Koran

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Street Scene - Salta - Argentina.jpg

koran nya éta lembaran-lembaran kertas anu aya tulisan ngeunaan warta jeung sajabana anu kanagi kana kolom-kolom anu terbitna unggal poé sacara périodik;surat kabar; unggal poé[1].Koran atawa surat kabar nya éta hiji media penerbitan anu ringan jeung babari dipiceun[2]. Koran maké keretas anu bermutu rendah anu bisa didaur ulang atawa dipaké jang rupa-rupa pangabutuh[2]. Koran asal kecapna tina basa Walanda Krant atawa anu méh sarupa jeung lafalna dina basa Perancis nya éta Courant[2].

Sajarah koran[édit | sunting sumber]

Tina segi sajarah koran atawa bisa disebut ogé surat kabar mimiti dijieunna ku urang-urang kabangsawanan Inggris anu ngaranna Benjamin Harris dina taun 1690 di Amerika Serikat[2]. Surat Kabar éta dingaranana Public Occurances Both Foreign and Domestick. Tapi surat kabar éta dieureunkeun jeung teu meunang aya di masarakat kusabab teu boga izin terbit[2].Harita mimiti karasa aya kahariwangan yén mesin-mesin citak anu dipaké bakal nerbitkeun warta-warta anu bisa ngiserkeun kakawasaan pihak kolonial jeung pajabat agama[2].Sabada nagara Amerika Serikat aya, nalika éta ogé aya surat kabar[2]. Tapi kusabab aya interfensi pulitik mangka surat kabar némbongkeun warta sacara subjéktif lain sacara objéktif[2].Washington jeung Jefferson anu nyekel kakawasaan harita maké surat kabar salaku alat pikeun ngéléhkeun nu séjén[2].

Kaayaan kieu ngabalukarkeun rahayat ménta amandemén anu ngajamin bebeneran warta dina surat kabar[2].Mimitina amandemen ieu teu bisa dipigawé sacara efektif nepi ka medalna The Herald ku James Gordon Bennet[2]. The Herald nyieun isu pulitik di bagéan hareup jeung sésana eusina téh isu bisnis, kahirupan sosial jeung sajabana[2]. Sabada The Herald medal aya ogé New York Tribune anu didominasi ku pamaca ti kalangan patani[2]. Pada masa Lincoln muculah New York Times yang menambah ramai pangsa pasar surat kabar tersebut. Setelah perang saudara di Amerika Serikat Sabada kitu aya deui Pulitzer jeung New York World[2]. Pulitzer nya éta pamedal munggaran anu medalkeun surat kabar mingguan[2]. Sabada Pulitzer, New York World ngahontal kasuksésan anu pangluhurna nu dipikawanoh ku sebutan wartawannya surat kabar[2]. New York World kiwari ngawengku dua majalah anu geus kakoncara jeung dipikaresep nya éta Good Housekeeping jeung Cosmopolitan.

Kaayaan surat kabar di Indonesia ogé sarua jeung surat kabar di Amerika Serikat jeung sabudeureunana[2]. Dina sajarahna surat kabar atawa koran di Indonesia ngalaman pembredelan jang nyumponan kapentingan pulitik untuk atawa nu ngawasa mangsa harita[2]. Hal ieu karasa pisan dina mangsa orde baru[2].Numutkeun sajarah surat kabar jeung koran, surat kabar jeung koran di Indonesia mimitina mangrupa hasil pamikiran pamaréntahan Walanda[2]. Harita loba surat kabar kayaning Bintang Timur, Bintang Barat, Java Bode jeung sajabana[2].

Nalika zaman penjajahan Jepang, surat kabar nu tadi disebutkeun teu meunang medal deui diganti ku Suara Asia, Sinar Matahari, Asia Raja jeung Tjahaja[2].Sabada kamerdikaan, fungsi jeung peran surat kabar digantikeun ku Radio Republik Indonesia[2].Nalika mangsa kamerdikaan nepi ka runtagna orde lama surat kabar aya dina kakawasaan pamaréntah[2].Reformasi nalika mangsa B.J Habiebie muka kabébasan pers di indonesia anu diatur dina Undang-Undang Penyiaran jeung Kode Etik Jurnalistik anu diatur ke Dewan Pers[2].

Referensi[édit | sunting sumber]

  1. Definisi 'koran'(diakses 9 November 2011]
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y Sejarah Koran dan Surat Kabar(diakses 9 November 2011)
Nulis.jpg