Sétan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Panggoda Eva, lukisan ku John Roddam Spencer Stanhope, 1877.

Sétan nyaéta tiap-tiap anu doraka ti golongan jin, manusa atawa sato.[1] Nurutkeun Encyclopedia Britannica kecap sétan sabenerna asalna tina basa Ibrani anu hartina musuh jeung biasana ieu istilah téh ayana di golongan jin anu ingkar jeung durhaka anu ngalakukeun misi jahat ngaharéwosan manusa minangka paripolah ngagoda manusa jeung kasuksésan maranéhna gumantung kana kacerdikan éta sétan sorangan.[1]

Déskripsi[édit | édit sumber]

Sétan sabenerna mah wujud anu durhaka jeung anu méngpar ti agama islam, boh éta ti golongan manusa, jin boh sato, cindekna sétan téh mangrupoa hiji sifat.[2] Sesebutan pikeun anu durhaka.[2] Béda jeung iblis, ari iblis mah jin anu durhaka, atawa anu durhakana ngan ti golongan jin hungkul lain ti manusa atawa sato.[2] Sétan (Arab: شيطان, Shaitan), saperti anu geus dipikanyaho dina agama Islam, Kristen jeung Yahudi, asalna nyaéta salasahiji golongan saperti Malaikat anu taat ibadahna.[2] Najan kitu, nurutkeun islam, Sétan diciptakeun tina seuneu ku Alloh jeung asalna tina golongan jin.[2] Nurutkeun agama Kristen, Sétan nyaéta malaikat anu diusir atawa dipiceun tina Surga.[1] Ieu anu ngabédakeun jeung malaikat-malaikat séjénna.[1] Sabab maranéhna méngpar tina paréntah Alloh, manéhna diusir ti golongan malaikat jeung ti Surga, sabab ingkar tina paréntah Alloh pikeun sumujud ka Nabi Adam minangka penghormatan ka ciptaan mantenna nu Maha Welas.[2]




Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c d Pengertian Setan(diakses tanggal 25 Agustus 2009)
  2. a b c d e f Definisi Setan[tumbu nonaktif](diakses tanggal 23 Februari 2004)