Standardisasi

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Istilah standardisasi miboga sababaraha harti gumantung kana kontéksna. Kaguna umum kecap standar nunjukkeun yén standar ngarupakeun sakumpulan tungtunan pikeun interoperabilitas anu dimupakatan sacara universal. Sanajan kitu, pluralitas organisasi-organisasi anu ngaluarkeun standar boga harti yén hiji dokumén anu diaku salaku hiji "standar" henteu perlu meunangkeun dukungan ti réa pihak. Saperti ucapan Grace Hopper: "Daya tarik standar nyaéta réa pisan pilihan pikeun dipilih".

Kaguna[édit | sunting sumber]

Dina kontéks téknologi jeung industri, standardisasi ngarupakeun prosés nyieun hiji spésifikasi téknik, anu disebut standar, anu ngalibetkeun para pamangku kapentingan. Standardisasi ogé bisa dianggap salaku hiji mékanisme pikeun ngaoptimalkeun kaguna sumber-sumber daya nu langka (jarang) saperti leuweung anu kaancam ku pabrik keretas. Conto standardisasi: sakabéh nagara Éropah kiwari maké jaringan listrik arus bulak-balik (AC) 230 volt 50 Hz ogé telepon sélulér GSM, sarta (sahenteuna sacara resmi) ngagunakeun ukuran panjang dina méter. Inggris sacara resmi narima ukuran méter pikeun tujuan usaha tapi, sanajan kitu, hijian ukuran suku sarta inci masih ilahar digunakeun ku masarakat umum di eta nagara.

Standard sifatna bisa de facto, nu hartina standar kasebut dilaksanakeun sacara sukaréla, atawa de jure, nu hartina standar digunakeun lantaran aya kontrak, dokumén atawa kawajiban anu ngiket sacara hukum. Badan-badan pamaréntahan mindeng ngawajibkeun standar anu dikaluarkeun ku organisasi-organisasi standar resmi. Standar-atandar anu diwajibkeun éta kudu ditedunan ku dunya usaha.

Hiji standar bisa open atawa proprietary.

Aya réa standar jeung rarancang standar anu lumaku di sakuliah dunya (contona, standardisasi pikeun kabel listrik) anu dimekarkeun sarta diropéa ku ISO, IEC, UPU atawa ITU.

Aya ogé organisasi standar régional saperti CEN, CENELEC, ETSI, sarta IRMM di Éropah, Pan American Standards Commission (COPANT), Pacific Area Standards Congress (PASC), African Organization for Standardization (ARSO), Arab Industrial Development and Mining Organization (AIDMO), jeung sajabana.

Organisasi-organisasi standar sub-régional ogé aya saperti MERCOSUR Standardization Association (AMN), CARICOM Regional Organisation for Standards and Quality (CROSQ), katut ASEAN Consultative Committee for Standards and Quality (ACCSQ).

Umumna, unggal nagara mibanda hiji organisasi standar nasional anu diaku. Contona di antarana ABNT, ANSI, BSI, DGN, DIN, IRAM, JISC, KATS, SABS, SAC, SCC, SIS, SNZ. Di Indonésia, organisasi standar nasional anu diaku nyaéta Badan Standardisasi Nasional (BSN). Organisasi-organisasi standar nasional (OSN) kasebut kamungkinan ngarupakeun hiji-hijina wakil unggal nagara dina ISO.

OSN sifatna bisa organisasi publik, organisasi swasta, atawa gabungan publik jeung swasta. Contona, SCC di Kanada, Dirección General de Normas, DGN di Méksiko katut American National Standards Institute (ANSI) di Amérika Sarikat. SCC ngarupakeun pausahaan swasta Kanada anu ngaranna Crown Corporation, DGN ngarupakeun agén pamaréntahan sahandapeun Kamantrian Ékonomi Méksiko, sedengkeun ANSI ngarupakeun hiji organisasi nirlaba 501(c)(3) kalawan anggota anu asalna ti séktor publik jeung séktor swasta.

Cutatan: saeutikna aya opat tingkatan (undakan) standardisasi, nyaéta: kompatibilitas, interchangeability (kamampuh silih tukeur), commonality (kailaharan) jeung rujukan. Prosés standardisasi ieu nyiptakeun kompatibilitas, kasaruaan, jeung ukuran.

Pamakéan séjén[édit | sunting sumber]

Dina pangobatan hérbal, standardisasi nujul kana nyadiakeun bahan tuwuhan anu diprosés nu mana bahan-bahan panyusunna nedunan ukuran konsentrasi anu geus ditetepkeun.

Dina élmu statistik, standardisasi nujul kana normalisasi atawa konvérsi ka standard score.

Dina téori uji, standardisasi ngarujuk kana pangukuran atawa panaksiran anu dilakukeun dina kondisi pasti, husus sarta bisa diulang.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]