Ahsanul Qasas
Ahsanul Qasas (Arab: احسن القصص, "Kisah-kisah Pang Alusna") nyaéta surah dina Al-Quran anu ngandung carita anu penting jeung bermanfaat jang kahirupan manusa. Sabenerna mah kabéh carita dina Al-Quran téh mulia eusina. Nanging aya 4 surah anu meunang gelar Ahasanul Qasas ku sabab kautamaanana, nyaéta Q.S. Nuh (nyaritakeun Nabi Nuh AS.), Q.S. Al-Qasas (nyaritakeun kisah Nabi Musa AS.), Q.S. Yusuf (nyaritakeun kisah Nabi Yusuf AS.), jeung Q.S. Toha (nyaritakeun kisah Nabi Musa AS.).
Surah Yusuf Minangka Ahsanul Qasas[1]
[édit | édit sumber]Surah Yusuf kaasup Ahsanul Qasas ku sabab sababaraha alesan:
- Kisahna paling relevan jeung pengalaman hirup manusa
- Nyaritakeun perjuangan jelema ngalawan napsuna, nu mana perjuangan éta téh perjuangan nu pang beurat jang sakabéh manusa
- Jelema anu hasil dina naklukeun kaayaan anu susah dina carita ieu nyaéta Nabi Yusuf AS: pamuda anu akhlakna hadé pisan ku sabab anjeuna sabar, shaleh, yakin, bijak, jujur, tur gedé pangampura
- kabéh tokoh anu kasebut dina carita ieu boga carita anu hadé akhirna. Contona Nabi Yusuf AS. anu meunang posisi politik anu penting, bapana anu buta jadi bisa ningali deui, dulur-dulur anu ngajerumuskeun anjeuna akhirna ngaku salah, kabéh anu sirik ka anjeuna jadi iman jeung daék dipimpin ku anjeuna.
Dina Surah Yusuf, dicaritakeun ogé perkara-perkara anu papalimpang saperti kaleungitan jeung miboga, kasedihan jeung kabungahan, kamiskinan jeung kebeungharan, jeung sajabana. Ieu nunjukkeun yén Al-Quran boga cara anu hadé jang ngajarkeun manusa ngeunaan kahirupan, nyaéta tina ngajelaskeun kisah atau carita tuladan.
Catetan Suku
[édit | édit sumber]- ↑ An Enlightening Commentary Into the Light of the Holy Qur'an, Volume 7. Lulu Press, Inc. 2014. pp. 248–249. ISBN 1312523255.