Wasir

Wasir; nongtot bool; Hemoroid atawa ogé ambéien nyaéta panyakit nu dilantarankeun megarna pembuluh getih (véna) nu aya di bagéan dubur atawa anus.[1][2] Aya ogé nu nyebutkeun yén wasir nyaéta panyakit di réktum jeung anus dilantarankeun ruksakna pléksus hemoroidalis (pembuluh getih nu aya di réktum jeung anus).[2]
Déskripsi
[édit | édit sumber]Wasir bisa digambarkeun ngaliwatan ayana jaringan nu nonjol dina saluran anal nu eusina pembuluh getih jeung jaringan nu ngarojongna ngawengku otot jeung sarta élastik.[3] Saluran anal nyaéta saluran nu panjangna opat sentiméter, nu diliwatan ku tinja ti réktum ka luar.[3]
Gejala jeung Pantangan
[édit | édit sumber]Gejala nu umumna tumarep di jalma nu boga panyakit wasir nyaéta:[4]
- Rasa panas atawa ateul di poros usus bagéan handap (anus).[4]
- Mucunghulna jaringan kulit di sisi liang anus.[4]
- Hésé jeung nyeri nalika miceun.[4]
- Sakapeung pendarahan nalika miceun.[4]
Pikeun jalma nu boga panyawat wasir, dipiharep eureun heula ngonsumsi tuangeun nu lada, inuman alkohol jeung tuangeun nu loba lemakna.[4] Lemak bisa ngalantarankeun bagéan-bagéan anus kendor.[4]
Réferénsi
[édit | édit sumber]- ↑ Henrayana & Yus R. Ismail, Dian (2019). Kamus Basa Sunda - Indonesia , Indonesia - Sunda Untuk Pelajar & UmumHenrayana & Yus R. Ismail. Jakarta: Bhuana Ilmu Populer. hlm. 290. ISBN 9786232164123. Disungsi 25 Desember 2025
- 1 2 Budiman, Doddy. 2010. Mencegah dan Mengobati Wasir. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama
- 1 2 Suryo, Joko. 2010. Herbal Penyembuh Wasir dan Kanker Prostat. Jakarta: PT Bentang Pustaka
- 1 2 3 4 5 6 7 Redaksi AgroMedia. 2010. 273 Ramuan Tradisional untuk Mengatasi Aneka Penyakit. Jakarta: PT Agromedia Pustaka