Dasi

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Dasi

Dasi nya éta asésoris papakéan nu dibeulitkeun kana beuheung ti hareup lamun urang maké baju bukaan.[1] Bentukna lawon anu ipis jeung panjang, anu miboga sisina anu méncos.[2] Dasi téh aya dua rupa dasi kukupu jeung dasi panjang.[1]

Sajarah Dasi[édit | sunting sumber]

Masa Romawi kuno geus maraké kaén pikeun nutupan beuheung jeung tikoro, hususna pikeun para jurucatur.[2] Kamekaran dasi ti mimiti prajurit militer Romawi geus maraké dasi.[2] Bukti ayana dasi jaman éta nya éta ayana dasi dina patung di makam kuno, Xian, Tiongkok.[2] Di masa Shakespeare (1564 – 1616), anu disebut ruff.[2] Kerah kaku tina kaén bodas anu bentukna sarupa jeung piring gedé anu meulit kana buheung.[2] Pikeun netepkeun bentuk ruff osok dikanji.[2] Tapi lila kalilaan ruff anu patumpang tindih ngabalukarkeun iritasi, ku sabab kandelna nepi ka sabaraha senti méter.[2] Pikeun nyingkahan iritasi nya diciptakeun crava dina masa pamaréntahan Louis XIV taun 1660-an.[2] Ngan Kroasia leuwih pantes disebut asalna dasi.[2] Baheula mah kecap éta asalna nagara Kroasia anu disebut ku masarakat mah Hrvatska.[2] Dasi mimiti dipaké dina abad ka-16 ku prajurit Croation.[3] Maranéhna maraké sapotong kaén anu dibeulikeun kana beuheung pikeun papakéan tradisonal.[3] Satuluyna Perancis ngirut pikeun ngapdosi bentuk papakéan ieu sanggeus para prajurit kasebut asup ka Perancis.[3] Sababaraha abad kahareupna, Inggris ngadopsi, lolobana diparaké ku tentara, pikeun nutupan baham tina kebul jeung ngajaga sangkan beuheungna haneut.[3] Prakték cara maké kaén dina beuheung téh sumebar nepi ka Amérika.[3] Dina taun 1864 Jérman jeung Amérika mimiti nyieun persi modérn dasi.[3]

Dasi dina Islam[édit | sunting sumber]

Dumasar kana sajarahna, Mufti Siraj Desai nyawang yén dasi lain simbol salib jeung lain simbol agama.[3] Ku lantaran kitu muslim bisa maké dasi dina kondisi nu tangtu.[3] Tapi, ku sabab dasi jaman ayeuna teu boga pungsi iwal tina modél, jadu makruh hukum maké dasi.[3] Lantaran saréat henteu meunangkeun saurang muslim pikeun maké papakéan anu teu mangpaat.[3] Tapi, lamun di tempat gawé atawa sakola ditungtut pikeun maké dasi lain alatan formal seperti saméméhna dijelaskeun, jeung lain nurutan budaya barat atawa percaya yén dasi téh simbol kahormatan, maka hukumna dosa.[3] Saluyu jeung dauhan Alloh, anu hartina ...Naha maranéh ngarepkeun kahormatan ti batur (jalma kapir)? Kudu dipikanyaho yén sakabéhna izzah milik Alloh.” (An Nisa 4: 139) Numutkeun Siraj Desai, urang muslim baé maké papakéan jalma-jalma kapir aslkeun éta téh alatan kabutuhan, saperti baju jeung calana, tapi ulah percaya kana ajén-ajén budayana.[3] Lamun hal éta dilakukeun éta ka asup haram.[3] Sakumaha sabda Rasulullah anu diriwayatkaeun At Thabarani, Lain bagian ti urang, saha anu mraktékkeun cara-cara jalma lain ( salain Islam ).[3]

catetan[édit | sunting sumber]

  1. a b Danadibrata,R.A.(2006).Kamus Basa Sunda.Bandung: Kiblat Buku Utama.
  2. a b c d e f g h i j k Sajarah Dasi (Dicutat tanggal 8 November 2011)
  3. a b c d e f g h i j k l m n Mufti Afsel Jelaskan Hukum Mengenakan Dasi (Dicutat tanggal 20 November 2011)