Bihun
| Bihun | |||||||||||||||||||
|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
| Strands of bihon vermicelli | |||||||||||||||||||
| Nama Tionghoa | |||||||||||||||||||
| Hanzi: | 米粉 | ||||||||||||||||||
|
|||||||||||||||||||
| Ngaran Filipina | |||||||||||||||||||
| Tagalog: | bihon atau bijon | ||||||||||||||||||
| Ngaran Malayu | |||||||||||||||||||
| Malayu: | bihun | ||||||||||||||||||
| Ngaran Tamil | |||||||||||||||||||
| Tamil: | சேவை (sevai) | ||||||||||||||||||
| Ngaran Thai | |||||||||||||||||||
| Thai: | เส้นหมี่ (sen mee) | ||||||||||||||||||
| Ngaran Viétnam | |||||||||||||||||||
| Viétnam: | bún | ||||||||||||||||||
Bihun atawa mihun mangrupa ngaran salah sahiji jinis kadahareun ti Tiongkok, bentukna saperti emih tapi leuwih ipis.[1] Lamun bahasa Inggris disebut rice vermicelli atawa rice noodles jeung rice sticks. Bihun asalna tina bahasa Tionghoa, nya éta Bi artina béas jeung hun artina tipung.[1] Bahan baku bihun tina tipung béas ngaliwatan prosés ekstrusi.[1] Kadahareun ieu kasohor ti nagara Cina jeung Asia Selatan, saperti India.[1]
[édit] Bédana bihun jeung soun
Bihun dijieuna tina tipung béas sedengkeun soun tina sari kacang héjo.[2] Warna bihun mah kuleuheu sedengkeun soun mah hérang.[2] Teksturna bihun mah rada korodok ari soun mah leueur.[2] Lembaran bihun babari potong sedengkeun soun mah kuat jeung liat.[2] Cara ngaleuleuskeun bihun mah leuwih lila dibandingkeun soun, ilahrna bihun mah 20 menit sedengkeun soun mah 10 menit.[2]
[édit] Bahan nyieun bihun
Bahan baku bihun aya dua nya éta bahan abku utama jeung tambahan.[3] Bahn utama nya éta béas (tipung béas).[3] Baés anu cocog pikeun nyieun bihun nya éta béas pera, saperti PB 5, PB 36, PB 42, IR 26, IR 36, Seméru, Asahan, béas Hongkong, béas Siam, béas Birma.[3] Sedengkeun bahan tambahan nya éta cai, tawas, sodium bisulfit.[3]