Björk
Björk atawa Björk Gudmundsdóttir nya éta penyanyi katut pencipta lagu anu lahir di Reykjavík, Islandia tanggal 22 Nopémber 1965[1][2]. Pangaruh musisi avant-garde, jazz, electronic, klasik, alternatip, folk, trip hop jeung ambient katingali pisan dina musikna[2]. Björk lahir ti kulawarga anu aktip dina kagiatan pulitik sarta sosial anu nyababkeun manéhna peka kana kahirupan nu aya di Sakurilingna[2].
Karir [édit]
Karirna dimulai ti umur welasan taun, terus ngagabung dina grup musik Spit and Snot (1979)[1]. Sanggeus éta, Bjork pundah-pindah grup musik, diantarana: Exodus (1979-1980), Jam-80 (1980), Cactus (periodeu 1982), Stigrim (periodeu 1982), Tappi Tíkarrass (1981-1983), Rokka Rokka Drum (1984), PUKL (1984), KUKL (1983-1986), The Elgar Sisters (1983-1986), The Sugarcubes (1986-1992), Hljómsveit Konráðs B - (periodeu 1989/1990) jeung Björk Guðmundsdóttir & Tríó Guðmundar Ingólfssonar (1990)[1].
Debut solo Björk dimulai taun 1992, debut solona dijudulan Debut anu dirilis taun 1993[1]. Di Taun nu sarua, Björk gawé bareng jeung David Arnold ngagarap lagu Play Dead pikeun soundtrack pilem The Young Americans (1993). Lian ti éta, Björk ogé jadi béntang pilem dina judul The Juniper Tree (1990), diteruskeun ku pilem Dancer in The Dark (2000) jeung Screaming Masterpiece (2002)[1].
Diskografi [édit]
| Tahun | Album |
|---|---|
| 1977 | Björk |
| 1993 | Debut |
| 1995 | Post |
| 1996 | Telegram |
| 1997 | Homogenic |
| 2000 | Selmasongs |
| 2001 | Vespertine |
| 2004 | Medúlla |
| 2005 | Drawing Restraint 9 |
| 2007 | Volta |
| 2011 | Biophilia |
Référénsi [édit]
- ↑ a b c d e [Bjork-Kapanlagi.com] (diaksés tanggal 10 Nopémber 2011)
- ↑ a b c [Profil Bjork] (diaksés tanggal 10 Nopémber 2011)
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |