Psikolinguistik

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Uteuk manusa pikeun ngolah basa

Psikolinguistik (ᮕ᮪ᮞᮤᮊᮧᮜᮤᮍᮥᮄᮞ᮪ᮒᮤᮊ᮪) nyaéta gabungan tina dua kecap 'psikologi' jeung 'linguistik'.[1]

Psikolinguistik nyaéta salah sahiji cabang kaélmuan kabasaan anu ngulik jeung nalungtik faktor-faktor psikologis jeung neurobiologis anu ngamungkinkeun manusa meunang, maké jeung maham kana hiji basa.[1] Awalna mah kajian psikolinguistik téh sifatna leuwih filosofis, sabab can réa pamahaman kana fungsi uteuk manusa.[1] Kiwari geus aya panalungitkan modérn anu maké métode biologi, neurologi, élmu kognitif, jeung téori informasi pikeun nalungtik jeung ngulik cara gawé uteuk mausa dina ngolah basa.[1]

Mimitina mah istilah anu dipaké pikeun psikolinguistik téh nyaéta linguistic psychology (psikologi linguistik) jeung aya ogé anu nyebutkeun minangka psychology of language (psikologi basa).[2] Tuluy minangka hasil gawe bareng anu leuwih sistematis, mangka lahir hiji kaelmuan anyar anu saterusna disebut minangka psikolinguistik (psycholinguistic).[2]

Psikolinguistik ngawengku prosés kognitif anu bisa ngahasilkeun kalimah anu boga harti jeung bener sacara tata basa tina kandaga kecap jeung struktur tata basa, kaasup ogé prosés anu ngabalukarkeun bisa dipahamna ungkapan, kecap, tulisan, jsb.[1]

Wilayah Kajian[édit | édit sumber]

Psikolinguistik sifatna interdisiplinér jeung ditalungtik ku ahli dina rupa-rupa widang, kayaning psikologi, élmu kognitif, jeung linguistik.[1] Aya sababaraha sub divisi dina psikolinguistik anu dumasar kana komponén-komponanu ngawangun basa manusa.[1]

  • Fonétik jeung fonologi medar sora ucapan.[1] Dina psikolinguistik, panalungtikanana mokus kana kumaha uteuk mrosés jeung maham kana éta sora.[1]
  • Morfologi medar jeung ngulik struktur kalimah, utamana hubungan antara kecap anu patali jeung diwangunna kekecapan dumasar kana katangtuan-katangtuan.[1]
  • Sintaksis medar jeung nalungtik pola-pola anu nangutkeun kumaha kekecapan dikombinasikeun sangkan ngawangun hiji kalimah.[1]
  • Semantik patali jeung ma’na (harti) tina hiji kecap atawa kalimah. Upama sintaks mah patali jeung struktur formal kalimah, semantik mah patali jeung ma’na aktual kalimah.[1]
  • Pragmatik patali jeung peran kontéks dina ngainterprétasikeun (ngahartikeun) ma’na.[1]
  • Studi ngeunaan cara mikawanoh jeung maca kecap nalungtik prosés anu kawengku dina diserepna informasi ortografik, morfologis, fonologis, jeung semantik tina pola-pola dina tulisan.[1]

Réferénsi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n (id)Amir, dkk. 2007.Apresiasi Bahasa dan Seni. Bandung: FPBS UPI. Kaca 42-43
  2. a b (id)Kholid A. Haras. Dasar-dasar Psikolinguistik.2009. Bandung: UPI Press