suci jeung dunga ti indungna, awakna cageur tina kasakit sopak. [3] Ngan kari aya tanda bodas buleud dina dampal leungeunna.[3] Anu satuluyna éta tanda téh jadi pituduh keur Umar bin Khathab jeung Ali bin Abi Thalib.[3]

Uwais Al-Qorni ka Madinah

[édit | édit sumber]

Uwais kataji pisan ku agama Islam, sabada meunang ijin ti indungna pikeun nepungan Rasululah manéhna langsung indit.[4] Bari saméméhna teu poho nyadiakeun heula kabutuhan indungna, laju nitipkeun ka tatanggana anu bageur.[4] Satepina di imah Rasulullah, nu aya téh ngan Siti Aisyah da cenah Rasulullah mah keur aya di medan perang.[4] Aya rasa kuciwa dina haténa, kahayangna mah nungguan nepi ka datang, tapi ras inget deui ka indungna anu keur gering.[4] Antukna manéhna milih mulang deui ka indungna, sedeng ka Siti Aisyah manéhna nitip pesen keur Rasulullah [4] Perang geus lekasan, Rasulullah mulang ka Madinah.[4] Satepina di imahna Rasulullah langsung nanyakeun sual pamuda anu datang ka imahna.[4] Rasulullah tuluy nyarita ka Siti Aisyah jeung para sahabat yén Uwais Al-Qorni téh pamuda anu nyaaheun pisan ka indungna.[4] Pamuda anu kasohor di Langit.[4] Rasulullah ogé nyarita upama hayang apal ka Uwais cirina nyaéta aya tanda bodas dina dampal leungeunna. [4]

Wanci tuluy baganti, sabada Rasulullah tilar dunya tuluy diganti khalifah Umar bin Khathab, Ali bin Abi Thalib inget deui kana sabda Rasulullah ngeunaan Uwais.[4] Jadi unggal aya kafilah ti Yaman ku Ali bin Abi Thalib atawa Umar bin Khathab sok seja dipegat.[3] Nepi ka kapanggihna, Ali bin Abi Thalib jeung Umar bin Khathab tuluy ngajak sasalaman.[4] Enya wé dina dampalna aya cirian.[4] Harita Uwais katingali pisan cahyaan.[4] Ku khalifah Umar ditangkeup bari pinuh kadeudeuh, tuluy didongéngkeun yén Rasulullah kungsi nyaritakeun manéhna.[5] Tuluy nitah sangkan dipénta dunga jeung istighfarna. [5]Sabada éta tuluy istighfar babarengan.[5]

Tilar dunya

[édit | édit sumber]

Sababaraha taun sabada éta, Uwais mulang ka Rahmatullah.[4] Aya sababaraha kajadian ahéng, di antarana loba pisan anu hayang ngamandikeunna.[4] Kitu ogé nalika rék dikafanan, loba jalma anu nungguan.[4] Komo basa rék digali kuburanna, malah kasampak geus aya nu ngagali.[4] Sagalana geus sadia.[4] Tilar dunyana Uwais matak ibur salelembur.[4] Loba hal anu teu disangka, kawas loba jalma anu teu dipikawanoh datang ka makamna.[4] Padahal mah Uwais teu pada mikanyaah jeung maliré.[4] Tuluy wé Ali bin Abi Thalib jeung Umar bin Khathab nyaritakeun saha saenyana Uwais téh.[4] Penduduk langit anu dipikasono.[4]

  • Ngagambarkeun mukjizat Rasulullah SAW. [6]
  • Mere conto sikep anu hadé pisan nyaéta kudu nyaah ka nu jadi kolot. [6]
  • Ngabiasakeun diri sangkan kudu ngadunga ngan ka Allah SWT.[6]
  • Ngambarkeun sikep tawadhu.[6]
  • Mere conto sangkan ulah adigung.[6]
  • Ajén ti manusa mah ngan saukur nu di luareun diri.[6] Tapi pangajén ti Gusti mah nepi ka jerona.[6] Kana kaimanan jeung kataqwaan. [6]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 "Kisah Uwais Al Qarni yang Menggendong Ibunya Naik Haji". Islampos (Dina basa Indonesia). 2017-06-21. Diaksés tanggal 2018-02-15.
  2. 1 2 3 4 Administrator. "Kisah Uwais al-Qarni, Sang Penghuni Langit" (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2018-02-15.
  3. 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 "Uwais Al Qarni, Pemuda Berbakti Kepada Orang Tuanya". Islampedia. 2017-01-27. Diaksés tanggal 2018-02-15.
  4. 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 Online, NU. "Kisah Uwais Al Qarni, Pemuda Istimewa di Mata Rasulullah | NU Online". NU Online (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2018-02-15. Archived 2018-02-16 di Wayback Machine
  5. 1 2 3 http://www.leutikaprio.com/main/media/sample/Setinggi%20Menara%20Masjidil%20Haram(SD).pdf%5Btumbu+nonaktif%5D
  6. 1 2 3 4 5 6 7 8 https://rumaysho.com/10538-kisah-uwais-al-qarni-dan-baktinya-pada-orang-tua.html