Hujan asam

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Prosés déposisi asam (tegeskeun yén ngan SO2 jeung NOx anu boga peran signifikan dina hujan asam).

Hujan asam nyaéta hujan atawa bentuk présipitasi lianna anu sacara teu wajar watekna asam, ku naékna kadar ion hidrogén (pH leutik). Balukarna goréng pikeun tutuwuhan, sato cai, jeung infrastruktur. Hujan asam téh balukar tina émisi sanyawaan amonia, karbon, nitrogén, jeung walirang nu ngahiji jeung molekul cai di atmosfir nu ngahasilkeun asam. Pikeun ngungkulanana, pamaréntah sababaraha nagara geus nyieun tarékah ti taun 1970-an, utamana pikeun ngurangan produksi oksida walirang. Najan kitu, ieu prosés mémang lumangsung sacara alami, di antarana tina gelap jeung gunung bitu.

Watesan[édit | sunting sumber]

"Hujan asam" téh istilah populér nu nujul ka déposisi baseuh (hujan, salju, hujan és, halimun, awan, ibun) jeung garing (partikel jeung gas) komponén nu watekna asam. Istilah nu leuwih merenah nyaéta "déposisi asam".

Cai sulingan, nu karbon dioksidana geus dileungitkeun, boga pH nétral 7. Cairan anu pH-na kurang ti 7 boga watek asam, anapon anu leuwih ti 7 watekna basa. Hujan anu 'beresih' atawa teu ngalaman polusi watekna rada asam, pH kira 5,2, kusabab karbon dioksida jeung cai di udara jadi asam karbonat, hiji asam lemah, tapi ogé ngandung jat kimia lianna[1].

H2O (l) + CO2 (g) → H2CO3 (aq)

Asam karbonat bisa diionkeun dina cai jadi ion hidronium jeung karbonat anu kadarna saeutik:

2 H2O (l) + H2CO3 (aq) aya dina kasatimbangan jeung CO32− (aq) + 2 H3O+ (aq)

Déposisi asam salaku isu lingkungan ogé bisa ngawengku asam H2CO3.

Baca ogé[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. Likens, G. E., W. C. Keene, J. M. Miller and J. N. Galloway. 1987. Chemistry of precipitation from a remote, terrestrial site in Australia. J. Geophys. Res. 92(D11):13,299-13,314.

Bacaan salajengna[édit | sunting sumber]

  • John McCormick, Acid Earth: The Global Threat of Acid Pollution (London: Earthscan, 1989) ISBN 1-85383-033-X
  • Likens, G. E., R. F. Wright, J. N. Galloway and T. J. Butler. 1979. Acid rain. Sci. Amer. 241(4):43-51.
  • Weathers, K. C. and G. E. Likens. 2006. Acid rain. pp. 1549–1561. In: W. N. Rom (ed.). Environmental and Occupational Medicine. Lippincott-Raven Publ., Philadelphia. Fourth Edition.

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]


Nulis.jpg