Atjoem Kasoem
Atjoem Kasoem nu gumelar di Kadungora, Garut 9 Januari 1916[1], anjeunna téh pangusaha nu boga toko tasma di jalan Braga, Bandung. Sateuacanna, jadi pagawé toko tasma nu bogana téh urang Jérman, Kurt Schlosser. Ti dinya anjeunna téh diajar ogé panyoalan tasma.
Ti saprak loba urang Jérman ditaréwakan ku pamaréntah Hindia Walanda, lajeng Kurt Schlosser kedah digentos kapamilikan toko tasma éta daék teu daék dibikeun ka pagawéna nyaéta Kasoem. Pas keur jaman pamaréntahan Jepang, Kasoem jadi urang pribumi mimiti nu boga toko tasma di Indonésia éta gé dibantosan ku Ki Hajar Déwantara panyoalan ngurus itu ieu da anjeunna caket jeng pamaréntah Jepang.
Taun 1960, Kasoem indit ka Jérman Barat jang diajar. Lajeung pas tos balik deui ka Indonésia, anjeunna pas taun 1974 ku artos 69 juta téh ngabangun pabrik lénsa tasma nu aya di Kawédanan Lélés, Garut, diistrénan taun 1974. Kasoem ngantunkeun kaping 17 Juni 1979.[2]
Pamaréntah Indonésia méré pangajén alatan jadi panaratas optik di Indonésia.[3]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ "Atjoem Kasoem". tirto.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2021-09-15.
- ↑ Matanasi, Petrik. "Atjoem Kasoem dan Kacamata untuk Para Pendiri Bangsa". tirto.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2021-09-15.
- ↑ "About us – Kasoem Vision Care" (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2021-09-15. Archived 2021-09-13 di Wayback Machine