Yasin

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Yasin
يس
Informasi
Harti Ya Sin
Golongan Makkiyah
Surah ka 36
Juz Juz 22 (ayat 1-21)

Juz 23 (ayat 22-83)

Statistik
Jumlah ruku' 5 ruku
Jumlah ayat 83 ayat

Surat Yasin (basa Arab:يس) nyaéta surat ka-36 dina al Qur'an. Surat ieu diwangun ku 83 ayat, kaasup golongan surat-surat Makkiyah sarta diturunkeun sanggeus surah Al Jin. Dingaranan Ya Sin alatan dimimitian ku aksara Ya Sin. Sakumaha halna harti hurup-hurup dina abjad anu perenahna dina awal sawatara surat Al Qur'an, mangka kitu ogé harti Ya Sin anu aya dina ayat munggaran surat ieu, nyaéta Alloh ngisaratkeun yén sanggeus hurup kasebut baris disingkabkeun hal-hal anu penting ti antarana: Alloh sumpah kalayan Al Qur'an yén Muhammad SAW bener-bener hiji rosul anu diutus ku Mantenna ka kaum anu tacan kungsi diutus ka maranéhanana rosul-rosul.

Poko-poko eusi[édit | édit sumber]

  1. Kaimanan: Bukti-bukti ayana poé ahir; Al Qur'an lain sair; tapi élmu, kakawasaan sarta rahmat Alloh; sawarga sarta sifat-sifatna anu disadiakeun pikeun jalma-jalma mukmin; nyucikan Alloh ti sipat-sipat anu henteu meujeuhna pikeun Mantenna; anggota badan manusa jadi saksi dina poé kiamat tina sagala gawénana di dunya.
  2. Carita: Carita utusan-utusan Nabi Isa a.s jeung nu nyicingan Anthakiyah.
  3. Jeung nu séjén-séjénna: Euweuh faédahna pangwawadi pikeun jalma-jalma musrik; Alloh nyiptakeun sagala hal papasangan; kabéh béntang-béntang di luhureun sisi langit gerak dina garis édar anu geus ditetepkeun Alloh; ajal sarta poé kiamat datangna ngadadak; Alloh ngabeberah haté Rosulullah SAW alatan peta kaom musrikin anu nyelekit kana haténa.

Eusi jeung Tarjamah[édit | édit sumber]

Ayat ka Tulisan Arab Tarjamah basa Sunda
1.
يس
Yaa Siin;
2.
وَٱلۡقُرۡءَانِ ٱلۡحَكِيمِ
Demi Al Qur’an nu eusina pinuh ku hikmah! (hukum, aturan & kawijaksanaan);
3.
إِنَّكَ لَمِنَ ٱلۡمُرۡسَلِينَ
Saéstuna anjeun téh (Muhammad) salah sahiji ti antara para utusan (Rasul);
4.
عَلَىٰ صِرَٲطٍ۬ مُّسۡتَقِيمٍ۬
(nu aranjeuna) aya dina jalan nu lempeng (jalan tauhid & hidayah);
5.
تَنزِيلَ ٱلۡعَزِيزِ ٱلرَّحِيمِ
(Al Qur'an) anu diturunkeun ku Nu Maha Perkasa, Nu Maha Asih ka mahlukna;
6.
لِتُنذِرَ قَوۡمً۬ا مَّآ أُنذِرَ ءَابَآؤُهُمۡ فَهُمۡ غَـٰفِلُونَ
Supaya anjeun (Muhammad ku Al Qur'an ieu) ngawawadian kaom nu karuhunna teu diwawadian sahingga maranéhna talingeuh (tina kaimanan jeung kabeneran).
7.
لَقَدۡ حَقَّ ٱلۡقَوۡلُ عَلَىٰٓ أَكۡثَرِهِمۡ فَهُمۡ لَا يُؤۡمِنُونَ
Saéstuna geus sawadina putusan (katangtuan Allah ngeunaan azab) ka lolobanaana maranéhna alatan maranéhna henteu ariman.
8.
إِنَّا جَعَلۡنَا فِىٓ أَعۡنَـٰقِهِمۡ أَغۡلَـٰلاً۬ فَهِىَ إِلَى ٱلۡأَذۡقَانِ فَهُم مُّقۡمَحُونَ
Saéstuna Kami nerapkeun bangkol-bangkol dina beuheung maranéhna ku cara ngaraketkeun leungeun nu dibangkol kana beuheungna nepi ka gadona sahingga maranéhna taranggah.
9.
وَجَعَلۡنَا مِنۢ بَيۡنِ أَيۡدِيہِمۡ سَدًّ۬ا وَمِنۡ خَلۡفِهِمۡ سَدًّ۬ا فَأَغۡشَيۡنَـٰهُمۡ فَهُمۡ لَا يُبۡصِرُونَ
Jeung kami ngayakeun lalangsé di hareupeun jeung di tukangeun maranéhna, tuluy ku Kami dtutup panonna nepi ka maranéhna henteu barisaeun nénjo.
10.
وَسَوَآءٌ عَلَيۡہِمۡ ءَأَنذَرۡتَهُمۡ أَمۡ لَمۡ تُنذِرۡهُمۡ لَا يُؤۡمِنُونَ
Jeung bakal sarua baé keur maranéhanana mah boh anjeun ngawawadian maranéhna boh henteu, maranéhna tetep moal ariman.
11.
إِنَّمَا تُنذِرُ مَنِ ٱتَّبَعَ ٱلذِّڪۡرَ وَخَشِىَ ٱلرَّحۡمَـٰنَ بِٱلۡغَيۡبِۖ فَبَشِّرۡهُ بِمَغۡفِرَةٍ۬ وَأَجۡرٍ۬ ڪَرِيمٍ
Saéstuna anjeun (Muhammad) perlu ngawawadian ngan ka jalma-jalma anu nurut kana panggeuing (Al Qur’an) jeung anu sieun ka Gusti Nu Maha béréhan sanajan maranéhna téh henteu nempo Mantenna. Ku kituna geura béré kabar nu ngabungahkeun maranéhna ku ayana pangampura jeung ganjaran anu mulya (Suwarga).
12.
إِنَّا نَحۡنُ نُحۡىِ ٱلۡمَوۡتَىٰ وَنَڪۡتُبُ مَا قَدَّمُواْ وَءَاثَـٰرَهُمۡۚ وَكُلَّ شَىۡءٍ أَحۡصَيۡنَـٰهُ فِىٓ إِمَامٍ۬ مُّبِينٍ۬
Saéstuna Kami ngahirupkeun jalma-jalma anu geus paraéh, jeung Kami nulis saniskara lalampahan sarta tapak-lacak maranéhna. Jeung sagala perkara téh ku Kami geus dicatet, dikumpulkeun dina kitab nu ngajelaskeun (Lauhil Mahfuzh).
13.
وَٱضۡرِبۡ لَهُم مَّثَلاً أَصۡحَـٰبَ ٱلۡقَرۡيَةِ إِذۡ جَآءَهَا ٱلۡمُرۡسَلُونَ
Jeung pék geura nyieun misil (umpama) pikeun maranéhna, (nyaéta) masyarakat nu baheula ka maranéhna téh geus datang para utusan.
14.
إِذۡ أَرۡسَلۡنَآ إِلَيۡہِمُ ٱثۡنَيۡنِ فَكَذَّبُوهُمَا فَعَزَّزۡنَا بِثَالِثٍ۬ فَقَالُوٓاْ إِنَّآ إِلَيۡكُم مُّرۡسَلُونَ
(Nyaéta) nalika Kami ngirimkeun ka maranéhna dua (utusan), tuluy maranéhna ngadustakeun, ingkar ka nu duaan eta, tuluy Kami nguatkeun ku ngutus nu katilu, sarta tiluanana pok nyarita: saéstuna kaula téh diutus ka arandika.”
15.
قَالُواْ مَآ أَنتُمۡ إِلَّا بَشَرٌ۬ مِّثۡلُنَا وَمَآ أَنزَلَ ٱلرَّحۡمَـٰنُ مِن شَىۡءٍ إِنۡ أَنتُمۡ إِلَّا تَكۡذِبُونَ
Maranéhna ngajawab: “Arandika téh taya lian manusa biasa cara kaula saréréa, jeung Gusti Nu Maha Berehan henteu nurunkeun naon-naon. Kukituna arandika téh taya lian tukang ngabohong wungkul.
16.
قَالُواْ رَبُّنَا يَعۡلَمُ إِنَّآ إِلَيۡكُمۡ لَمُرۡسَلُونَ
Maranéhna nyarita: "Pangéran kami uningaeun yén saéstuna kami téh nu diutus

ka aranjeun.

17.
وَمَا عَلَيۡنَآ إِلَّا ٱلۡبَلَـٰغُ ٱلۡمُبِينُ
Jeung kawajiban kami taya lian pikeun nepikeun (parentah Allah) sajelas-jelasna.
18.
قَالُوٓاْ إِنَّا تَطَيَّرۡنَا بِكُمۡۖ لَٮِٕن لَّمۡ تَنتَهُواْ لَنَرۡجُمَنَّكُمۡ وَلَيَمَسَّنَّكُم مِّنَّا عَذَابٌ أَلِيمٌ۬
Maranéhna ngajawab: “Saéstuna kaula saréréa ngarasa sial ku arandika téh. Upama arandika henteu areureun, tanwandé kaula saréréa rek ngarajam arandika, jeung tangtu bakal tumiba ka arandika siksaan nu peurih ti kaula saréréa.”
19.
قَالُواْ طَـٰٓٮِٕرُكُم مَّعَكُمۡۚ أَٮِٕن ذُڪِّرۡتُمۚ بَلۡ أَنتُمۡ قَوۡمٌ۬ مُّسۡرِفُونَ
Maranéhna (utusan nu tiluan) nyarita deui: “Sialna arandika téh perbawa arandika sorangan! Naha pédah arandika ku kaula saréréa digeuingkeun (terus aranjeun ngancam kaula saréréa)? Saéstuna arandika téh kaom anu ngaliwatan wates.”
20.
وَجَآءَ مِنۡ أَقۡصَا ٱلۡمَدِينَةِ رَجُلٌ۬ يَسۡعَىٰ قَالَ يَـٰقَوۡمِ ٱتَّبِعُواْ ٱلۡمُرۡسَلِينَ
Ana jol téh aya anu datang ti tepis dayeuh (Habib An Najjar) anu gura-giru ngucapkeun: “Yeuh kaom kaula, geura narurut ka para utusan eta.
21.
ٱتَّبِعُواْ مَن لَّا يَسۡـَٔلُكُمۡ أَجۡرً۬ا وَهُم مُّهۡتَدُونَ
Geura narurut ka aranjeuna (Rasul-rasul) anu henteu ménta buruh ti arandika, jeung aranjeunna (Rasul-rasul) téh jalma-jalma anu geus meunang pituduh.
22.
وَمَا لِىَ لَآ أَعۡبُدُ ٱلَّذِى فَطَرَنِى وَإِلَيۡهِ تُرۡجَعُونَ
Jeung naha kaula bet henteu ibadah ka Gusti Alloh anu ngayugakeun kaula jeung ngan ka Anjeunna arandika kabéh bakal dipulangkeun.
23.
ءَأَتَّخِذُ مِن دُونِهِۦۤ ءَالِهَةً إِن يُرِدۡنِ ٱلرَّحۡمَـٰنُ بِضُرٍّ۬ لَّا تُغۡنِ عَنِّى شَفَـٰعَتُهُمۡ شَيۡـًٔ۬ا وَلَا يُنقِذُونِ
Naha kaula nyembah ka sesembahan anu salian ti Gusti Alloh, padahal saupama (Gusti Alloh) Nu Maha béréhan ngersakeun nibankeun bala ka kaula, pasti pitulung ti éta sesembahan maranéhna téh moal aya gunana saeutik ogé ka kaula, jeung maranéhna (eta sesembahan) téh moal bisa ngabébaskeun kaula?
24.
إِنِّىٓ إِذً۬ا لَّفِى ضَلَـٰلٍ۬ مُّبِينٍ
Saéstuna kaula upama kitu mah pasti aya dina kasesatan anu tétéla.
25.
إِنِّىٓ ءَامَنتُ بِرَبِّكُمۡ فَٱسۡمَعُونِ
Saéstuna kaula geus iman ka Gusti Alloh aranjeun (Rasul-rasul nu tilu), ku kituna daréngékeun (pangakuan iman kaula)!” (Tapi maranéhanana téh kalah ngarajam anjeuna nepi ka maotna).
26.
قِيلَ ٱدۡخُلِ ٱلۡجَنَّةَۖ قَالَ يَـٰلَيۡتَ قَوۡمِى يَعۡلَمُونَ
Diucapkeun (ka anjeuna nu maot dirajam kaumna): "Pek geura abus ka Sawarga! Anjeuna ngagarentes: "Tada teuing hadéna upama kaum kaula nyarahoeun ieu (diasupkeun ka Sawarga);
27.
بِمَا غَفَرَ لِى رَبِّى وَجَعَلَنِى مِنَ ٱلۡمُكۡرَمِينَ
Naon nu ngalantarankeun Gusti Alloh kaula geus maparin pangampura ka kaula jeung ngangkat kaula jadi jalma nu dimulyakeun? "
28.
وَمَآ أَنزَلۡنَا عَلَىٰ قَوۡمِهِۦ مِنۢ بَعۡدِهِۦ مِن جُندٍ۬ مِّنَ ٱلسَّمَآءِ وَمَا كُنَّا مُنزِلِينَ
Jeung Kami (Gusti Alloh) henteu nurunkeun balatentara ti langit (malaikat) ka éta kaom sanggeus anjeuna (maot dirajam), jeung Kami henteu pantes nurunkeun (malaikat).
29.
إِن كَانَتۡ إِلَّا صَيۡحَةً۬ وَٲحِدَةً۬ فَإِذَا هُمۡ خَـٰمِدُونَ
Taya siksaan keur maranéhanana anging ku jumerit sakali, mangka sapada harita maranéhna binasa.
30.
يَـٰحَسۡرَةً عَلَى ٱلۡعِبَادِ‌ۚ مَا يَأۡتِيهِم مِّن رَّسُولٍ إِلَّا كَانُواْ بِهِۦ يَسۡتَہۡزِءُونَ
Deudeuh karunya teuing ku gedé hanjakal maranéhanana, henteu datang ka maranéhna hiji Rosul anging ku maranéhanana sok digeuhgeuykeun.
31.
أَلَمۡ يَرَوۡاْ كَمۡ أَهۡلَكۡنَا قَبۡلَهُم مِّنَ ٱلۡقُرُونِ أَنَّہُمۡ إِلَيۡہِمۡ لَا يَرۡجِعُونَ
Naha maranéhna henteu nariténan yén kacida lobana umat-umat anu saheulaeunana anu ku Kami geus dibinasakeun? Saéstuna jalma-jalma (anu geus dibinasakaeun) henteu baralik deui ka maranéhna (ka dunya).
32.
وَإِن كُلٌّ۬ لَّمَّا جَمِيعٌ۬ لَّدَيۡنَا مُحۡضَرُونَ
Jeung taya lian sakabéhna ogé bakal dikumpulkeun deui ka hareupeun Kami (keur dihisab).
33.
وَءَايَةٌ۬ لَّهُمُ ٱلۡأَرۡضُ ٱلۡمَيۡتَةُ أَحۡيَيۡنَـٰهَا وَأَخۡرَجۡنَا مِنۡہَا حَبًّ۬ا فَمِنۡهُ يَأۡڪُلُونَ
Jeung hiji tanda (kakawasaan Gusti Alloh nu gedé) pikeun maranéhna (ngeunaan dihudangkeun deui) nyaéta tanah nu cengkar. Kami hirupkeun éta taneuh sarta Kami kaluarkeun sisikian ti dinya, nya tina éta sisikian maranéhna dalahar.
34.
وَجَعَلۡنَا فِيهَا جَنَّـٰتٍ۬ مِّن نَّخِيلٍ۬ وَأَعۡنَـٰبٍ۬ وَفَجَّرۡنَا فِيہَا مِنَ ٱلۡعُيُونِ
Jeung kami nuwuhkeun di éta taneuh kebon korma jeung anggur, jeung kami kocorkeun sababaraha cinyusu (sungapan cai).
35.
لِيَأۡڪُلُواْ مِن ثَمَرِهِۦ وَمَا عَمِلَتۡهُ أَيۡدِيهِمۡ‌ۖ أَفَلَا يَشۡڪُرُونَ
Sangkan maranéhna bisa dalahar tina bubuahanana jeung saniskara anu dipigawé ku leungeun maranéhna sorangan (tapi lain nu nyieun éta bubuahan). Ku kituna, naha maranéhna beut henteu syukur?
36.
سُبۡحَـٰنَ ٱلَّذِى خَلَقَ ٱلۡأَزۡوَٲجَ ڪُلَّهَا مِمَّا تُنۢبِتُ ٱلۡأَرۡضُ وَمِنۡ أَنفُسِهِمۡ وَمِمَّا لَا يَعۡلَمُونَ
Maha Suci Alloh anu geus ngayugakeun sagala perkara papasangan, boh tina saniskara anu dituwuhkeun tina taneuh, ti diri maranéhna sorangan sarta tina saniskara anu ku maranéhna henteu dipikanyaho.
37.
وَءَايَةٌ۬ لَّهُمُ ٱلَّيۡلُ نَسۡلَخُ مِنۡهُ ٱلنَّہَارَ فَإِذَا هُم مُّظۡلِمُونَ
Jeung hiji tanda (kakawasaan Alloh nu gedé) pikeun maranéhna téh nyaéta peuting. Kami udarkeun beurang tina éta peuting sahingga reup waé maranéhna paroékeun.
38.
وَٱلشَّمۡسُ تَجۡرِى لِمُسۡتَقَرٍّ۬ لَّهَا‌ۚ ذَٲلِكَ تَقۡدِيرُ ٱلۡعَزِيزِ ٱلۡعَلِيمِ
Jeung srangéngé muter dina tempat anu pinasti eukeurna (tempat peredaranana). Éta téh papastén Nu Maha Perkasa, Nu Maha Uninga.
39.
وَٱلۡقَمَرَ قَدَّرۡنَـٰهُ مَنَازِلَ حَتَّىٰ عَادَ كَٱلۡعُرۡجُونِ ٱلۡقَدِيمِ
Jeung Kami geus netepkeun bulan tempat-tempatna, sahingga (mun geus nepi ka tempat nu pangtungtungna) balik deui kawas bunderan langgari nu kolot.
40.
لَا ٱلشَّمۡسُ يَنۢبَغِى لَهَآ أَن تُدۡرِكَ ٱلۡقَمَرَ وَلَا ٱلَّيۡلُ سَابِقُ ٱلنَّہَارِ‌ۚ وَكُلٌّ۬ فِى فَلَكٍ۬ يَسۡبَحُونَ
Teu sawadina srangéngé nyusul bulan, jeung teu sawadina peuting miheulaan beurang. Jeung masing-masing lumampah dina garis puteranana.
41.
وَءَايَةٌ۬ لَّهُمۡ أَنَّا حَمَلۡنَا ذُرِّيَّتَہُمۡ فِى ٱلۡفُلۡكِ ٱلۡمَشۡحُونِ
Jeung hiji tanda (kakawasaan Gusti Alloh nu gedé) pikeun maranéhna téh nyaéta Kami geus ngangkut katurunanana dina parahu (Nabi Nuh) anu pinuh ku muatan.
42.
وَخَلَقۡنَا لَهُم مِّن مِّثۡلِهِۦ مَا يَرۡكَبُونَ
Jeung kami geus nyiptakeun (ku jalan ngajarkeun cara nyieuna) keur maranéhna anu sarupaning (parahu Nabi Nuh) éta, anu ku maranéhna bisa ditarumpakan.
43.
وَإِن نَّشَأۡ نُغۡرِقۡهُمۡ فَلَا صَرِيخَ لَهُمۡ وَلَا هُمۡ يُنقَذُونَ
Padahal upama Kami ngersakeun, tanwandé Kami ngaremkeun maranéhna, maka moal aya anu nulungan tur moal aya nu nyalametkeun maranéhna;
44.
إِلَّا رَحۡمَةً۬ مِّنَّا وَمَتَـٰعًا إِلَىٰ حِينٍ۬
Tapi (Kami nyalametkeun maranéhanana) ku dibikeuna rahmat nu gedé ti Kami sarta pikeun méré kasenangan hirup nepi ka hiji mangsa (ajal datang).
45.
وَإِذَا قِيلَ لَهُمُ ٱتَّقُواْ مَا بَيۡنَ أَيۡدِيكُمۡ وَمَا خَلۡفَكُمۡ لَعَلَّكُمۡ تُرۡحَمُونَ
Jeung upama diomongkeun ka maranéhna: "Masing sieun aranjeun kana siksaan anu aya di hareupan anjeun (siksa dunya) jeung siksa nu bakal datang (siksa akherat) supaya aranjeun dibéré rohmat." (tapi maranéhanana tetep baé ngabalieur).
46.
وَمَا تَأۡتِيہِم مِّنۡ ءَايَةٍ۬ مِّنۡ ءَايَـٰتِ رَبِّہِمۡ إِلَّا كَانُواْ عَنۡہَا مُعۡرِضِينَ
Jeung sakali-kali henteu datang ka maranéhna mangrupa hiji tanda tina tanda-tanda kakawasaan Gusti Alloh, anging maranéhna ngabalieur, teu nganggap éta tanda.
47.
وَإِذَا قِيلَ لَهُمۡ أَنفِقُواْ مِمَّا رَزَقَكُمُ ٱللَّهُ قَالَ ٱلَّذِينَ ڪَفَرُواْ لِلَّذِينَ ءَامَنُوٓاْ أَنُطۡعِمُ مَن لَّوۡ يَشَآءُ ٱللَّهُ أَطۡعَمَهُ ۥۤ إِنۡ أَنتُمۡ إِلَّا فِى ضَلَـٰلٍ۬ مُّبِينٍ۬
Jeung upama diomongkeun ka maranéhna: "Geura darmakeun sabagian tina saniskara anu dikaruniakeun Gusti Alloh ka arandika!" Pok jalma-jalma anu kalafir téh nyarita ka jalma-jalma anu ariman: "Naha kaula saréréa bet kudu maraban jalma-jalam anu upama Gusti Alloh ngersakeun tanwandé Anjeunna maparin dahareun ka maranéhna?" Saéstuna éta jalma-jalma kalafir téh aya dina kasasaran nu tétéla.
48.
وَيَقُولُونَ مَتَىٰ هَـٰذَا ٱلۡوَعۡدُ إِن كُنتُمۡ صَـٰدِقِينَ
Jeung éta jalma-jalma nu kalafir téh nyarita: "Iraha atuh tumibana jangji (poé dihudangkeun/ dihirupkeun deui) téh upama enya mah arandika jalma-jalma balener?"
49.
مَا يَنظُرُونَ إِلَّا صَيۡحَةً۬ وَٲحِدَةً۬ تَأۡخُذُهُمۡ وَهُمۡ يَخِصِّمُونَ
Maranéhna henteu kudu ngadagoan salian ti hiji sora jumerit anu tumiba ka maranéhna sabot maranéhna keur pacogrégan (balangah ku pacogregran, jual beuli jste).
50.
فَلَا يَسۡتَطِيعُونَ تَوۡصِيَةً۬ وَلَآ إِلَىٰٓ أَهۡلِهِمۡ يَرۡجِعُونَ
Tuluy nepi ka maranéhna henteu wasa nyieun wasiat ogé henteu bisa marulang deui ka kulawargana.
51.
وَنُفِخَ فِى ٱلصُّورِ فَإِذَا هُم مِّنَ ٱلۡأَجۡدَاثِ إِلَىٰ رَبِّهِمۡ يَنسِلُونَ
Jeung sasangkala ditiup (anu kadua), atuh ngadadak burudul maranéhna barijil tina kuburna ngadeuheus ka Pangéranana.
52.
قَالُواْ يَـٰوَيۡلَنَا مَنۢ بَعَثَنَا مِن مَّرۡقَدِنَاۜ‌ۗ هَـٰذَا مَا وَعَدَ ٱلرَّحۡمَـٰنُ وَصَدَقَ ٱلۡمُرۡسَلُونَ
Maranéhna nyarita: "Duh, cilaka kaula saréréa! Naha saha atuh anu ngahudangkeun kaula saréréa tina pasaréan (kubur) téh? Nya ieu gening anu dijangjikeun ku (Gusti Alloh) Nu Maha Berehan, jeung bener katerangan ti Rosul-rosulNa ngeunaan hal ieu téh!"
53.
إِن ڪَانَتۡ إِلَّا صَيۡحَةً۬ وَٲحِدَةً۬ فَإِذَا هُمۡ جَمِيعٌ۬ لَّدَيۡنَا مُحۡضَرُونَ
Taya deui jeritan téh salian ti ku hiji gorowokan, sapada harita burudul maranéhna saréréa dikumpulkeun hareupeun Kami.
54.
فَٱلۡيَوۡمَ لَا تُظۡلَمُ نَفۡسٌ۬ شَيۡـًٔ۬ا وَلَا تُجۡزَوۡنَ إِلَّا مَا ڪُنتُمۡ تَعۡمَلُونَ
Nya dina poé éta mah henteu aya hiji jalma anu dirugikeun saeutik ogé, sarta aranjeun moal dibales salian ti saniskara anu ku aranjeun geus dilampahan.
55.
إِنَّ أَصۡحَـٰبَ ٱلۡجَنَّةِ ٱلۡيَوۡمَ فِى شُغُلٍ۬ فَـٰكِهُونَ
Saéstuna ahli sawarga dina poé éta téh jarongjon jeung jaradi jalma nu senang-senang.
56.
هُمۡ وَأَزۡوَٲجُهُمۡ فِى ظِلَـٰلٍ عَلَى ٱلۡأَرَآٮِٕكِ مُتَّكِـُٔونَ
Maranéhna katut pamajikan/salakina dariuk nyarandé handapeun anu ariuh dina dipan-dipan.
57.
لَهُمۡ فِيہَا فَـٰكِهَةٌ۬ وَلَهُم مَّا يَدَّعُونَ
Di éta sawarga maranéhna nampa bubuahan sarta nampa saniskara anu dipenta maranéhna.
58.
سَلَـٰمٌ۬ قَوۡلاً۬ مِّن رَّبٍّ۬ رَّحِيمٍ۬
(Ka maranéhna diucapkeun) "Salam" ti Gusti Alloh Nu Maha Asih.
59.
وَٱمۡتَـٰزُواْ ٱلۡيَوۡمَ أَيُّہَا ٱلۡمُجۡرِمُونَ
Jeung (diomongkeun ka nu kalafir): Geura marisah maranéh ayeuna (ti jalma-jalma nu ariman), aranjeun jalma-jalma anu jahat!
60.
أَلَمۡ أَعۡهَدۡ إِلَيۡكُمۡ يَـٰبَنِىٓ ءَادَمَ أَن لَّا تَعۡبُدُواْ ٱلشَّيۡطَـٰنَ‌ۖ إِنَّهُ ۥ لَكُمۡ عَدُوٌّ۬ مُّبِينٌ۬
Apan Kami geus méré wawadi ka maranéh, yeuh anak-incu Adam, supaya maranéh ulah nyembah syétan? Saéstuna syétan téh musuh anu tétéla pikeun maranéh.
61.
وَأَنِ ٱعۡبُدُونِى‌ۚ هَـٰذَا صِرَٲطٌ۬ مُّسۡتَقِيمٌ۬
Jeung maranéh kudu aribadah ka Kami, ieu jalan anu lempeng.
62.
وَلَقَدۡ أَضَلَّ مِنكُمۡ جِبِلاًّ۬ كَثِيرًا‌ۖ أَفَلَمۡ تَكُونُواْ تَعۡقِلُونَ
Jeung saéstuna syétan téh geus nyasarkeun lolobanaan jalma ti antara maranéh. Ku kituna, naha gening maranéh henteu ngamikirkeun hal eta?
63.
هَـٰذِهِۦ جَهَنَّمُ ٱلَّتِى كُنتُمۡ تُوعَدُونَ
(Diomongkeun ka maranéhna di aherat). Tah ieu naraka Jahannam anu baheula geus diancamkeun ka maranéh!
64.
ٱصۡلَوۡهَا ٱلۡيَوۡمَ بِمَا كُنتُمۡ تَكۡفُرُونَ
Pék abus ka jerona dina poé ieu alatan maranéh baheula geus ngingkarkeun!
65.
ٱلۡيَوۡمَ نَخۡتِمُ عَلَىٰٓ أَفۡوَٲهِهِمۡ وَتُكَلِّمُنَآ أَيۡدِيہِمۡ وَتَشۡہَدُ أَرۡجُلُهُم بِمَا كَانُواْ يَكۡسِبُونَ
Dina poé ieu, Kami ngabekem sungut maranéhna, sarta nyarita ka Kami leungeun maranéhna, jeung suku maranéhna nyakseni saniskara anu ku maranéhna geus dilampahkeun.
66.
وَلَوۡ نَشَآءُ لَطَمَسۡنَا عَلَىٰٓ أَعۡيُنِہِمۡ فَٱسۡتَبَقُواْ ٱلصِّرَٲطَ فَأَنَّىٰ يُبۡصِرُونَ
Jeung upama Kami ngersakeun, tanwandé Kami ngaleungitkeun tetenjoan maranéhna, tuluy maranéhna bakal paheula-heula néangan jalan (nu biasa dipaké), mangka rék kumaha maranéhna bisa narempo?
67.
وَلَوۡ نَشَآءُ لَمَسَخۡنَـٰهُمۡ عَلَىٰ مَڪَانَتِهِمۡ فَمَا ٱسۡتَطَـٰعُواْ مُضِيًّ۬ا وَلَا يَرۡجِعُونَ
Jeung upama Kami ngersakeun, tanwandé Kami obah maranéhna di tempat-tempatna, makana maranéhna henteu sanggup leumpang deui jeung teu sanggup baralik deui (teu bisa indit ogé teu bisa datang).
68.
وَمَن نُّعَمِّرۡهُ نُنَڪِّسۡهُ فِى ٱلۡخَلۡقِ‌ۖ أَفَلَا يَعۡقِلُونَ
Jeung sing saha nu ku Kami dipanjangkeun umurna, tanwandé maranéhna ku Kami dibalikkeun ka asalna (lemah jeung kurang akal), tapi naha maranéhna henteu ngamikirkeun?
69.
وَمَا عَلَّمۡنَـٰهُ ٱلشِّعۡرَ وَمَا يَنۢبَغِى لَهُ ۥۤ‌ۚ إِنۡ هُوَ إِلَّا ذِكۡرٌ۬ وَقُرۡءَانٌ۬ مُّبِينٌ۬
Jeung Kami henteu ngajarkeun sair ka manéhna (Muhammad) jeung nyieun sair téh henteu sawadina pikeun manéhna. Éta nu ditepikeun (al Qur'an) mah taya lian ti pangwawadi jeung bacaan anu méré caang.
70.
لِّيُنذِرَ مَن كَانَ حَيًّ۬ا وَيَحِقَّ ٱلۡقَوۡلُ عَلَى ٱلۡكَـٰفِرِينَ
Supaya manéhna (Muhammad) ngawawadian ka nu hirup (hatena), jeung supaya pasti (katangtuan siksaan/azab) ka nu kalafir.
71.
أَوَلَمۡ يَرَوۡاْ أَنَّا خَلَقۡنَا لَهُم مِّمَّا عَمِلَتۡ أَيۡدِينَآ أَنۡعَـٰمً۬ا فَهُمۡ لَهَا مَـٰلِكُونَ
Jeung naha maranéhna henteu niténan yén Kami saenyana geus ngayugakeun ku kakawasaan Kami pikeun maranéhna (kabéh manusa) sato ingon-ingon anu tuluy ku maranéhna dipibanda?
72.
وَذَلَّلۡنَـٰهَا لَهُمۡ فَمِنۡہَا رَكُوبُہُمۡ وَمِنۡہَا يَأۡكُلُونَ
Jeung Kami geus ngalilindeuk éta ingon-ingon pikeun maranéhna. Nya atuh sawaréh pikeun tutumpakanana (kendaraan), jeung anu sawaréh deui pikeun kadaharanana.
73.
وَلَهُمۡ فِيہَا مَنَـٰفِعُ وَمَشَارِبُ‌ۖ أَفَلَا يَشۡكُرُونَ
Jeung tina éta ingon-ingon téh maranéhna meunang rupa-rupa mangpaat jeung sumber inumeun. Tapi naha kunaon maranéhna bet henteu syukur? (ka Gusti Alloh nu masihan éta nikmat)
74.
وَٱتَّخَذُواْ مِن دُونِ ٱللَّهِ ءَالِهَةً۬ لَّعَلَّهُمۡ يُنصَرُونَ
Jeung maranéhna ngajadikeun sembahan-sembahan (berhala) salian ti Gusti Alloh ngarah maranéhna narima pitulung.
75.
لَا يَسۡتَطِيعُونَ نَصۡرَهُمۡ وَهُمۡ لَهُمۡ جُندٌ۬ مُّحۡضَرُونَ
Berhala-berhala éta téh teu daya nulungan maranéhna (nu kalafir), padahal éta berhala-berhala téh dijadikeun balatentara keur ngajaga maranéhna (jaga di naraka).
76.
فَلَا يَحۡزُنكَ قَوۡلُهُمۡ‌ۘ إِنَّا نَعۡلَمُ مَا يُسِرُّونَ وَمَا يُعۡلِنُونَ
Ku kituna poma ulah pisan anjeun (Muhammad) nalangsa ku omongan maranéhna (nu kalafir). Saéstuna Kami nyaho kana saniskara anu ku maranéhna dirusiahkeun jeung kana saniskara anu ku maranéhna dikedalkeun (ditembrakkeun).
77.
أَوَلَمۡ يَرَ ٱلۡإِنسَـٰنُ أَنَّا خَلَقۡنَـٰهُ مِن نُّطۡفَةٍ۬ فَإِذَا هُوَ خَصِيمٌ۬ مُّبِينٌ۬
Jeung naha manusa téh henteu merhatikeun yén Kami ngayugakeun maranéhna téh tina nutfah (cimani). Tapi ujug-ujug maranéhna jadi panangtang anu tétéla (ngabalieurkeun poéan dibangkitkeun tina kubur).
78.
وَضَرَبَ لَنَا مَثَلاً۬ وَنَسِىَ خَلۡقَهُ ۥ‌ۖ قَالَ مَن يُحۡىِ ٱلۡعِظَـٰمَ وَهِىَ رَمِيمٌ۬
Jeung manéhna ngamisilkeun Kami (saperti manusa), sarta manéhna lat waé poho kana asal kajadianana, sarta pokna: "Saha anu bisa ngahirupkeun tulang-taléng anu geus ancur?"
79.
قُلۡ يُحۡيِيہَا ٱلَّذِىٓ أَنشَأَهَآ أَوَّلَ مَرَّةٍ۬‌ۖ وَهُوَ بِكُلِّ خَلۡقٍ عَلِيمٌ
Pek caritakeun: "Nu baris ngahirupkeun éta tulang nya Gusti Alloh nu ngayugakeunana ti mimitina. Jeung Anjeunna uninga nu ngeunaan sagala ciptaan mahlukna.
80.
لَكُم مِّنَ ٱلشَّجَرِ ٱلۡأَخۡضَرِ نَارً۬ا فَإِذَآ أَنتُم مِّنۡهُ تُوقِدُونَ
Nyaéta Gusti Alloh anu ngajadikeun pikeun arandika (sakabéh manusa) seuneu tina kai nu héjo, nya ti dinya arandika bisa mirun seuneu."
81.
أَوَلَيۡسَ ٱلَّذِى خَلَقَ ٱلسَّمَـٰوَٲتِ وَٱلۡأَرۡضَ بِقَـٰدِرٍ عَلَىٰٓ أَن يَخۡلُقَ مِثۡلَهُم‌ۚ بَلَىٰ وَهُوَ ٱلۡخَلَّـٰقُ ٱلۡعَلِيمُ
Jeung apan Anjeunna anu ngayugakeun langit katut bumi téh kawasa nyiptakeun deui jasad-jasad nu geus ancur? Pasti, karana Anjeunna Nu Maha Kawasa. Jeung Anjeuna Maha Ngayugakeun sarta Maha Uninga.
82.
إِنَّمَآ أَمۡرُهُ ۥۤ إِذَآ أَرَادَ شَيۡـًٔا أَن يَقُولَ لَهُ ۥ كُن فَيَكُونُ
Saenyana taya lian pidawuh-Na upama Anjeunna ngersakeun hiji perkara (nyiptakeun naon bae) maka Anjeunna mah ngan ukur ngadawuh: "Jadi!" jleg wéh jadi.
83.
فَسُبۡحَـٰنَ ٱلَّذِى بِيَدِهِۦ مَلَكُوتُ كُلِّ شَىۡءٍ۬ وَإِلَيۡهِ تُرۡجَعُونَ
Saenyana Maha Suci Gusti Alloh, dina panangan Anjeunna kakawasaan kana sagala-galana; jeung ngan ka Anjeunna maranéh bakal dipulangkeun.

Talari[édit | édit sumber]

Surat ieu miboga tempat nu mandiri dina talari kahirupan sawaréh umat Islam. Sanajan validitas talari kasebut jadi bahan sawala, surat Ya Sin mindeng dibaca dina waktu-waktu nu tangtu kawas sabot keur ibadah hiji, jalma keur nyanghareupan sakratul maot, maleman Jumaah, maleman Nisfu Sya'ban, tahlil, jeung sajabana.

Tumbu ka luar[édit | édit sumber]

Wikisource logo
Wikisource logo
Wikipabukon mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca
{{{link}}}

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Al-Amin Al-Quran Tarjamah Sunda ku K.H. Qamaruddin Shaleh, C.V. Penerbit Diponegoro, Bandung, 2003.
  2. Al Quran dan Terjemahnya, Departemen agama, C.V. Toha Putra, Semarang, 1971
Surat sateuacanna:
Fatir
Surat 36 Surat saparantosna:
Surah As Safat
Al Qur'an

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114

Kotak ieu: temposawalaédit