Saddam Hussein
Saddam Hussein Abd al-Majid al-Tikriti (Arab: صدام حسين عبد المجيد التكريتي Saddām Husayn Aabdu-Al-majīd al-tikrītī[1]; gumelar di Al-Awja, Irak, 28 April 1937 – maot di Kadhimiya, Irak, 30 Désémber 2006 dina yuswa 69 taun) nya éta Presiden Irak dina periode 16 Juli 1979 dugi ka 9 April 2003, nalika katéwak ku pasukan koalisi nalika menginvasi Irak dina taun 2003.[1] Sabagé pamingpin Irak jeung pupuhu Partai Ba'ath, anjeunna nyokot kawijakan pan-Arabisme sekuler, modernisasi ekonomi, jeung sosialisme Arab..[1]
Dina basa Arab, ngaran Saddam miboga harti jelma anu bedegong atawa jelma anu nantang (di Irak ngaran ieu ogé dipaké keur istilah pikeun bemper mobil)..[1] Ngaran Hussein (ogé dibaca Husayn jeung Hussain) nya éta ngaran leutik bapana, Abd al-Majid nya éta ngaran akina, jeung at-Tikriti nu hartina anjeunna digumelarkeu jeung di gedékeun di Tikrit..[1] Anjeunna biasa disebat Saddam Hussein, atawa Saddam hungkul piekun leuwih singket..[1]
Biografi [édit]
Saddam Husein gumelar di Tikrit Iraq 28 April 1937 jeung digedékeun di Desa Auja, hiji daerah miskin di barat laut Baghdad.[2] Kolotna nya éta patani miskin tapi pamanna nya éta saurang perwira Iraq jeung pajoang persatuan Arab.[2] Pendidikan tinggi di Universitas Kairo taun 1962 jeung Universitas Baghdad taun 1971.[2] Anjeunna ilubiung dina dunia politik ku cara gabung jeung Partai Sosialis Ba`ath nalika usia 19 taun.[2] Ngaranna ngaronjat tilu taun sabda terlibat dina usaha pembunuhan Perdana Menteri Iraq Abdul Karim Kasim taun 1959.[2] Saddam ka témbak sukuna, tuluy kabur ka Suriah jeung Mesir.[2]
Rujukan [édit]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |