Tari Merak

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Tari Merak mangrupa salasahiji ragem tarian kreasi anyar anu ngaekspresikeun kahirupan sasatoan, nya éta manuk merak. Tata cara jeung gerakanna ti kahirupan merak anu diangkat ka pentas ku Radén Tjétjé Somantri.[1][2]

Deskripsi[édit | sunting sumber]

Merak nya éta manuk sagedé hayam, buluna alus pisan saperti parada jeung dina huluna aya kukuncungan.[3] Kahirupan jalu merak nu sok mekarkeun bulu buntutna méh ngirut merak bikang ngainspirasikeun Radén Tjétjé Somantri pikeun nyieun tari Merak ieu.[2]
Dina pintonan, ciri yén éta téh tari Merak nya éta katingal ti pakéan anu dipaké ku pangibingna nya éta pakéan anu motifna saperti merak. Kaén jeung bajuna ngagambarkeun wangun jeung warna bulu-bulu merak; héjo biru jeung/atawa hideung. Ditambah deui ku sapasang jangjangna anu ngalukiskeun jangjang atawa buntut merak anu keur dimekarkeun. Gambaran merak bakal leuwih jelas kalawan maké makuta (badong) anu dipasang di sirah unggal pangibing. Wangunna saperti merak nu keur nungguan endog kalawan dipayunna ngalintang beuheung jeung hulu merak ti bahan logam alumunium anu disepuh ku warna emas.[2]
Tarian ieu biasana ditarikeun rampak, tilu pangibing atawa leuwih nu masing-masing boga fungsi salaku merak bikang jeung jalu. Pirigan gendingna nya éta lagu Macan Ucul. Dina adegan gerakan nu tangtu sakapeung waditra bonang ditakol kalawan bagéan kayuna nu heuras nepi ka tarik kadéngéna nya éta dina adegan sapasang merak keur sosonoan.[2]
Diantara tarian ciptaan Radén Tjétjé Somantri mungkin tari merak ieu nu pangkasohorna di Indonesia jeung di luar nagri. Teu heran lamun seniman Bali ogé, mahasiswa ASKI Denpasar, nyiptakeun tari Manuk Rawa anu mirip jeung tari Merak.[2]

tari merak teh asalna teng jawa tengah

  1. Soepandi, Atik,; dkk.1994.Ragam Cipta.Bandung: CV. Sampurna.
  2. a b c d e Rusliana, Iyus.2009.Kompilasi Istilah Tari Sunda.Bandung: Jurusan Tari, STSI Bandung.
  3. Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Kiblat Buku Utama: Bandung.