Cupang
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
| Lauk Cupang | |
|---|---|
| Cupang Half Moon | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Kingdom: | Animalia |
| Phylum: | Chordata |
| Class: | Actinopterygii |
| Order: | Perciformes |
| Family: | Osphronemidae |
| Genus: | Osphronemus |
| Species: | Betta Sp. |
Lauk Cupang (Betta sp.) nya éta salasahiji jenis lauk nu hirup dina rawa nu habitat asalna ti sababaraha nagara di Asia Tenggara di antarana Indonesia, Thailand, Malaysia, jeung Vietnam. [1] Lauk ieu miboga bentuk jeung karakter anu agrésif pikeun ngajaga tempat kakuasaanna. [1]Umumna lauk cupang dibagi kana tilu jenis, nya éta cupang hias, cupang adu, jeung cupang liar.[1]
Cupang Hias [édit]
Lauk cupang, salian katélah ku karakterna nu agrésif, ogé ku kaéndahan buntut,jeung siripna. Tina rupa-rupa buntutna, cupang hias di bagi kana tilu rupa nya éta:
- Cupang Plakat: Cupang hias anu buntutna pondok. Cupang ieu asalna ti nagara Thailand. Kaéndahan cupang plakat katingali tina rupa siripna, sareng ka éndahan sisikna. [2]
- Cupang Half moon: Cupang jenis ieu ngagaduhan buntut, sareng sirip anu lebar tur simetris, nyaruaan rupa bulan satengah. Cupang half moon mimiti dibudiayakeun di Amérika serikat ku Peter Goettner taun 1982. [1]
- Cupang Serit / Cupang Crown Tail: Cupang Crown Tail atawa nu osok di sebat Cupang Serit nya éta cupang asli Indonésia. [2]
Rujukan [édit]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |