Bueuk

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Bueuk
Bueuk Tutul
Bueuk Tutul
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Animalia
Fila: Chordata
Kelas: Aves
Ordo: Strigiformes
Wagler, 1830
Kulawarga

Strigidae
Tytonidae

Sebutan Bueuk nujul ka 200-an spésiés manuk prédator nokturnal solitér nu asup kana Ordo Strigiformes. Bueuk utamana moro mamalia leutik, serangga, jeung manuk lianna, najan aya ogé nu husus moro lauk. Bueuk aya di saampar Bumi, iwal Antartika, utamana Greenland, jeung sababaraha pulo nu mencil.

Panémbong[édit | sunting sumber]

Bueuk mibanda panon belo jeung ceuli nu nyanghareup ka hareup, pamatukna kawas heulang, sarta bunderan bulu sakuriling panonna nu disebut cakram beungeut (facial disk). Najan boga binocular vision, panonna mah aya dina "logak", sahingga kudu ngalieuk mun hayang ningali ka séjén tempat.

Bueuk mah awas ka nu jauh, tapi teu bisa nempo kalawan écés dina jarak ukur sababaraha sénti. Panempona alus pisan dina kaayaan nu remeng-remeng. Dina kaayaan poék mongkléng, bueuk aya nu bisa moro maké patokan sora. Sorana béda-béda, najan ku urang mah ilaharna sarua baé ukur "kuk". Cakram beungeut mantuan nyalurkeun sora rodensia kana ceulina. Dina sababaraha spésiés mah malah ceulina téh tempatna asimétris, sahingga leuwih hadé dina ngalelebahna.

Najan panémbongna teu mirip, bueuk téh leuwih deukeut ka nightjar (Caprimulgiformes) batan ka prédator diurnal dina ordo Falconiformes. Sababaraha ahli taksonomi nempatkeun nightjar saordo jeung bueuk, misalna dina taksonomi Sibley-Ahlquist.

Kukuna nu ranggoas sarta pamatuk bueuk nu seukeut jadi alat pikeun nyoéh-nyoéh mangsana saméméh diteureuy, najan aya ogé nu langsung diteureuy buleud-buleud. Bentuk jangjang katut buluna ngajadikeun hiberna méh teu soraan jeung teu katempo.

Élmuwan nu ngulik kadaharan bueuk kabantu ku kabiasaanana ngutahkeun nu teu bisa dicerna (tulang, sisit, bulu, jsb.) dina bentuk guruntulan/péllét. "Péllét bueuk" ieu sok dijual ka sakola pikeun bahan prakték dina pangajaran biologi jeung ékologi.

Endog bueuk kelirna bodas nu bentukna méh buleud, jumlahna tina ukur sababaraha nepi ka losinan gumantung spésiésna. Bentuk sayangna kasar, dijieun na tatangkalan, na liang taneuh, atawa guha.

Bueuk mah lolobana nokturnal, tapi aya ogé, kaasup bueuk pigmi (Glaucidium), nu crepuscular, atawa aktif dina mangsa ganti wanci, moro pasosoré atawa janari. Burrowing Owl (Speotyto cunicularia) jeung Short-eared Owl (Asio flammeus) mah malah sok moro pabeubeurang.

Bueuk pangleutikna nyaéta bueuk pigmi (pigmi = katé), nu panjangna ukur 13 cm, bébér jangjangna 32 cm, beuratna 50 g. Nu pangbadagna, nyaéta bueuk heulang: Bueuk Heulang Eurasian Bubo bubo jeung Bueuk Heulang Verreaux B. lacteus nu panjangna nepi ka 71 cm, bébér jangjangna leuwih ti 2 m, beuratna 4 kg.

Gambar:Elf owl.jpg
Anak bueuk dina sayangna
  • ORDO STRIGIFORMES
    • Kulawarga Tytonidae: bueuk lumbung, 12-18 spésiés
    • Kulawarga Strigidae: kira 195 spésiés.
    • Kulawarga nu diajukeun Phodilidae: 1-2 spésiés (kiwari kaasup Tytonidae)

Mitos jeung dongéng[édit | sunting sumber]

Eulenpokal-Stadt-Schaffhausen-Fayence-16Jhr.jpg

Di Dunya Kulon, bueuk téh ngalambangkeun kawijaksanaan jeung pangaweruh (wisdom & knowledge) sarta déwi Aténa Yunani. Ieu kusabab Aténa téh déwi manuk nu mindeng digambarkeun dina wujud bueuk. Aténa téh lain ukur déwi kawijakan, tapi ogé déwi seni jeung kaahlian. Ti dieu, bueuk lajeng jadi lambang atikan jeung pangajaran, sakumaha nu katémbong dina taméng lambang-lambang universitas.

Di jaman Mesir Kuna, bueuk dina hiroglif ngalambangkeun 'm', nu sok digambarkeun sukuna pateuh. Déwi nu patali jeung bueuk sigana mah Akkadian Lilitu.

Dina budaya Jepang, manuk ieu mangrupakeun perlambang ajal. Nempo bueuk téh mangrupa totondén pigoréngeun. Nu ieu sarua jeung di Itali jeung Rumania, yén sora bueuk téh ngalambangkeun ayana nu maot. Di Romawi Kuna, bueuk ogé dianggap salaku sato nu patali jeung ajal, sabab hirupna nu nokturnal sarta nyayangna di tempat nu nyumput. Ku kituna, nempo bueuk pabeubeurang téh dianggap pigoréngeun.

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  • Owl, ti Wikipédia édisi basa Inggris per 27 Oktober 2005
  • Paul A. Johnsgard (1997). North American Owls: Biology and Natural History. Smithsonian Institution Press. ISBN 1-56098-724-3.