Al Jumuah

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Al Jumuah
الجمعة
Gambar:Al-Jumu’a.png
Informasi
Harti Poé Jumaah
Golongan Madaniyah
Surah ka 62
Juz Juz 28
Statistik
Jumlah ruku' 2 ruku'
Jumlah ayat 11 ayat

Surah Al-jumu’ah (basa Arab:الجمعة) nyaéta surah ke-62 dina Al Qur'an. Surah ieu kagolongkeun surah Madaniyah anu diwangun ku 11 ayat. Dingaranan Al Jumu’ah anu hartina poé jumaah dicokot tina kecap Al Jumu’ah anu aya dina ayat ka-9 surat ieu.

Poko-poko Eusi[édit | sunting sumber]

  • Ngécéskeun sipat-sipat jalma munapék sarta sipat-sipat goréng umumna, diantarana linyok bohong, sumpah palsu sarta borangan.
  • Ngajak jalma-jalma mukmin sangkan taat tur nurut ka Alloh sareng Rosul-Na sarta sangkan daék nganafkahkeun harta pikeun ngadegkeun agama-Na saméméh ajal tumiba.

Eusi Kandungan ayat 9-10[édit | sunting sumber]

Maksudna, lamun imam naék mimbar sarta muazzin geus azan dina poé jumaah, mangka kaum muslimin kudu geura nedunan panggero muazzin éta sarta ninggalkeun kabéh urusanana.

Tafsirna, panggero Alloh ka jalma-jalma nu ariman atawa umat Islam anu geus minuhan sarat-sarat minangka mukallaf pikeun ngalaksanakeun solat jumaah umat Islam diwajibkeun pikeun ninggalkeun sagala urusanana, kawas nungtut élmu sarta jual beuli. Umat Islam anu minuhan panggero Alloh kasebut tangtu baris nampa réa hikmah.

Umat Islam anu geus réngsé ngalakukeun solat diparentahkeun ku Alloh pikeun usaha atawa digawé ambéh nampa karunia-Na, kawas élmu pangaweruh, harta banda, kaséhatan sarta nu séjén-séjénna. Di mana waé sarta iraha waé jeung naon waé nu dipigawe ku kaum muslimin, maranéhanana ditungtut ku agamana supayah inget ka Alloh. Nujul kana ayat 9-10, umat Islam diparéntahkeun ku agamana supayah disiplin dina ngalakonan ibadah wajib kawas solat, sarta kudu giat usaha atawa digawé luyu jeung papagon Islam kawas digawé nu bener sarta diajar nu soson-soson. Syamsuri, 2004: 25

Sajaba eusi paréntah pikeun ngalaksanakeun solat juamah ieu surah ogé maréntahkeun sakabeh umat Islam pikeun usaha atawa digawé néangan rejeki minangka karunia Alloh SWT. Surah ieu maréntahkeun manusa pikeun nyaimbangkeun kahirupan di dunya jeung persiapan kahirupan di ahérat jaga. Carana, sajaba kudu ngalaksanakeun ibadah, ogé kudu getén digawé minuhan kaperluan hirup. Bachrul Ilmy, 2006: 15

Eusi jeung Tarjamah[édit | sunting sumber]

Ayat ka Tulisan Arab Tarjamah basa Sunda
1.
يُسَبِّحُ لِلَّهِ مَا فِي السَّمَاوَاتِ وَمَا فِي الأرْضِ الْمَلِكِ الْقُدُّوسِ الْعَزِيزِ الْحَكِيمِ
Saniskara anu aya di langit jeung saniskara anu aya di bumi ngamahasucikeun Alloh, Raja, Nu Maha Suci, Nu Maha Gagah, Nu Maha Wijaksana.
2.
هُوَ الَّذِي بَعَثَ فِي الأمِّيِّينَ رَسُولا مِنْهُمْ يَتْلُو عَلَيْهِمْ آيَاتِهِ وَيُزَكِّيهِمْ وَيُعَلِّمُهُمُ الْكِتَابَ وَالْحِكْمَةَ وَإِنْ كَانُوا مِنْ قَبْلُ لَفِي ضَلالٍ مُبِينٍ
Nya Anjeunna anu geus ngutus ti golongan ummi hiji Rosul di antara maranéhna, anu mangmacakeun ayat-ayatNa ka maranéhNa, sarta ngaberesihan maranéhna, sarta ngajarkeun kitab jeung kawijaksanaanka maranéhna, padahal maranéhna téh baheulana mah dina kasasaran anu tétéla.
3.
وَآخَرِينَ مِنْهُمْ لَمَّا يَلْحَقُوا بِهِمْ وَهُوَ الْعَزِيزُ الْحَكِيمُ
Jeung sawaréhna deui di antara maranéhna can ngagabung ka maranéhna. Jeung Anjeunna Nu Maha Gagah, Nu Maha Wijaksana.
4.
)ذَلِكَ فَضْلُ اللَّهِ يُؤْتِيهِ مَنْ يَشَاءُ وَاللَّهُ ذُو الْفَضْلِ الْعَظِيمِ
éta téh Kurnia Alloh anu ku Anjeunna dipaparinkeun ka sing saha anu ku Anjeunna dikersakeun, lantaran Alloh téh kagungan kurnia nu agung.
5.
مَثَلُ الَّذِينَ حُمِّلُوا التَّوْرَاةَ ثُمَّ لَمْ يَحْمِلُوهَا كَمَثَلِ الْحِمَارِ يَحْمِلُ أَسْفَارًا بِئْسَ مَثَلُ الْقَوْمِ الَّذِينَ كَذَّبُوا بِآيَاتِ اللَّهِ وَاللَّهُ لا يَهْدِي الْقَوْمَ الظَّالِمِينَ
Misil jalma-jalma anu dipapancénan Taurat, tuluy maranéhna henteu ngalaksanakeunana, lir ibarat kaldé anu dimumuatan ku pirantg-pirangt kitab. Kacida goréngna misil kaom anu ngabohongkeun ayat-ayat Alloh téh. Jeung Alloh henteu maparin pituduh ka jalma-jalma anu darolim.
6.
قُلْ يَا أَيُّهَا الَّذِينَ هَادُوا إِنْ زَعَمْتُمْ أَنَّكُمْ أَوْلِيَاءُ لِلَّهِ مِنْ دُونِ النَّاسِ فَتَمَنَّوُا الْمَوْتَ إِنْ كُنْتُمْ صَادِقِينَ
Pok caritakeun: "Yeuh, jalma-jalma anu ngaragem agama Yahudi! Upama arandika nyangka yén ngan arandika wungkul kakasih Alloh, taya deui jalma lian, nya pék geura miharep paéh upama enya mah arandika jalma-jalma anu balener.
7.
وَلا يَتَمَنَّوْنَهُ أَبَدًا بِمَا قَدَّمَتْ أَيْدِيهِمْ وَاللَّهُ عَلِيمٌ بِالظَّالِمِينَ
Jeung maranéhna moal miharep paéh salalawasna ogé, ku sabab kagoréngan anu geus dipigawé ku leungeunna. Jeung Alloh téh uninga ka jalma-jalma anu darolim.
8.
قُلْ إِنَّ الْمَوْتَ الَّذِي تَفِرُّونَ مِنْهُ فَإِنَّهُ مُلاقِيكُمْ ثُمَّ تُرَدُّونَ إِلَى عَالِمِ الْغَيْبِ وَالشَّهَادَةِ فَيُنَبِّئُكُمْ بِمَا كُنْتُمْ تَعْمَلُونَ
Pok caritakeun: "Yen saenyana maot nu ku arandika (dipikasieun jeung) disingkahan téh saéstuna éta maot téh mapag arandika, tuluy arandika bakal dipulangkeun ka Alloh Nu Maha Uninga kana perkara anu goib jeung nu nembrak, tuluy Anjeunna bakal ngawawarkeun saniskara anu ku arandika geus dilampahkeun."
9.
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا إِذَا نُودِيَ لِلصَّلاةِ مِنْ يَوْمِ الْجُمُعَةِ فَاسْعَوْا إِلَى ذِكْرِ اللَّهِ وَذَرُوا الْبَيْعَ ذَلِكُمْ خَيْرٌ لَكُمْ إِنْ كُنْتُمْ تَعْلَمُونَ
Yeuh, jalma-jalma anu ariman! Upama dicalukan pikeun salat dina poé jumaah, prak maranéh geura paheula-heula kana éling ka Alloh, sarta maranéh kudu ninggalkeun dagangan (pagawéan); perkara kitu téh hadé pikeun maranéh upama maranéh nyaraho mah.
10.
فَإِذَا قُضِيَتِ الصَّلاةُ فَانْتَشِرُوا فِي الأرْضِ وَابْتَغُوا مِنْ فَضْلِ اللَّهِ وَاذْكُرُوا اللَّهَ كَثِيرًا لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُونَ
Tuluy upama réngsé salat, nya bral maranéh geura sumebar deui di bumi, sarta prak geura nyiar kurnia Alloh, jeung pék geura éling ka Alloh sing mindeng, supaya maraneh meunang kabagjaan
11.
وَإِذَا رَأَوْا تِجَارَةً أَوْ لَهْوًا انْفَضُّوا إِلَيْهَا وَتَرَكُوكَ قَائِمًا قُلْ مَا عِنْدَ اللَّهِ خَيْرٌ مِنَ اللَّهْوِ وَمِنَ التِّجَارَةِ وَاللَّهُ خَيْرُ الرَّازِقِينَ
Tapi nalika maranéhna narénjo perdagangan atawa karasménan, leugeudeut maranéhna arindit ka dinya sarta ninggalkeun manéh (Muhammad) keur (hutbah) ngajanteng sorangan. Pok caritakeun: "Saniskara nu aya di Alloh téh leuwih hadé batan karasménan jeung perdagangan. Jeung Alloh téh pangalusna Nu Maparin Rejeki.

Rujukan[édit | sunting sumber]

  • Syamsuri, 2004: 25
  • Bachrul Ilmy, 2006: 15

Tumbu ka luar[édit | sunting sumber]

Wikisource logo
Wikisource mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca
Surat sateuacanna:
As Saff
Surat 112 Surat saparantosna:
Al Munafikun
Al Qur'an

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114

Kotak ieu: temposawalaédit