Paramore
Paramore nya éta grup musik rock asal Amerika Serikat anu dibentuk taun 1994 di Franklin, Tennessee, Amerika[1][2]. Paramore dibentuk ku Hayley Nichole Williams dina vokal jeung keyboard, Josh Farro] dina gitar jeung vokal, Jason Clarke dina bass, Zac Farro dina drum sarta Taylor York (gitar ritem)[1][2]. Sanggeus sababaaha kali bongkar pasang personil, ahirna personil Paramore nu ayeuna nya éta Hayley Nichole Williams, Taylor Yorke, jeung Jeremy Davis[1]. Ngaran Paramore sorangan cenah dicokot tina ngaran Indungna Jason Clarke[1].
Diskografi [édit]
Tisaprak dibentuk, Paramore geus ngarilis tilu album studio diantarana ALL WE KNOW IS FALLINGh, RIOT!, jeung BRAND NEW EYES[1]. Album All We Know is Falling dirilis tanggal 26 Juli 2005 anu direkam salila 3 minggu[2]. ALbum kaduana, Riot! dirilis tanggal 12 Juni 2007, ieu album asup ka peringkat 20 dina Billboard terus kajual leuwih ti 44.000 di Amerika[2]. Lian ti éta, Paramore meunangkeun platinum di Amerika sarta Gold Platinum di Inggris jeung Irlandia[1]. Album Brand New Eyes dirilis tanggal 28 Séptémber 2009[2]. Ieu album meunang sértipikat emas di Austrailia, Brazil, Kanada, Irlandia, Jepang, Selandia Baru, Inggris jeung Amerika[2]. Paramore ogé kungsi ngarilis lagu pikeun pilem Twilight anu judulna Decode jeung I caught Myself[2]
Référénsi [édit]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |