An Naziat
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
| An Naziat النّازعات |
|
|---|---|
| Informasi | |
| Harti | Malaikat-malaikat Anu Nyabut |
| Ngaran séjén | As Sahoroh (Beungeut Bumi)
At Tammah (Musibah Badag)[1] |
| Golongan | Makkiyah |
| Surah ka | 79 |
| Juz | Juz 30 |
| Statistik | |
| Jumlah ruku' | 2 ruku' |
| Jumlah ayat | 46 ayat |
Surat An Naziat (basa Arab:النّازعات) nyaéta surat ka-79 dina al Qur'an. Surat ieu kagolongkeun kana surat Makkiyah, diwangun ku 46 ayat. Dingaranan An Naziat anu hartina Malaikat-malaikat anu nyabut asalna tina kecap an aaazi’aat anu aya dina ayat kahiji surat ieu. Dingaranan ogé As Sahiroh anu dicokot tina ayat ka-14, dingaranan ogé Ath Thommah dicokot tina ayat ka-34.
Poko-poko eusi [édit]
- Kaimanan
- Panegasan Alloh ngeunaan ayana poé kiamat sarta sikep jalma-jalma musyrik kana hal éta.
- Manusia dibagi jadi 2 golongan di ahérat
- Manusia henteu bisa nyaho iraha kajadianana waktu kiamat
- Carita
Eusi jeung Tarjamah [édit]
| Ayat ka | Tulisan Arab | Tarjamah basa Sunda |
|---|---|---|
| 1. |
وَٱلنَّـٰزِعَـٰتِ غَرۡقً۬ا
|
Demi (béntang-béntang) nu garancang pindahna . |
| 2. |
وَٱلنَّـٰشِطَـٰتِ نَشۡطً۬ا
|
Demi (béntang-béntang) nu salawasna pipindahan. |
| 3. |
وَٱلسَّـٰبِحَـٰتِ سَبۡحً۬ا
|
Jeung demi (béntang-béntang) nu maluter gancang pisan. |
| 4. |
فَٱلسَّـٰبِقَـٰتِ سَبۡقً۬ا
|
Tuluy (béntang-béntang) nu maluter paheula-heula. |
| 5. |
فَٱلۡمُدَبِّرَٲتِ أَمۡرً۬ا
|
Jeung (béntang-béntang) nu dipaké ngatur urusan. |
| 6. |
يَوۡمَ تَرۡجُفُ ٱلرَّاجِفَةُ
|
(Sing inget) poéan génjlongna bumi anu kacida tarikna. |
| 7. |
تَتۡبَعُهَا ٱلرَّادِفَةُ
|
Ditema ku nu nuturkeunana. |
| 8. |
قُلُوبٌ۬ يَوۡمَٮِٕذٍ۬ وَاجِفَةٌ
|
Haté (jelema-jelema) poé éta kacida geumpeurna. |
| 9. |
أَبۡصَـٰرُهَا خَـٰشِعَةٌ۬
|
Panénjona tarungkul alum. |
| 10. |
يَقُولُونَ أَءِنَّا لَمَرۡدُودُونَ فِى ٱلۡحَافِرَةِ
|
Maranéhna nyarita: “Naha urang rék dibalikkeun deui kana kaayaan asal; |
| 11. |
أَءِذَا كُنَّا عِظَـٰمً۬ا نَّخِرَةً۬
|
Nalika urang geus jadi tulang-taleng nu raremek? |
| 12. |
قَالُواْ تِلۡكَ إِذً۬ا كَرَّةٌ خَاسِرَةٌ۬
|
Maranéhna nyarita deui: “Ana kitu mah, pangbalikan nu matak rugi.”. |
| 13. |
فَإِنَّمَا هِىَ زَجۡرَةٌ۬ وَٲحِدَةٌ۬
|
Tapi saéstuna éta mah jeritan anu ngan sakocéak. |
| 14. |
فَإِذَا هُم بِٱلسَّاهِرَةِ
|
Dadak sakala maranéhna aya deui di luhur bumi. |
| 15. |
هَلۡ أَتَٮٰكَ حَدِيثُ مُوسَىٰٓ
|
Naha ka manéh geus kawartikeun lalakon Musa? |
| 16. |
إِذۡ نَادَٮٰهُ رَبُّهُ ۥ بِٱلۡوَادِ ٱلۡمُقَدَّسِ طُوًى
|
Nalika Pangéranna cumeluk ka manéhna di lengkob suci (nu katelah) Thuwa. |
| 17. |
ٱذۡهَبۡ إِلَىٰ فِرۡعَوۡنَ إِنَّهُ ۥ طَغَىٰ
|
Jeung geura indit manéh ka Fir’aun, lantaran manéhna geus murba wisésa. |
| 18. |
فَقُلۡ هَل لَّكَ إِلَىٰٓ أَن تَزَكَّىٰ
|
Pok caritakeun ka manéhna: “Naha andika hayang jadi suci? |
| 19. |
وَأَهۡدِيَكَ إِلَىٰ رَبِّكَ فَتَخۡشَىٰ
|
Jeung naha andika daék dituduhkeun ka Pangéran andika sangkan andika aya kasieun? |
| 20. |
فَأَرَٮٰهُ ٱلۡأَيَةَ ٱلۡكُبۡرَىٰ
|
Tuluy Musa mintonkeun ayat (mujijat) nu gedé ka manéhna. |
| 21. |
فَكَذَّبَ وَعَصَىٰ
|
Tapi (Fir’aun) ingkar jeung bahula. |
| 22. |
ثُمَّ أَدۡبَرَ يَسۡعَىٰ
|
Tuluy manéhna nukangan, gejlig indit. |
| 23. |
فَحَشَرَ فَنَادَىٰ
|
Ngumpulkeun (rahayatna) sarta susumbar. |
| 24. |
فَقَالَ أَنَا۟ رَبُّكُمُ ٱلۡأَعۡلَىٰ
|
Pokna: “Nya kami pangéran maranéh anu linuhung!” |
| 25. |
فَأَخَذَهُ ٱللَّهُ نَكَالَ ٱلۡأَخِرَةِ وَٱلۡأُولَىٰٓ
|
Ku kituna Alloh nyiksa manéhna ku siksaan ahérat jeung dunya. |
| 26. |
إِنَّ فِى ذَٲلِكَ لَعِبۡرَةً۬ لِّمَن يَخۡشَىٰٓ
|
Saéstuna dina perkara éta téh jadi pangajaran keur sing saha anu wedi (ku Alloh). |
| 27. |
ءَأَنتُمۡ أَشَدُّ خَلۡقًا أَمِ ٱلسَّمَآءُۚ بَنَٮٰهَا
|
Naha maranéh mahluk anu leuwih hésé diyugakeunana batan langit, padahal Anjeunna geus ngadegkeunana? |
| 28. |
رَفَعَ سَمۡكَهَا فَسَوَّٮٰهَا
|
Anjeunna geus nanjeurkeun adeganana tuluy nyampurnakeunana. |
| 29. |
وَأَغۡطَشَ لَيۡلَهَا وَأَخۡرَجَ ضُحَٮٰهَا
|
Jeung Anjunna ngajadikeun poékna peuting jeung caang-ngemprayna beurang. |
| 30. |
وَٱلۡأَرۡضَ بَعۡدَ ذَٲلِكَ دَحَٮٰهَآ
|
Jeung sanggeus kitu, Anjeunna ngamparkeun bumi. |
| 31. |
أَخۡرَجَ مِنۡہَا مَآءَهَا وَمَرۡعَٮٰهَا
|
Jeung ti dinya dikaluarkeun caina jeung jujukutanana. |
| 32. |
وَٱلۡجِبَالَ أَرۡسَٮٰهَا
|
Jeung dijungkiringkeun gunung-gunungna. |
| 33. |
مَتَـٰعً۬ا لَّكُمۡ وَلِأَنۡعَـٰمِكُمۡ
|
Keur bekel maranéh katut ingon-ingon maranéh. |
| 34. |
فَإِذَا جَآءَتِ ٱلطَّآمَّةُ ٱلۡكُبۡرَىٰ
|
Nya upama tumiba kaributan nu rongkah. |
| 35. |
يَوۡمَ يَتَذَكَّرُ ٱلۡإِنسَـٰنُ مَا سَعَىٰ
|
Dina poéan manusa aringeteun kana sagala anu geus dilampahkeunana. |
| 36. |
وَبُرِّزَتِ ٱلۡجَحِيمُ لِمَن يَرَىٰ
|
Sarta geus ditémbongkeun naraka pikeun jelema nu hayangeun nénjo. |
| 37. |
فَأَمَّا مَن طَغَىٰ
|
Sing saha nu doraka ngaliwatan wates wangen. |
| 38. |
وَءَاثَرَ ٱلۡحَيَوٰةَ ٱلدُّنۡيَا
|
Turta ngutamakeun kahirupan dunya. |
| 39. |
فَإِنَّ ٱلۡجَحِيمَ هِىَ ٱلۡمَأۡوَىٰ
|
Saéstuna nya Jahanam geusan pangbalikanana. |
| 40. |
وَأَمَّا مَنۡ خَافَ مَقَامَ رَبِّهِۦ وَنَهَى ٱلنَّفۡسَ عَنِ ٱلۡهَوَىٰ
|
Jeung sing saha anu wedi ku kalungguhan Pangéranna, sarta ngariksa dirina tina hawa napsu. |
| 41. |
فَإِنَّ ٱلۡجَنَّةَ هِىَ ٱلۡمَأۡوَىٰ
|
Saéstuna, nya sawarga geusan pangbalikanana. |
| 42. |
يَسۡـَٔلُونَكَ عَنِ ٱلسَّاعَةِ أَيَّانَ مُرۡسَٮٰهَا
|
Maranéhna baris nanyakeun ka manéh (Muhammad) iraha bakal kajadianana kiamat. |
| 43. |
فِيمَ أَنتَ مِن ذِكۡرَٮٰهَآ
|
Kumaha bisana manéh nerangkeunana. |
| 44. |
إِلَىٰ رَبِّكَ مُنتَہَٮٰهَآ
|
Ngan Pangéran manéh, nu uninga pamustunganan. |
| 45. |
إِنَّمَآ أَنتَ مُنذِرُ مَن يَخۡشَٮٰهَا
|
Manéh mah ngan tukang ngawawadian jalma-jalma nu sarieuneun (ku kiamat). |
| 46. |
كَأَنَّہُمۡ يَوۡمَ يَرَوۡنَہَا لَمۡ يَلۡبَثُوٓاْ إِلَّا عَشِيَّةً أَوۡ ضُحَٮٰهَا
|
Dina mangsa maranéhna nénjo kiamat téa, pangrasana teu kungsi hirup di dunya, anging sapeuting atawa sapoé baé. |
Rujukan [édit]
- ↑ Departemen Ageman RI.2007.Al-qur'an sarta Tarjamahanana Al-jumanatul 'Ali Seuntai Mutiara Anu Maha Luhur.Bandung:J-art
| Surat sateuacanna: An Naba |
Surat 79 | Surat saparantosna: Abasa |
| Al Qur'an | ||
|
1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114 |
||