Hanjuang
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
| Hanjuang | |
|---|---|
| Foliage | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Kingdom: | Plantae |
| Division: | Magnoliophyta |
| Class: | Liliopsida |
| Order: | Asparagales |
| Family: | Laxmanniaceae |
| Genus: | Cordyline |
| Species: | C. fruticosa |
| Ngaran binomial | |
| Cordyline fruticosa (L.) A. Chev. |
|
Hanjuang (baca: 'hanyjuang') (Cordyline fruticosa) nyaéta tutuwuhan kembangan ti kulawarga Laxmanniaceae, saméméhna diasupkeun kana kulawarga Agavaceae, nu jangkungna bisa nepi ka 4 m, panjang daunna 30-60 cm, kalawan lébar 5-10 cm. Kembangna semu konéng-beureum, nu gagangna panjang (40-60 cm), nu terus jadi buah laleutik kelir beureum. Ieu tutuwuhan téh pituin Asia Tenggara, Papua, Mélanésia, Australia kalér-ngétan, jeung sabagian Polinésia. Aya ogé di Hawai atawa Selandia Baru, tapi da beunang melak[1].
Ku urang Sunda, ieu tutuwuhan sok dipelak di juru-juru wates tanah pikeun tanda, sedengkeun daunna sok dipaké mungkus rupa-rupa katuangan. Hasil panalungtikan nunjukkeun yén daun hanjuang boga watek antibaktéri[2].
Daptar eusi |
Sebutan séjén [édit]
- Convallaria fruticosa L. (basionim)
- Asparagus terminalis L. nom. illeg.
- Cordyline terminalis (L.) Kunth
- Cordyline terminalis var. ferra Baker
- Dracaena terminalis L. nom. illeg.
- Dracaena terminalis Rich.
- Terminalis fruticosa (L.) Kuntze
Galeri [édit]
Rujukan [édit]
- Wikipédia édisi basa Inggris. Cordyline fruticosa. Dicutat 19 Séptémber 2007.
- ↑ http://www.itfgs.org/htm/cordyline.htm
- ↑ Chaerunisa AY, Alim Z, Supriyatna (2001). "Sifat biostatika pengemas makanan tradisional daun hanjuang (Cordyline fruticosa) dan daun tisuk (Hibiscus macrophyllus) dibandingkan dengan Nipagin-Nipazol". Cermin Dunia Kedokteran 130: 49-54.
Tumbu kaluar [édit]
- Flora of China: Cordyline fruticosa
- Sir Apenera Short, a former Cook Islands Queen's Representative (1990-2000) dressed in tī leaves. [1]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |