Aksén
Aksén téh sarua ma'nana jeung accentum (Latin), accentus (perancis), nyaéta tekanan sora ti huruf,suku kata,kata nutangtu, anu salaku tekanan kata. Aksén tina hubungan ieu nimbulkeun dua pangartian nyaéta aksén dina bahasa lisan jeung nulis. beda ti bahasa jeung sastra nulis di jerona tiasa dimangfaatkeun tanda - tanda maca, diakritis keur nékankeun maksad panulis, dina bahasa jeung sastra lisan aksén anu nyekél peranan penting. Dina bahasa Lisan aksén tiasa ngubah makna, Kawas kata "Indit ayeuna oge!" anu diucapkeun cing tarik atawa sabalikna biasa hungkul. Sabalikna dina bahasa nulis, dina umumna henteu ngubah harti, jadi bahasa Indonésia disebut sabagai nondistingtif.
Sanajan kitu aya ogé sr kabiasaan yén tekanan kata jatuh dina suku panungtung dina kata - kata anu kawangun ti dua suku kata, sedéngkeun kata-kata anu kawangun ti leuwih dua suku, ku kituna aya tékanan nyaéta suku kadua ti tukang. Istilah lain anu muncul nyaéta Intonasi . Bedana, istilah panungtung ieu patali jeung aksén dina kalimat sacara kaseluruhan, deukeut patalina jeung irama. Dina karya sastra, aksén atawa intonasi gaduh péranan penting khususna dina seni deklamasi jeung rupa-rupa bentuk pambaca karya sastra lainna. Dina sastra leuber aksén, irama (ritme), jeung matra (metrum) nyékél peranan penting anu sacara kasaluruhan di sebat Guru lagu.[1]
Rujukan
[édit | édit sumber]
- ↑ Kutha Ratna, S . U, Prof (Em) Dr. Nyoman (2018). Ensiklopedia 2.000 Entri istilah Biografi karya Metode dan Teori Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. ISBN 978-602-229-743-7.