Modem
Modem asalna ti kecap MODULATOR DEMODULATOR. [1] Modulator nya éta bagian anu ngarobah sinyal informasi ka sinyal nu mawa Carrier sarta bisa dikirimkeun, sedengkeun Demodulator nya éta bagian anu misahkeun sinyal informasi (anu eusina data atawa talatah) ti sinyal nu mawa carrier anu ditarima, ku kituna informasi éta bisa ditarima kalayan alus. Modém mangrupa penggabungan duanana, hartina modém nyaéta pakakas komunikasi dua arah. Saban pakakas komunikasi jarak dua-arah umumna maké bagian anu disebut modem, kawas VSAT, Microwave Radio,jeung sajabana, tapi umumna istilah modem leuwih dipikawanoh minangka alat nu dipaké pikeun komunikasi dina komputer. [1]
[édit] Jenis Modem
Modem miboga fungsi pikeun ngasupkeun sinyal informasi ka gelombang nu mawa. [1] Modem kabagi jadi: [1]
1. Amplitude Modulation ( AM ), nya éta runtuyan éléktronik anu ngarobah amplitudo gelombang nu mawa luyu kalayan amplitudo sinyal informasi. [1]
2. Frequency Modulation ( FM ), nya éta runtuyan éléktronik anu ngarobah frekuensi gelombang nu mawa luyu kalayan parobahan frekuensi sinyal informasi. [1]
3. Pulse Modulation ( PM ), nya éta sistem modulasi pulsa bisa dibédakeun jadi: [1]
- PAM ( Pulse Amplitude Modulation ), amplitudo gelombang pulsa rubah luyu kalayan parobahan sinyal informasi.
- PPM ( Pulse Position Modulation ), nya éta posisi pulsa raobah luyu jeung sudut phasa sinyal informasi.
- PWM ( Pulse Width Modulation ), jarak antar pulsa robah luyu jeung parobahan frekuensi sinyal nu mawa.
[édit] Tips Milih Modem
1. Saluyukeun jeung kaperluan sarta tujuan meuli modem. [2] Lamun hayang dipasang di kantor paké modem ADSL via kabel telepon. Tapi lamun hayang leuwih gampang paké modém USB.
2. Pikeun modem USB, Cék provider anu miboga signal pangkuatna di wewengkon anjeun. [2] Saméméh meuli modem USB cék kakuatan sinyal ti provider anu baris dipaké. Carana, cék sinyal provider anu pangalusna ti GSM atawa CDMA. Pariksa ogé sagala rupa paket pra atawa pasca bayar.
3. Ulah kapangaruhan ku harga murah. [2]
4. Pilihlah modém ti produsén anu alus. [2] Carana cék waé di internet mérek modem na, cék naha ngabogaan online support kawas ayana driver anu sok paling update.Cék ogé ayana upgrade software modem.
5. Pariksa garansi modem. [2]
6. Pilih modem internet anu bisa pikeun kabéh OS. [2] Ulah nepi ka meuli modém anu euweuh operating system komputer atawa laptop.
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |