Boson
Boson, nu ngaranna dicokot tina ngaran Satyendra Nath Bose, nyaéta partikel-partikel anu ngawangun kaayaan kuantum komposit simétrik-total. Minangka hasilna, ieu partikel taat kana statistik Bose-einstein. Téorema spin-statistik nganyatakeun yén boson ngabogaan spin bilangan buleud. Boson ogé hiji-hijina partikel anu bisa nempatan kaayaan anu sarua jeung anu séjénna.
Sakumna partikel dasar mangrupakeun boson atawa fermion.
Gauge boson nyaéta partikel dasar anu boga fungsi mawa gaya fundaméntal kawas boson véktor W dina gaya lemah, gluon dina gaya kuat, foton dina gaya éléktromagnétik, sarta graviton dina gaya gravitasi.
Partikel nu kawangun ku sajumlah partikel séjén (kawas proton atawa nuklei) bisa mangrupakeun fermion atawa boson, gumantung kana spin totalna. Ku alatan éta, réa nuklei mangrupakeun boson.
Conto boson:
- atom Helium-4
- atom Sodium-23
- Nuklei kalawan spin bilangan buleud
- foton
- boson W sarta Z
- gluon
- boson Higgs
- fonon
Tempo ogé [édit]
Rujukan [édit]
- Sakurai, J.J. (1994). Modern Quantum Mechanics (Revised Edition), pp 361-363. Addison-wesley Publishing Company. ISBN 0-201-53929-2.
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |