Tatakrama pamingpin Sunda

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Diamond-caution.png Artikel ieu perlu dirapihkeun sangkan katingali siga Wikipédia.
Ngarapihkeun artikel bisa mangrupa ngabagi artikel kana paragraf atawa ngawikifikasi artikel.
Sanggeus dirapihkeun, Anjeun bisa ngahapus ieu talatah.

Tatakrama pamingpin Sunda nya éta tatakrama atawa étika anu kudu dipiboga ku para pamingpin Sunda. [[Palanggeran tatakrama pamingpin Sunda ieu aya dina naskah kuna Sanghyang Siksa Kanda Ng Karesian anu ditulis taun 1518 M. Palanggeran tatakrama ieu téh masih bisa dipaké tuduh jalan tatakrama hirup pikeun jaman ayeuna. [1]

PARIGEUING[édit | sunting sumber]

Dina basa Sunda alam harita disebutkeun yén : "Parigeuing mah ngaranna; bisa nitah bisa miwarang, ja sabda arum wawangi, nya mana hanteu surah nu dipiwarang." anu harti dina basa Sunda kiwari : "nu disebut panggeuing téh nya éta bisa maréntah bisa nitah ku caritaan nu pikagenaheun tapi ka teu matak kesel nu diparéntahna". [1]

DASA PASANTA[édit | sunting sumber]

Ceuk karuhun Sunda harita, pikeun bisa ngalaksanakeun parigeuing téh aya padikana, nya éta nu disebut DASA PASANTA, hartina SAPULUH PANENGTREM. Maksudna kumaha carana pikeun nengtremkeun jelema nu diparentah supaya dina ngalaksanakeun pancén, gawéna dibarengan ku kaiklasan jeung sumanget nu ngagedur.
Ari panengtrem nu sapuluh téh nya éta:

  1. Guna : Pamingpin dina maréntah ka anu dipingpinna kudu kahartieun naon pigunaeunana atawa pimangpaateunana ku anu dititahna, sangkan digawéna dibarengan ku pamikiran pribadi supaya hasil gawéna bisa nyumponan pigunaeunana.
  2. Rama/Ramah : Dina nepikeun paréntah, pamingpin kudu ramah, sareh, amis budi jeung pasémon anu marahmay. Ku kituna, nu diparéntahna ogé bakal ngarasa senang jeung dihargaan salaku manusa anu boga ajén pribadi.
  3. Hook : Tegesna parentah nu ditepikeun téh sing karasaeun yen mangrupa rasa "hookeun" kana kamampuh diri nu diparéntah téa. hal ieu tangtu bakal nambahan sumanget gawé jeung rasa percaya kana kamampuh dirina. Tangtu inyana bakal narékahan sangkan hasil gawéna nyugemakeu kanu jadi pamingpin.
  4. Pesok : Pesok dina basa Sunda ayeuna mah nya éta kapincut (reueus). Jadi paréntah téh kudu ditepikeun ku cara nu bisa nimbulkeun kareueus atawa nepi ka kapincut haténa. Ieu bakal nimbulkeun rasa senang, digawéna bakal bari bungah.
  5. Asih : Paréntah téh kudu dibarengan ku rasa asih atawa nyaah, nepi ka karasana ku nu dititah téh dirina lir sabagian ti diri pamingpinna. Ayana rasa asih ti pamingpinna bakal numuwuhkeun rasa asih jeung ajrih. Tinangtu dina digawena bakal dibarengan ku rasa tanggung jawab nu enya-enya.
  6. Karunia (Karunya) : Maksudna, paréntah sina karasaeun ku nu dititah yén éta téh mangrupa "nugraha jeung kanyaah" atawa kapercayaan ti pamingpin ka dirina. Upama geus timbul rasa yén dirina dipercaya, tinangtu digawéna bakal soson-soson, sabab nu dipigawéna téh dianggap kahormatan dirina.
  7. Mukreruk : Tegesna pamingpin kudu bisa ngalelemu, mukpruk ku basa merenah tepi ku nu dititah téh heunteu ngarasa dipaksa atawa kapaksa. Balukarna, bawahan téh digawéna bakal ngarasa yén éta téh mangrupa pokal jeung kawajibanana.
  8. Ngulas : Dina basa Indonesia aya kecap mengulas. Maksudna, nya éta pamingpin kudu bisa méré komentar kana hasil gawé bawahanna, ku cara lantip. Sanajan upama perlu digeuing atawa dicawad, kudu maké cara nu saréh tur lantip.
  9. Nyecep : Nyecep hartina nengtremkeun haté. Pamingpin kudu bisa nyecep ka bawahanana. Nu pangperluna kudu bisa nganuhunkeun ku lisan, atawa ku cara kumaha baé asal karasana matak bungah ka nu dititahna. Pamingpin anu daréhdéh jeung béréhan salawasna bakal dipikatineung ku bawahanana.
  10. Ngala Angen : Maksudna pamingpin kudu bisa narik simpati bawahan. Carana nya éta dibéré perhatian anu wajar saperti akuan jeung soméah. Keur bawahan mah dipiconggah ku pamingpin téh ngarasa jadi kareueus jeung kabagjaan anu pohara. Balukarna bakal kacida ngéstona dina milampah pagawéanana, sarta nimbulkeun rasa satia.
    [1]

PANGIMBUH NING TWAH[édit | sunting sumber]

Dina basa Sunda "pangimbuh ing twah" hartina "pangjangkep pikeun boga pamor". Aya 12 pajangkep tatakrama nu kudu dicumponan ku unggal jelema nya éta:

  1. Emét: kecap emét hartina saeutik. Diemét-emét maksudna dipakéna saeutik-saeutik supaya awét. Bisa dihartikeun rikrik-gemi, bisa ngeureut neundeun, bisa nyéngcelengan hartina ngagunakeun rejeki nurutkeun kaperluanana. Sipat emét gedé mangpaatna pikeun ngadalian napsu konsumtif.
  2. Imeut: imeut hartina taliti euweuh nu kaliwat. Jalma nu ngabiasakeun hirupna imeut, tangtu moal gurung gusuh, kabéh dipigawe kalayan tartib, maké rarancang nu taliti. Jelema nu imeut moal miceunan waktu teu puguh, moal ripuh ku ngabebener deui pagawéanana nu loba salah, da sagala rupa geus dipigawe bari imeut jeung taliti.
  3. Rajeun: saharti jeung rajin. Resep digawé, rancagé, binékas. jelema anu resep digawé, tangtu hirupna moal pinanggih jeung kakurangan, sarta bisa ngamangpaatkeun waktu.
  4. Leukeun: leukeun hartina suhud, junun, ngagarap hiji pagawéan tepi ka anggeusna.
  5. Pakapradana: bisa dihartikeun sonagar, wani tandang, tapi bisa dihartikeun ogé pantes barangpakéna. Duanana ogé kaasup tatakrama nu hadé. Jelema nu sonagar, bakal loba meunang kasempetan pikeun maju. Kapercayaan kana dirina gedé. Wani tanggungjawab jeung nyanghareupan risiko. Kitu deui jelema nu bisa maké, kaasup tatakrama busana, bakal bisa nyaluyukeun diri jeung kaayaan riungan. Moal ngarasa asor diri.
  6. Morogol-rogol: hartina gedé sumanget, boga kahayang. Darajat hirupna hayang undak. Jelema anu gedé sumanget bakal sanggup nyanghareupan panangtang hirup. Henteu sieun ku kasulitan. Henteu eureun nambahan élmu pangaweruh. Tapi perlu diperhatikeun pisan tina sipat morogol-rogol ulah kateuinganan jadi sipat murugul. Murugul mah sipat jelema nu teu nyaho wates, hayang meunang sorangan bari teu beunang diélingan, teu boga wiwaha jeung jeujeuhan.
  7. Purusa ning Sa: hartinya nya éta boga jiwa pahlawan. Wani mancegkeun bener jeung adil. Wani nangtung panghareupna dina nyanghareupan kasulitan. Gedé rasa tulung tinulungna.
  8. Widagda: maksudna nya eta wijaksana. jelema anu wijaksana salilana bakal adil, gede hampura, henteu getas harupateun. pikiran jeung rasana salawasna saimbang.
  9. Gapitan: hartina nya éta wani ngorbankeun diri. Upama sipat gapitan geus jadi kabiasaan dirina, bakal tumuwuh rasa sadia bakorban pikeun bangsa, nagara, jeung kayakinanana.
  10. Karawaleya: ayeuna mah disebutna balabah. Resep nulung ka nu butuh, nalang ka nu susah, asih ka nu miskin, nyaah ka nu sangsara. Jelema nu boga sipat karawaleya, bakal loba sobat, hirupna bakal pinanggih jeung kasenangan lahir batin.
  11. Cangcingan: hartina tangginas. Jelema anu tangginas, hirupna bakal kréatif, loba inisiatif, cara mikirna positif. Hirupna bakal leuwih maju tur mampuh nyanghareupan kasulitan.
  12. Langsitan: hartina rapékan, sagala bisa, henteu ngawagu, binangkit, binekas.
    [1]

Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b c d Suryalaga, Hidayat. 1997. Etika jeung Tatakrama. Bandung:Geger Sunten Hal. 49