Agrési Militér Walanda I
Agrési Militér Walanda I atanapi anu sok katelah Operatie Product nyaéta serangan anu dilakukeun ku pamaréntah Walanda maksudna seja ngarebut deui wewengkon-wewengkon di nusa Jawa sareng Sumatera anu kaasup Républik Indonésia.[1] Lumangsungna Agrési ieu kaping 21 Juli 1947.
Kasang Tukang Agrési
[édit | édit sumber]Kasang tukangna seueur di antarana Létnan Gubernur jénderal Johanes Van Mook maheutkeun yén hasil tina rundingan Linggarjati téh tos teu lumaku.[1] Aya papalimpang tapsiran antawis Walanda katut Indonésia sangkan ngajalarankeun Derna Agrési Militér Walanda I. Nanging agrési ieu téh sanés mangrupa aksi polisionil Walanda resmi hiji-hijina, ti samet kamardikaan Indonésia kaping 17 Agustus 1945, sok sanaos Déwan Kaamanan Perserikatan bangsa-bangsa (DK-PBB) ilubiung. Walanda keukeuh baé beuki segut ngalumangsungkeun Agrési Militérna.[2]
Ti kawit taun 1942 Walanda daék teu daék kaleungitan nagara jajahannana, margi harita kaéléhkeun ku Jepang dina Perang Asia Timur. Teu kungsi sawatara lila, nalika Jepang éléh ku Sekutu datang deui Walanda kalayan gentos asma mirupa NICA (Netherland Indies Civil Administration) anu padahal mah ngagayor sekutu ogé.[3]
Kaping 23 Agustus 1945, Pasukan Sekutu sareng NICA anjog di Sabang, Acéh laju tepi di Jakarta kaping 15 Séptémber 1945. Salian ti ngalocotan sanjatana pasukan Jepang Walanda ogé nyandak kaperyogian ti karajaan Walanda. Nanging wanci harita Indonésia téh tos janten nagara berdaulat nu miboga tatana pamaréntah kalayan pungsina anu nyata. Sarta di dukung ku puluhan juta rahayat nu siap bajoang ngorbankeun jiwa ragana pikeun nagara. Ku kituna Van Mook nyusun siasat pikeun ngarebut deui wewengkon-wewengkon nu ngantik.[3]
Kuayana pasalia dina tapsir nu kajadén, Walanda ngarasa boga hak kapamilikan wewengkon anu kapungkurna mangrupa jajahanana, numutkeun kaidah asas de jure mah hiji nagara ningali kana panggonannana nalika perang rék éléhna kitu deui menangna, éta teu matak ngarobah kaayan hukum wewengkon jajahan kapungkurna.[4] Jalaran kitu réhna Jepang pasrah sumerah dina perang dunya II puguh baé atuh Walanda ngarumasa ngahak kalayan wewengkon Jajahannana téa sok sanajan Indonésia geus bukti kamardikaannana. Ditambih deui Walanda tos panuju sareng sekutu nyaéta Inggris kalawan Civil Affairs Agreement nu digelar Di Chequers caket London, nalika kaping 24 Agustus 1945 atanapi saminggon saparantos kamardikaan.[4]
Saurna Inggris baris nungkulan perkawis tawanan perang sareng ngalocotan sanjatana Jepang sarta Inggris téh ngidinan Walanda ngawasaan wewengkon Indonésia komona mah nu lebah kulon. Inggris jangji bakal nyéléhkeun wewengkon Indonésia ka Walanda dina kaping 30 November 1945. Sementawis wewengkon nu di wétan baris dilebetan sasarengan Australia nu jadi sobat dalitna Inggris harita nalika perang dunya II, pikeun salajengna disanggakeun deui pikeun Walanda. Pangangen nu kitu téh tinangtos tiadu jeung kadaulatan nagara nu tos dihontal ku sakuliah rahayat Indonésia sahingganing der baé Agrési Militér Walanda I.[5]
Babadamian/Parundingan Linggar jati
[édit | édit sumber]Kamupakatan nu mimiti laksana antara Pamaréntah Walanda sareng Indonésia disebat Parundingan Linggarjati. Van Mook ngawakilan langsung Walanda, Anapon Indonésia diwakilan ku Soetan Sjahrir, Mohammad Roem, Susanto Tirtoprojo, sareng A.K. Gani. Ogé hadir Lord Killearn wawakil ti Inggris salaku Médiatorna.[5]
Diantara hasil babadamian Linggar Jati:
- kalayan de facto Walanda ngangken jawa sareng Madura wewengkon Républik Indonésia.
- Walanda kudu ingkah ti Indonésia salila lilana kaping 1 Januari 1949.
- Indonésia sareng Walanda supaket ngadegkeun RIS (Républik Indonésia serikat).
- RIS janten nagara persemakmuran anu ditangtayungan ku karajaan Walanda.[3]
Eusi tina hasil rundingan téh yakti bakal ngarugikeun Indonésia, margi singkalah kumaha ogé keukeuh baé jadi bawahan Walanda. malah teu saeutik narik pro-kontra. Nanging daék teu daék para pamingpin harita satuju kana hasilna téa, nilik kana wanci harita kaayaan angkatan perang Indonésia acan kiat.
Nanging realisasi dilapangan teu sadayana mulus, aya waé cacadna, teu sakedik Walanda noyod nyundut huru hara di ditu di dieu.[3] Dugi kaping 15 Juli 1947 Van Mook ngaluarkeun ultimatum supaos Républik Indonésia narik mundur pasukanana kalayan jauh 10 kilometer diétang ti garis demarkasi sakumaha nu jadi kasapukan.[3]
Atuh puguh we pamaréntah Républik Indonésia teu tumarima kana kahayangna Walanda, lajeng Van Mook beuki angkara murka kacaturkeun dina kaping 20 Juli 1947 ngaliwatan siaran radio manéhna ngabéwarakeun yén Walanda teu ilu kacangreud deui kana hasil rundingan Linggarjati téa. Teu lami kirang ti 24 jam Agrési Militér Walanda I dikawitan.[6]
Résolusi PBB
[édit | édit sumber]Lajeng pamaréntah Indonésia laporan Ka PBB yén Walanda geus wani ngalanggar kana hasil rundingan Linggarjati, ti dinya PBB ngawaler kalayan ngaluarkeun resolusi nu eusina ngagerakeun Walanda pikeun eureun tong papaséaan jeung Indonésia. Bahkan PBB ngangken éksisténsi Indonésia kalayan nyebut asma Indonésia sanés Hindia Walanda ndina sakabéh kaputusan resmina.[6]
Panitah ti PBB sareng dunya Internasional tungtungna mah nyieun kawani Walanda kempes. Kaping 15 Agustus 1947 Pamaréntah karajaan Walanda ngandika bakal nampi kana resolusi DK-PBB pikeun ngeureunkeun Agrési Militérna.[6]
Sawatara lila Walanda émang nurut kana résolusi téa, naging ka dua kalina mah Walanda jalir jangji dina perjanjian nu mupakat salajengna anu disebat Agrési Militér Belanda II. Tungtungna sanggeus mangpirang-pirang polemik nu muncung dugika serangan umum 1 maret 1949 beuki bukti sarta nyata yén Indonésia mangrupa nagara nu sanggup jumeneng kalawan awak nyalira salaku nagara Mardika. Karajaan Walanda tungtungna mah ngangken kadaulatan Républik Indonésia tanpa kélah dina 27 Désémber 1949.[6]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ a b Nurliana Soeyono. MA ; Dra.Sudarini ,MA, Dr. Nana (2008). Sejarah SMP/MTs Kls IX (KTSP)Nurliana Soeyono. MA ; Dra.Sudarini ,MA. Jakarta: Grasindo. p. 10. ISBN 9789790251991. Disungsi 21 Juli 2024
- ↑ Sukmayani; Seno Kristianto; Y Djoko Raharjo; Soedono; Thomas K Umang, Ratna (2008). Ilmu Pengetahuan Sosial 3Sukmayani; Seno Kristianto; Y Djoko Raharjo; Soedono; Thomas K Umang. Jakarta: Grasindo. p. 49. ISBN 9789794628829. Disungsi 21 Juli 2024
- ↑ a b c d e Oostindie bekerja sama dengan Ireen Hoogenboom dan Jonathan Verwey, Gert (2016). Serdadu Belanda di Indonesia 1945-1950: Kesaksian perang pada sisi sejarah yang salahOostindie bekerja sama dengan Ireen Hoogenboom dan Jonathan Verwey. Jakarta: Yayasan Pustaka Obor Indonesia. p. 3. ISBN 9789794616840. Disungsi 21 Juli 2024
- ↑ a b Dewi W. dan kawan-kawan, Sri (2021). Superlengkap Ringkasan Materi IPS SD/MI Kelas 4,5,6Dewi W. dan kawan-kawan. Jakarta: Tim Bmedia. p. 65. Disungsi 21 Juli 2024
- ↑ a b Kawan Pustaka, Redaksi (2021). Memahami Ilmu Pengetahuan Sosial Kelas 4, 5, 6 SDKawan Pustaka. Jakarta: Kawan Pustaka. p. 72. ISBN 9789797570422. Disungsi 21 Juli 2024
- ↑ a b c d Dianasari, Rinafika (2021). RRI Yogyakarta Masa Pendudukan Belanda Hingga Masa RevolusiDianasari. Jakarta: Penerbit YLGI. p. 52. Disungsi 21 Juli 2024
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |