Kromosom Y

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Chromosome Y.svg

Kromosom Y nyaéta kromosom panangtu kelamin di kalolobaan mamalia, kaasup manusa. Ieu kromosom diwangun ku 60 juta pasang basa, nu di antarana aya gén SRY nu ngahirupkeun tumuwuhna téstis.

Mamalian lolobana boga sapasang kromosom kelamin dina unggal sélna (najan aya platipus anu boga lima pasang). Nu jalu boga hiji kromosom Y jeung hiji kromosom X, sedengkeun nu bikang boga dua kromosom X wungkul. Lian ti gén SRY, dina kromosom Y ieu aya gén-gén lianna anu dipikabutuh pikeun produksi spérma anu normal.

Aya ogé anu cacad, misalna lalaki anu boga dua kromosom X jeung hiji kromosom Y ("XXY", baca sindrom Klinefelter) atawa hiji kromosom X jeung dua kromosom Y (baca sindrom XYY). Aya deui wanoja nu boag tilu kromosom X atawa hiji kromosom X (tanpa Y, "X0", baca sindrom Turner). Aya/euweuhna kromosom Y mangrupakeun salasahiji uji pikeun nangtukeun jenis kelamin.

Asal-usul jeung évolusi[édit | sunting sumber]

Saméméh kromosom Y[édit | sunting sumber]

Vertebrata éktotermik loba nu teu boga kromosom kelamin, sarta ayana ditangtukeun ku lingkungan, lain genetik. Misalna baé réptil, kelamin gumantung kana suhu inkubasi mangsa disileungleuman; nu séjénna malah hérmaprodit (boga gamét jalu jeung bikang dina jero awakna).

Asal-usul[édit | sunting sumber]

Numutkeun téori évolusi, kromosom X jeung Y mimiti misah tina sapasang kromosom idéntik kira-kira 300 juta taun kaliwat[1], nu disebut autosom. Nalika éta mamalia karuhun ngahasilkeun variasi alél dina 'lokus kelamin' (sex locus), mangka éta organisme jadi jalu[2]. Kromosom nu mawa ieu alél robah jadi kromosom Y, sedengkeun pasangan anu séjénna robah jadi kromosom X. Salajengna, gén-gén anu mangpaat pikeun jalu sarta bahya atawa teu guna pikeun bikang mekar dina kromosom Y atawa pindah ka kromosom Y dina prosés translokasi[3].

Inhibisi rékombinasi[édit | sunting sumber]

Gén-gén dina kromosom Y dijaga tina rékombinasi jeung kromosom X; 95% kromosom Y manusa teu bisa rékombinasi. Gén-gén anu penting pikeun jalu ngagunduk deukeut gén-gén panangtu kelamin, sarta neken (suprési) rékombinasi dina ieu bagian[4], sabab rékombinasi antara kromosom X jeung Y kabuktian bahya - ngahasilkeun jalu tanpa gén-gén penting nu saméméhna aya dina kromosom X jeung bikang anu euyeub ku gén-gén teu penting atawa malah bahya nu saméméhna aya di kromosom Y.

Kromosom Y manusa[édit | sunting sumber]

Kromosom Y manusa diwangun ku 58 juta pasang basa (kira 0,38% tina total DNA dina sél manusa) nu ngandung 86 gén[5] nu nyandi ukur 23 protéin anu béda. Trait anu diturunkeun ngaliwatan kromosom Y disebut holandric traits.

Kromosom Y manusa teu bisa ngalaman rékombinasi jeung kromosom X, iwal bagian leutik pseudoautosomal dina telomér (nu ngawengku 5%-an panjang kromosom).

Baca ogé[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. Lahn B, Page D (1999). "Four evolutionary strata on the human X chromosome". Science 286 (5441): 964–7.
  2. Graves J.A.M. (2006). "Sex chromosome specialization and degeneration in mammals". Cell 124 (5): 901–14.
  3. Graves J.A.M., Koina E., Sankovic N. (2006). "How the gene content of human sex chromosomes evolved". Curr Opin Genet Dev 16 (3): 219–24.
  4. Graves J.A.M. (2006). "Sex chromosome specialization and degeneration in mammals". Cell 124 (5): 901–14.
  5. Kesalahan pengutipan: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama Chromosome_Y
  • Skaletsky, H.S., et al. (2003) The male-specific region of the human Y chromosome is a mosaic of discrete sequence classes. Nature, 423, 825-837
  • Rozen, S., et al. (2003) Abundant gene conversion between arms of palindromes in human and ape Y chromosomes. Nature, 423, 873-876.

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]


Nicotiana tabacum - Köhler–s Medizinal-Pflanzen-098.jpg