Prasasti Jambu

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Prasasti Jambu, titinggal Tarumanagara anu nétélakeun kakawasaan Purnawarman di Taruma

Prasasti Jambu atawa Pasir Sikoléangkak nyaéta salah sahiji prasasti titinggal Karajaan Tarumanagara nu kapanggih di wewengkon pakebonan jambu Désa Pasir Gintung, Kacamatan Leuwiliang, Kabupatén Bogor kira-kira 30 km kuloneun kota.

Perenah[édit | sunting sumber]

Prasasti Jambu perenahna di Pasir Sikoléangkak (Gunung Batutulis ±367m dpl) di wewengkon kampung Pasir Gintung, Désa Parakan Muncang, Kacamatan Nanggung, Kabupatén Bogor persisna dina koordinat 0°15’45,40” BB (ti Jakarta) sarta 6°34’08,11”. Baheula dina mangsa pamaréntahan kolonial Walanda patempatan ieu kaasup Pakebonan Karét Sadéng-Jambu (Sadéng-Djamboe) tapi ayeuna disebut PT. Perkebunan XI Cikasungka, Cigudeg, Bogor.

Panimuan[édit | sunting sumber]

Prasasti Jambu kapanggih munggaran dina taun 1854 ku Jonathan Rigg sarta dilaporkeun ka Dines Purbakala taun 1947 (OV 1949:10), tapi ditalungtik munggaran dina taun 1954.

Rupa bahan[édit | sunting sumber]

Prasasti Jambu dipahat dina batu alam kalayan ukuran sisi-sisina kurang leuwih 2-3méter.

Eusi[édit | sunting sumber]

Tapak suku dina prasasti Jambu

Prasasti Jambu diwangun ku dua jajar aksara Pallawa anu disusun dina wangun siloka basa Sansakerta kalayan métrum Sragdhara. Dina batu prasasti ieu ogé aya pahatan gambar sapasang tapak suku anu diguratkeun dina bagian luhur tulisan tapi sawaréh amvar tapak suku kénca geus leungit alatan batu bagian ieu peupeus.

Prasasti ieu nyebutkeun ngaran raja Purnnawarman anu maréntah di Tarumanagara. Prasasti ieu henteu nuliskeun angka taun sarta dumasar wangun aksara Palawa anu ditulisna (analisis Palaéographis) ditorah yén asalna ti tengah abad kalima Maséhi.

Tulisan (alihaksara):

"shriman data kertajnyo narapatir - asamo yah pura tarumayam nama shri purnnavarmma pracurarupucara fedyavikyatavammo tasyedam - padavimbadavyam arnagarotsadane nitya-dksham bhaktanam yangdripanam - bhavati sukhahakaram shalyabhutam ripunam"

Harti (tarjamah)

"Gagah, dipikaserab jeung jujur kana pancenna nyaeta pamingpin manusa nu henteu aya bandingannana nu kawentar Sri Purnawarman nu sakali wanci (marentah) di Taruma tur nu baju zirahna nu kasohor henteu bisa ditembus ku pakarang musuh. Ieu mangrupakeun sapasang tapak sampeannana nu terus ngagempur kota-kota musuh, hormat ka nu satia, tapi mangrupakeun cucuk dina jero daging keur musuh-musuhna."

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. Richadiana Kartakusuma (1991), Anekaragam Bahasa Prasastidi Jawa Barat Pada Abad Ke-5 Masehi sampai Ke-16 Masehi: Suatu Kajian Tentang Munculnya Bahasa Sunda. Tesis (nu diajengkeun salaku sarat pikeun meunangkeun gelar Magister dina widang Arkéologi). Fakultas Pasca Sarjana Universitas Indonesia.
  2. TBG II 1854:I. (warta panimuan prasasti Jambu ku Jonathan Rigg)
  3. R.H.Th. Friederich “over de Inscriptie van Djamboe” TBG III, 1985:183-189
  4. J.Rigg “Bat Tulis on Jambu” TBG III. 1855:189-193
  5. H.N.Hoepermans “ Hindoe-oudheden van Java (1864)” ROD 1913: 75
  6. J.F.G.Brumund “Bijdragen tot de kennis van het Hindoeisme op Java” VBG. XXXIII 1868:65
  7. A.B.Cohen Stuart “Heilige voetsporen op Javas” BKI.3(X) 1875. Diterjemahkeun kana basa Inggris ku Macmillan “Sacredfootprints in Java” Indian Antiquary IV. L875: 366-358
  8. H.Kern “Over het opschrift van Djamboe” VMKANWL 2(VI). 1877:257-263 (transkripsi sarta tarjamahan)
  9. C.M. Pleyte “Uit Soenda’s voortijd” Het Daghet l905/1906: 176-dst. (jeung gambar)
  10. NB.J.Krom “Inventaris der Hindoe-oudheden” ROD 1914, l915:26-27 (dina jero katerangan atawa cutatan nomer 55)
  11. J.Ph.Vogel “the Earliest Sanskrit Inscription of Java” POD I l925:24-26. Plate 30, 31.
  12. Bambang Soemadio (et.al. editor) Sejarah Nasional Indonesia II, Jaman Kuna. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan l975:39-40; l984:40